Punten...
Abdi ngiring ngintunkeun cerita anu tos lami abdi hoyong kintunkeun ka milis
Punten, berhubung pada waktu itu Kang Mumu nuju teu tiasa alih bahasa, abdi teu 
ngintunkeun, malu tidak berbahasa Sunda.
 
Punten...
salam, 
agni

 
Seri Road to Holyland:
Nagrak Ruwatan Bumi, Romantismeu Seni Tradisi
 
 
Januari 2008 minangka bulan pinuh ritual pikeun ngedalkeun rasa sukur ka 
Pangeran ku sabab ngaleuyana hasil panen. Si kuring masih inget  keneh kana 
mangsa-mangsa nutup lalampahan Seren Taun Cigugur nu ngaakomodir ragemna 
sukubangsa jeung agama di Cigugur. Si kuring diajak ku  salahsaurang babaturan 
ti STSI pikeun datang ka acara Ruwatan Kampung Banceuy, Subang. Harita teh si 
kuring nolak eta ajakan ku sabab geus boga agenda rek nempo Upacara Tutup Taun 
ngemban Taun di Cirendeu nu cenah mah masih ngaafiliasi ka Cigugur. Duka aya 
naon tah, sobat ti Bandung TV ngadadak ngajak ka kampung Nagrak dina tanggal 16 
Januari 2007 keur miluan upacara Ruwatan Bumi.
Lalampahan teh dimimitian ku ngadagoan kru Bandung TV ngajemput si kuring di 
Toko Buku Baca-Baca nu ayana di Sabuga. Tabuh 5 isuk-isuk sobat-sobat nu ceria 
wae teh daratang. Kang Kiwil langsung wae nyemprung mawa mobil jeung 4 urang nu 
ngakuna kopilot ka arah Lembang-keun. Si kuring spk kungsi istirahat di imah 
salah saurang 'penggerak pariwisata' Nagrak bari nyaneut ulen bumbu lada jeung 
samangkok bubur hayam. Tirisna hawa lembang eta isuk  teu karasa  nyelekit 
teuing kana awak, riweuh-paciweuhna jelema di pasar Lembang ge jadi 'kompor'  
hawa harita.
Jam 7 si kuring spk bral miang ka Nagrak. Ti saprak ngaliwatan taman wisata 
Sari Ater, jalan teh terus nanjak jeung turun aspalna henteu paripurna. 
Bocel-bocel jalanan ge beuki dipaparah ku kayaan leueur sanggeus diguyur hujan. 
Ngan memang kaparigelan Kang Kiwil mawa mobil geus teu kudu diragukan deui. 
Duka kumaha carana, manehna bisa ngayakinkeun si kuring nu diuk di jok hareup 
yen manehna bisa diandelkeun. Jeung deui asa geus jleg bae, mobil teh geus aya  
di hareupeun bale desa Nagrak.
Ruwatan Bumi Kampung Nagrak taun 2008 ieu teh upacara nu dilaksanakeun ka-63 
kalina. Taun 2008 ieu kawilang upacara ruwatan nu istiwewa sabab dina ieu 
ruwatan nu dikuburkan teh hulu munding. Biasana mah tiap taun nu dikuburkeun 
teh hayam, ngan tiap tilu taun sakali ngagunakeun hulu munding. Nurutkeun 
kapala desa Nagrak, Bapa Dadang, Upacara Ruwatan Bumi ieu teh mibanda harti nu 
loba keur warga Nagrak mah, nya eta pikeun simbol ucapan syukur ka Pangeran 
kana ngaleuyana hasil panen,  pangeling-ngeling warga ka karuhunna, ngajaga 
persatuan warga, jeung ngadeukeutkeun warga Nagrak ka alam sabudeureunana. 
Jam 9, sanggeus sakabeh sasajen jeung nu ngadukung acara siap, upacara ngarak 
hulu munding ka makam Eyang Embah Raden pikeun jarah dimimitian. Arak-arakan 
dimimitian ku kuda nu ditungtun ku 2 urang ibu bari mayungan si kuda. 
Dituturkeun ku  jampana hulu munding, pamaen gambyung, 2 kuda nu ditunggangan 
kapala desa jeung pajabat desa, arak-arakan warga jeung barudak, sarta 
dipungkas ku rombongan kuda lumping. Lalampahan teh cukup jauh, ngaliwatan 
pasawahan nu hejo ngemploh jeung cai nu cur-cor, taneuh subur, cai nu ngamalir, 
jeung girimis. Bau taneuh nu pangsegerna poe eta kaangseu. Lalampahan ka makan 
Eyang Embah Dalem mibanda makna ritual, nya eta lalampahan perjuangan mieling 
karuhun sakaligus munajat ka Gusti Nu Murbeng Alam, ngucap syukur kana sagala 
nikmat jeung karunia-Na, sarta neneda kasalametan jeung kasajahtraan pikeun 
taun hareup. Sanggeus jarah, rombongan teh balik deui ka desa Nagrak, neruskeun 
upacara lianna, nya eta numbal,  melak hulu
 munding di puseur desa.
Upacara ngubur hulu munding diluluguan ku Bapa Kalsim jeung Bapa Dusim, sesepuh 
Kampung Nagrak. Taneuh hiji kali hiji meter geus digali. Hiasan sawen ge geus 
