Kang Irpan...enggeus waras mah. Kari nunggu sidang euy... lila 
geuning prosesna.

--- In [email protected], "Dena" <denysuwarj...@...> wrote:
>
> Naha atuh, ari keur kitu.  Ana sewur-sewur teh ti luar.  Sumawonna 
> ari kana kenteng mah ting paralak, ka imah ge asup.  Aya nu 
ngawuran 
> ku taneuh beureum.  Taneuh garing siga ti kuburan.  Sarerea 
ngadegdeg 
> kawas nu ngadak-ngadak muriang keur nirisan.  Rupa beungeut sakur 
nu 
> aya sepa. Jeung teu aya nu wani kecet-kecet.  Sumawonna nyoara 
> sakecap ge.  Iwal ti mireungeuh.  Ma Ecoh anu maheuman deui 
panglay.  
> Tapi ajaib jadina teh matak seuri mun teu keur kitu mah.  Eta Ma 
Ecoh 
> teh make kaliru. Nu dialungkeun kana bahamna teh rek digayem horeng 
> lain panglay, tapi sisigna. Eta deui ku geus otomatis eta meureun, 
> ari lep aya nu kana letah ari maen bae eta mesin gilingna.  Atuh 
> puguh be nya pait nya banget da sisigna teh bako tampang anu beken 
> bangetna bako tampang Si Guyur teh wedalan Ciawi tea.  Rupana bae 
ari 
> karasa paitna jeung bangetna bako.  Ras nyaah lamun diburakeun teh 
da 
> lain panglay tea.  Kumaha jadina?
> 
> Saha nu ngawur-ngawur taneuh?
> Saha Ma Ecoh?
> Naha enya aya Jin ngamuk nguwak-ngawik gara2 carogena ditelasan 
(teu 
> dihaja) ku Kiai?
> 
> Kango carios lengkepna mangga di aos di http://
> densulaeman.blogspot.com 
> 
> Punten teu disundakeun, sanes waktos Insya Allah urang tarjamahkeun 
> kana basa Indonesia sareng Basa Inggris.
> 
> Ieu sanes carita bohong, tapi leres2 kajantenan ku pun Bapa ti taun 
> 1939-1942).
> Mugia pun Bapa aya dina ginanjar kawilujengan, sanaos ayeuna sering 
> teu damang kumargi yuswa anu tos sepuh.
> Mangga nyanggakeun anu kapihatur. :)
>


Kirim email ke