Asa untung kaluar ti tempat pagawean baheula tti.co.id taun 2002 (bari jeung
sedih kudu paturay jeung KUSNET anu unggal poe ditongkrongan asa geus jeung
batur sapiulinan atuh da, sabab gawe sapopoena ngan nongkrongan kusnet wungkul,
gawena ngan sa dur sakali).
Kunon kitu ?
Enya simkuring mah kaluar teh masih kabagean duit pasangon + duit itu iyeu
kajeun ah ngan 1-PMTK ge, utamana mah bisa di pake modal usaha tur mayeng tina
hasil pesangon eta.
Ari kadieuna keun ?
Enya saprak ditutup order ku batur teh … eta perusahaan dinyatakeun pailit.
Sanajan ari kacaritakeun mah dina eta grup teh aya mangpuluh-puluh parusahaan
tetep weh ceuk nu bogana kudu ditutup. Pangusaha embung mere pesangon, buruh
tetep nungtut pesangon, nepi ka jalur hukum ditarekahan tur meunang di P4P
cenah.
Kabagen pesangona ? Alhamdulillah cenah HEUNTEU.
Basa arulin ka tempat gawena baheula deui teh, (eta perusahaan anu ceuk kuring
tukang kurulang-kuriling di eta lokasi , luasna mah sakitar 11 hektar. Apal so
teh pedah tukang gambar jadi sok ukar-ukur ka sakabeh tempat, tepi ka liang
beurit atawa liang sireum) geus rata jeung taneh, siga ACEH basa keuna
TSUNAMI, euweuh tunggul sahiji-hiji acan. Istuning beak kabeh eta bangunan teh.
Har … kamana urutna jeung ku saha duit hasil jujualana ? Duka teuing.
Duh…. Almamaterku !!!
Denk’s
___________________________________________________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail.
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/