ngagantung. Di sagedengeun eta liang hulu munding geus "numpra" jadi 
tulang-taleng warnana geuneuk semu hideung. Eta tulang teh dikubur tilu taun ka 
tukang. Pa Kalsim maca rajah pamunah jeung sababaraha doa agama Islam, terus 
nyelipkeun duit receh   kana kalapa ngora, tuuy ngasupkeun eta kalapa kana 
liang. Ti dinya Anjeunna ngasupkeun bungbu dapur saperti cabe, cikur, uyah, 
kalapa, beas, endog, jeung cau. Saterusna hlu munding ditumpangkeun di luhureun 
eta sasajen. Taneuh ditutup. Tiwu jeung hanjuang ditancebkeun jadi tetengger 
yen warga kudu mieling naon nu kudu jadi ciri khas jiwa maranehna. Pamungkas, 
maranehna nyiram eta taneuh ku cai ti matacai pangdeukeutna  kalayan harepan 
supaya hate warga masyarakat Nagrak tetep tiis. Sakabeh sasajen nu digunakeun 
dina ieu acara dimaknaan ku masyarakat
 Nagrak minangka hal nu sakral. Misalna wae bungbu dapur  nu digunakeun; eta 
teh diibaratkeun yen runtuyan lalakon hirup teh mibanda rasa ibarat rasa dina 
bungbu dapur. Aya pedes, asin, pahang, amis, pait, panas, jeung tiis. Yen hirup 
teh pinuh ku rupa-rupa warna jeung rasa, 
susah-bungah-nalangsa-bagja-beunghar-miskin, ngan eta sakabehna teh aya dina 
hiji tempat, nya eta di desa Nagrak. Cau hejo dimaknaan minangka hasil bumi 
nagrak nu terus buahan bari teu kawengku ku usum. Endog hayam mangrupa tanda 
yen ieu hirup teh mibanda asal jeung tangtu bakal balik deui ka asal, 
ngajadikeun warga kudu  tetep waspada. Sakabeh sasajen nu disadiakeun oge 
mangrupa sasajen keur karuhun. Kadaharan nu dipikaresep karuhun disayagikeun. 
Hidangan puncak manik jadi puseur harepan. Kacida romantisna.
Kawasna Nagrak perlu ngamekarkeun diri pikeun jadi salah sahiji sentra kesenian 
jeung karajinan. Kasenian nu aya dina khasanah kabeungharan seni nagrak ge 
rupa-rupa pisan: tari, jaipong, gambyung, wayang, terebang, gambyung sapingping 
jeung sajabana ti eta, sapertina lambat-laun mah bakal paeh dilindes jaman. 
Duka saha nu bakal mawa eta kamonesan ka pentas nasional atawa ka pentas dunya. 
Meureun kasenian tradisional sabangsa kieu teh bakal kageser ku caweuhna seni 
modern nu jadi ikon globalisasi. Si lokal bakal ngajengkang atawa tikosewad ku 
batu-batu geder efek imah kaca.
Salah sahiji curhatan warga  basa ditanya, "Pa, naha kasenian di dieu tiasa 
manggung di taman Sari Ater?"
Dijawab, "Wah….nu bisa tampil di ditu mah pilihan. Seni tradisi mah teu tiasa 
tampil, pan urang kampung nu maenna ge. Sedengkeun nu nongton di ditu mah urang 
kota sadaya."
Kawas nu disamber kilat ngadenge jawaban model kitu teh. Hh…tapi naon nu bisa 
dipigawe ku si kuring spk pikeun seni tradisi? Ngan bisa ngedalkeun eusi hate 
wungkul.
Can deui si kuring spk ngadenge curhatan salah saurang warga nu milu dahar 
sangu koneng di imah Kapala Desa Nagrak mangsa harita.
"Desa kami teh pengrajin ukiran kayu. Lucu-lucu. Tapi dibeuli ku urang kota 
dina partey gede jeung barang-barang kami nepi ka luar negeri. Tapi urang ditu 
meuli ti kami hargana murah pisan."
Si kuring ngajawab, "Nya kitu bisnis mah, Pa. Kumaha bejana koperasi?"
Dijawab, "Geus paeh."
Duka kumaha deui Nagrak bisa nangtung make sukuna sorangan? Naha pamarentah 
daerahna bakal ngabantu ngajadikeun Nagrak jeung desa-desa di sabudeureunana 
jadi pusat seni jeung karajinan? Duka….si kuring ngan gegerenyeman….."Hiji poe 
nu bakal datang…mungkin hiji poe nu bakal datang."
Ieu lalampahan Road to Holyland teh can bisa keneh ngajawab pananya-pananya ti 
seri kahiji RTHL. Lalampahan jeung neangan teh masih bakal terus lumangsung. 
Leumpang, leumpang wae…teu kudu  neangan…nu penting mah ngahadirkeun tradisi 
masarakat di tatar Sunda kalawan jujur.
 

Salam,

Agni Malagina 
 
 
 


<embed src="http://images.multiply.com/multiply/horizontal-headshot-badge.swf"; 
type="application/x-


      

Kirim email ke