sok janten sararedih nya. budaya urang sorangan meni teu gaduh tempat di nagara na sorangan.Simkuring gaduh usul kumaha samentawis waktos ieu mah urang sadayana urang ngadokumentasikan bae heula.Sagala rupi anu ngeunaan sajarah kabudayaan Sunda (hususna).Teu langkung sewang sewangan.bade mangrupi tulisan,photo,audio video. nupenting mah kempelkeun bae heula. iraha iraha urang guar sasarengan. satuju teu?Maksad simkuring,urang ngaleungitkeun istilah sirna terlindas jaman. Simkuring gaduh cita cita gaduh toko sapertos Mirota Batik anu aya di Jogja, Salian ti icalan eta toko teh tiasa oge janten sumber informasi sagala rupi ngeunaan Kasundaan.Ti mimiti raksukan,kujang materi audio video, jrrd.tapi tempat na kedah di puser dayeuh atanapi di salah sahiji dtw.
________________________________ From: agni malagina <[EMAIL PROTECTED]> To: urang sunda <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Friday, December 5, 2008 5:02:57 PM Subject: [Urang Sunda] Ruwatan Bumi Punten... Abdi ngiring ngintunkeun cerita anu tos lami abdi hoyong kintunkeun ka milis Punten, berhubung pada waktu itu Kang Mumu nuju teu tiasa alih bahasa, abdi teu ngintunkeun, malu tidak berbahasa Sunda. Punten... salam, agni Seri Road to Holyland: Nagrak Ruwatan Bumi, Romantismeu Seni Tradisi Januari 2008 minangka bulan pinuh ritual pikeun ngedalkeun rasa sukur ka Pangeran ku sabab ngaleuyana hasil panen. Si kuring masih inget keneh kana mangsa-mangsa nutup lalampahan Seren Taun Cigugur nu ngaakomodir ragemna sukubangsa jeung agama di Cigugur. Si kuring diajak ku salahsaurang babaturan ti STSI pikeun datang ka acara Ruwatan Kampung Banceuy, Subang. Harita teh si kuring nolak eta ajakan ku sabab geus boga agenda rek nempo Upacara Tutup Taun ngemban Taun di Cirendeu nu cenah mah masih ngaafiliasi ka Cigugur. Duka aya naon tah, sobat ti Bandung TV ngadadak ngajak ka kampung Nagrak dina tanggal 16 Januari 2007 keur miluan upacara Ruwatan Bumi. Lalampahan teh dimimitian ku ngadagoan kru Bandung TV ngajemput si kuring di Toko Buku Baca-Baca nu ayana di Sabuga. Tabuh 5 isuk-isuk sobat-sobat nu ceria wae teh daratang. Kang Kiwil langsung wae nyemprung mawa mobil jeung 4 urang nu ngakuna kopilot ka arah Lembang-keun. Si kuring spk kungsi istirahat di imah salah saurang 'penggerak pariwisata' Nagrak bari nyaneut ulen bumbu lada jeung samangkok bubur hayam. Tirisna hawa lembang eta isuk teu karasa nyelekit teuing kana awak, riweuh-paciweuhna jelema di pasar Lembang ge jadi 'kompor' hawa harita. Jam 7 si kuring spk bral miang ka Nagrak. Ti saprak ngaliwatan taman wisata Sari Ater, jalan teh terus nanjak jeung turun aspalna henteu paripurna. Bocel-bocel jalanan ge beuki dipaparah ku kayaan leueur sanggeus diguyur hujan. Ngan memang kaparigelan Kang Kiwil mawa mobil geus teu kudu diragukan deui. Duka kumaha carana, manehna bisa ngayakinkeun si kuring nu diuk di jok hareup yen manehna bisa diandelkeun. Jeung deui asa geus jleg bae, mobil teh geus aya di hareupeun bale desa Nagrak. Ruwatan Bumi Kampung Nagrak taun 2008 ieu teh upacara nu dilaksanakeun ka-63 kalina. Taun 2008 ieu kawilang upacara ruwatan nu istiwewa sabab dina ieu ruwatan nu dikuburkan teh hulu munding. Biasana mah tiap taun nu dikuburkeun teh hayam, ngan tiap tilu taun sakali ngagunakeun hulu munding. Nurutkeun kapala desa Nagrak, Bapa Dadang, Upacara Ruwatan Bumi ieu teh mibanda harti nu loba keur warga Nagrak mah, nya eta pikeun simbol ucapan syukur ka Pangeran kana ngaleuyana hasil panen, pangeling-ngeling warga ka karuhunna, ngajaga persatuan warga, jeung ngadeukeutkeun warga Nagrak ka alam sabudeureunana. Jam 9, sanggeus sakabeh sasajen jeung nu ngadukung acara siap, upacara ngarak hulu munding ka makam Eyang Embah Raden pikeun jarah dimimitian. Arak-arakan dimimitian ku kuda nu ditungtun ku 2 urang ibu bari mayungan si kuda. Dituturkeun ku jampana hulu munding, pamaen gambyung, 2 kuda nu ditunggangan kapala desa jeung pajabat desa, arak-arakan warga jeung barudak, sarta dipungkas ku rombongan kuda lumping. Lalampahan teh cukup jauh, ngaliwatan pasawahan nu hejo ngemploh jeung cai nu cur-cor, taneuh subur, cai nu ngamalir, jeung girimis. Bau taneuh nu pangsegerna poe eta kaangseu. Lalampahan ka makan Eyang Embah Dalem mibanda