Naha atuh, ari keur kitu. Ana sewur-sewur teh ti luar. Sumawonna ari kana kenteng mah ting paralak, ka imah ge asup. Aya nu ngawuran ku taneuh beureum. Taneuh garing siga ti kuburan. Sarerea ngadegdeg kawas nu ngadak-ngadak muriang keur nirisan. Rupa beungeut sakur nu aya sepa. Jeung teu aya nu wani kecet-kecet. Sumawonna nyoara sakecap ge. Iwal ti mireungeuh. Ma Ecoh anu maheuman deui panglay. Tapi ajaib jadina teh matak seuri mun teu keur kitu mah. Eta Ma Ecoh teh make kaliru. Nu dialungkeun kana bahamna teh rek digayem horeng lain panglay, tapi sisigna. Eta deui ku geus otomatis eta meureun, ari lep aya nu kana letah ari maen bae eta mesin gilingna. Atuh puguh be nya pait nya banget da sisigna teh bako tampang anu beken bangetna bako tampang Si Guyur teh wedalan Ciawi tea. Rupana bae ari karasa paitna jeung bangetna bako. Ras nyaah lamun diburakeun teh da lain panglay tea. Kumaha jadina?
Saha nu ngawur-ngawur taneuh? Saha Ma Ecoh? Naha enya aya Jin ngamuk nguwak-ngawik gara2 carogena ditelasan (teu dihaja) ku Kiai? Kango carios lengkepna mangga di aos di http:// densulaeman.blogspot.com Punten teu disundakeun, sanes waktos Insya Allah urang tarjamahkeun kana basa Indonesia sareng Basa Inggris. Ieu sanes carita bohong, tapi leres2 kajantenan ku pun Bapa ti taun 1939-1942). Mugia pun Bapa aya dina ginanjar kawilujengan, sanaos ayeuna sering teu damang kumargi yuswa anu tos sepuh. Mangga nyanggakeun anu kapihatur. :)

