HAHAHAHA...100x....hag tah...!! Tanggung jawab tah LEBE, nincak selang oxigen nepi si mbah Maot kitu.....heueheueheu, Kacidaaa....
--- On Tue, 12/2/08, kunkun sobirin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: kunkun sobirin <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] selang oxygen To: [email protected] Date: Tuesday, December 2, 2008, 4:26 PM Bah lamisjan geus lila di rawat di rumah sakit, ceuk dokter asmana geus kronis, irungna nepikeun ka di pasang selang alat bantu nafas. Geus sababaraha poe ieu Bah lamsijan cicing wae, awakna teu oyag saeutik-eutik acan, panon na wungkul anu katempo culak cileuk. Disangka geus waktuna maot , anakna ngageroan Pak Lebe ameh diduakeun Keur pak Lebe anteng ngadua, ojol-ojol bah Lamsijan ngarenghap tarik pisan, teu bisa ambekan beungeutna pias lir kapas make bahasa isyarat bah lamsijan menta pulpen jeung kertas , Anak na ngarti rikat mawa pulpen jeung kertas tuluy di bikeun ka bah lamsijan make tanaga pangbeakan bah lamsijan nulis surat. Ku pak Lebe eta surat tuluy dipesakkan , asan teh kurang merenah lamun harita keneh maca surat wasiat Saenggeus mesakan surat pak lebe tuluy ngadua deui Teu lila nyaan wae bah lamsijan maot , loba nu ngarasa kaleungitan sanajan bah lamsijan kawentar barangasan tapi jero hatena mah bageur Pas salametan tujuh poena Bah lamsijan, Pak Lebe oge di ondang Saenggeus mimpin dua , pak lebe kakara inget yen manehna make baju koko anu dipake poe-an bah lamsijan maot apan dina saku na aya surat wasiat aduh untung inget ceuk pak lebe na jero hate "Dulur-dulur kabeh , ieu aya surat wasiat ti almarhum bah lamsijan anu can ditepikeun ka dulur kabeh, mun nempo sareat na bah lamsijan siganamah eusina nasehat keur anak2 na sok geura urang dibaca sing tarik dengekeun Tuluy pak lebe ngodok saku ngaluarkeun surat , tuluy dibaca tarik , sing horeng eusina teh " EUY LEBE PINDAH, MONTONG NANGTUNG DINA SELANG OXIGEN AING, "

