Tah mun dongengna kieu ..satuju pisan...ngan hanjakalna teh loba pisan jelema anu kalakuan nana sapertos anu dijejer beaskeun ku Kang Irpan ieu. Teuing rek kamarana nya maranehna ? Eta dina pengemar motor oge..aya motor leutik ( 200 cc) tapi panampilan siga Moge...di moge2keun, meuli itu..meuli ieu..heureuyna cenah ngarana teh "motor leutik digede2keun". Terus aya deui mobil Daihatsu tapi grill mesin na BMW atanapi Mercedez...Enya meureun gengsi atawa hobby ?
On 12/3/08, irpan wrote: > > Gengsian: > Lamun aya jalma dahar di nu hajatan, nyokot sangu saeutik, didahar > tapi teu dibeakeun. eta jalma gengsian. > lamun aya jalma penghasilana ngan 1 jt/bulan, tapi make HP comunicator > bari ngeusian pulsa ngan kuat 10 rb, eta jalma gengsian. > lamun aya jalma di imah dahar jeung beuleum asin, tapi ka babaturan so > nraktir, eta jalma gengsian. > > Aya deui anu kaasup gengsi teh jalma anu ngalakukeun hal anu "memang > umumna kitu". misalna, umumna jalma lamun gawe di gedung bertingkat di > kawasan sentra bisnis, lamun sarapan tangtu ngopi di StarBucks. Sanajan > eta jalma pangkatna ngan ukur resepsionis, tapi ku sabab digawe di > gedung bertingkat, atuh gengsi lamun sarapan bubur ayam dina gerobak. > ngabelaan gengsi manehna meuli kopi di StarBucks. > > Aya deui anu dahar di restoran padang. Teu sampurna lamun manehna teu > nginum Es Teh Manis. Padahalmah dikantor tempat gawena aya dapur, > manehna bisa nyieun sorangan Es Teh Manis atawa nitah OB. tapi manehna > ngarasa gengsi lamun dahar, nginumna cai herang. > > Pendekna, gengsian teh lamun manehna resep make "kedok", akal sehatna > jarang dipake, hayang katangar leuwih tina kamampuhan sabenerna. > > Sapanjang manehna teu bisa ngukur ka kujur, ngabelaan "harga diri" > (harga diri didieu = gengsi). maka manehna moal eureun "memperhebat" > dirina. Atawa usaha satekah polah supaya katingali "hebat". > Anu ahirna manehna beuki jauh kasered ku arus gaya hirup anu nyilakakeun. -----------X diteukteuk k#5

