Bah lamisjan geus lila di rawat di rumah sakit, ceuk dokter asmana
geus kronis, irungna nepikeun ka di pasang selang alat bantu nafas.
Geus sababaraha poe ieu Bah lamsijan cicing wae, awakna teu oyag
saeutik-eutik  acan, panon na wungkul anu katempo culak cileuk.
Disangka geus waktuna maot , anakna ngageroan Pak Lebe ameh diduakeun
 Keur  pak Lebe anteng ngadua, ojol-ojol bah Lamsijan ngarenghap tarik
pisan, teu bisa ambekan beungeutna pias lir kapas make bahasa isyarat
bah lamsijan menta pulpen jeung kertas , Anak na ngarti rikat mawa
pulpen jeung kertas tuluy di bikeun ka bah lamsijan make tanaga
pangbeakan bah lamsijan nulis  surat.
Ku pak Lebe eta surat tuluy dipesakkan , asan teh  kurang merenah
lamun harita keneh maca surat wasiat Saenggeus mesakan surat pak lebe
tuluy  ngadua deui
Teu lila nyaan wae bah lamsijan maot , loba nu ngarasa kaleungitan
sanajan bah lamsijan kawentar barangasan tapi jero hatena mah bageur
 Pas salametan tujuh poena Bah lamsijan, Pak Lebe oge di ondang
Saenggeus mimpin dua , pak lebe kakara inget yen manehna make baju
koko anu dipake poe-an bah lamsijan maot apan dina saku na aya surat
wasiat  aduh untung inget ceuk pak lebe na jero hate
 "Dulur-dulur kabeh , ieu aya surat wasiat ti almarhum bah lamsijan
anu can ditepikeun ka dulur kabeh, mun nempo sareat na bah lamsijan
siganamah eusina nasehat keur anak2 na sok geura urang dibaca sing
tarik  dengekeun Tuluy pak lebe ngodok saku ngaluarkeun surat , tuluy
dibaca tarik , sing horeng eusina teh

" EUY LEBE PINDAH, MONTONG NANGTUNG DINA  SELANG OXIGEN AING, "

Kirim email ke