makna ritual, nya eta lalampahan perjuangan mieling karuhun sakaligus munajat ka Gusti Nu Murbeng Alam, ngucap syukur kana sagala nikmat jeung karunia-Na, sarta neneda kasalametan jeung kasajahtraan pikeun taun hareup. Sanggeus jarah, rombongan teh balik deui ka desa Nagrak, neruskeun upacara lianna, nya eta numbal, melak hulu munding di puseur desa. Upacara ngubur hulu munding diluluguan ku Bapa Kalsim jeung Bapa Dusim, sesepuh Kampung Nagrak. Taneuh hiji kali hiji meter geus digali. Hiasan sawen ge geus ngagantung. Di sagedengeun eta liang hulu munding geus "numpra" jadi tulang-taleng warnana geuneuk semu hideung. Eta tulang teh dikubur tilu taun ka tukang. Pa Kalsim maca rajah pamunah jeung sababaraha doa agama Islam, terus nyelipkeun duit receh kana kalapa ngora, tuuy ngasupkeun eta kalapa kana liang. Ti dinya Anjeunna ngasupkeun bungbu dapur saperti cabe, cikur, uyah, kalapa, beas, endog, jeung cau. Saterusna hlu munding ditumpangkeun di luhureun eta sasajen. Taneuh ditutup. Tiwu jeung hanjuang ditancebkeun jadi tetengger yen warga kudu mieling naon nu kudu jadi ciri khas jiwa maranehna. Pamungkas, maranehna nyiram eta taneuh ku cai ti matacai pangdeukeutna kalayan harepan supaya hate warga masyarakat Nagrak tetep tiis. Sakabeh sasajen nu digunakeun dina ieu acara dimaknaan ku masyarakat Nagrak minangka hal nu sakral. Misalna wae bungbu dapur nu digunakeun; eta teh diibaratkeun yen runtuyan lalakon hirup teh mibanda rasa ibarat rasa dina bungbu dapur. Aya pedes, asin, pahang, amis, pait, panas, jeung tiis. Yen hirup teh pinuh ku rupa-rupa warna jeung rasa, susah-bungah- nalangsa- bagja- beunghar-miskin, ngan eta sakabehna teh aya dina hiji tempat, nya eta di desa Nagrak. Cau hejo dimaknaan minangka hasil bumi nagrak nu terus buahan bari teu kawengku ku usum. Endog hayam mangrupa tanda yen ieu hirup teh mibanda asal jeung tangtu bakal balik deui ka asal, ngajadikeun warga kudu tetep waspada. Sakabeh sasajen nu disadiakeun oge mangrupa sasajen keur karuhun. Kadaharan nu dipikaresep karuhun disayagikeun. Hidangan puncak manik jadi puseur harepan. Kacida romantisna. Kawasna Nagrak perlu ngamekarkeun diri pikeun jadi salah sahiji sentra kesenian jeung karajinan. Kasenian nu aya dina khasanah kabeungharan seni nagrak ge rupa-rupa pisan: tari, jaipong, gambyung, wayang, terebang, gambyung sapingping jeung sajabana ti eta, sapertina lambat-laun mah bakal paeh dilindes jaman. Duka saha nu bakal mawa eta kamonesan ka pentas nasional atawa ka pentas dunya. Meureun kasenian tradisional sabangsa kieu teh bakal kageser ku caweuhna seni modern nu jadi ikon globalisasi. Si lokal bakal ngajengkang atawa tikosewad ku batu-batu geder efek imah kaca. Salah sahiji curhatan warga basa ditanya, "Pa, naha kasenian di dieu tiasa manggung di taman Sari Ater?" Dijawab, "Wah….nu bisa tampil di ditu mah pilihan. Seni tradisi mah teu tiasa tampil, pan urang kampung nu maenna ge. Sedengkeun nu nongton di ditu mah urang kota sadaya." Kawas nu disamber kilat ngadenge jawaban model kitu teh. Hh…tapi naon nu bisa dipigawe ku si kuring spk pikeun seni tradisi? Ngan bisa ngedalkeun eusi hate wungkul. Can deui si kuring spk ngadenge curhatan salah saurang warga nu milu dahar sangu koneng di imah Kapala Desa Nagrak mangsa harita. "Desa kami teh pengrajin ukiran kayu. Lucu-lucu. Tapi dibeuli ku urang kota dina partey gede jeung barang-barang kami nepi ka luar negeri. Tapi urang ditu meuli ti kami hargana murah pisan." Si kuring ngajawab, "Nya kitu bisnis mah, Pa. Kumaha bejana koperasi?" Dijawab, "Geus paeh." Duka kumaha deui Nagrak bisa nangtung make sukuna sorangan? Naha pamarentah daerahna bakal ngabantu ngajadikeun Nagrak jeung desa-desa di sabudeureunana jadi pusat seni jeung karajinan? Duka….si kuring ngan gegerenyeman… .."Hiji poe nu bakal datang…mungkin hiji poe nu bakal datang." Ieu lalampahan Road to Holyland teh can bisa keneh ngajawab pananya-pananya ti seri kahiji RTHL. Lalampahan jeung neangan teh masih bakal terus lumangsung. Leumpang, leumpang wae…teu kudu neangan…nu penting mah ngahadirkeun tradisi masarakat di tatar Sunda kalawan jujur. Salam, Agni Malagina <embed src="http://images. multiply. com/multiply/ horizontal- headshot- badge.swf" type="application/ x-

