Ari barang ekspor anu bermerek mah..eta mah ngan sakadar lisensi..anu
"diusahakeun" di Indo teh ngan ngadamelna wungkul....Cost of good dina
material tos disupplai ku nu meser sebagey barang standard pabrik  anu di
kontrakkeun ka pabrik2 di Indo teh ngan ongkos ngadamelna. Naha di Indonesia
? Hoyong murah ? Jelas aya patalina sareng upah buruh. Pun anak lulusan S-2
Australi (niley sae) di pabrik Adidas spesial kanggo konsumsi Liga Eropa
(cenah pangaos sapatuna dugi ka $ 700 -1200/sapasang) ngan dihargaan gajih
Rp 1.7 juta/sasih ( $ 250/bulan waktos eta)  gross tangpa tunjangan. Janten
angtoskeun niley ekspor na teh hese/bingung, sapatuna loba, nileyna
leutik..tapi harga jualna ageung.

Beda sareng komoditas sanes anu asli sanes lisensi niley material + ongkos
sareng niley jualm patey besar..nya biasa wae normal teu jomplang. Ari biaya
iklan promosi kanggo Consumer goods mah tiasa dugi ka 50% tina "cost of
goods" Cbi tingal barang konsumsi umum di Indo oge tos tiasa nganggo iklan
selebriti..sabun Lux, motor bebek, extra joss, tolak angin..jrrd

On 12/11/08, Dian Nugraha <[email protected]> wrote:
>
>   Saur rerencangan mah cenah aya hiji deui parameter anu kedah diungkab
> ka publik teh nyaeta volume barang. Janten jumlah barang anu diekspor
> (sanes nilaina sacara dolar/rupiah). Ku cara kitu cenah urang bakal
> terang yen Indonesia teh volume eksporna langkung ti nagara-nagar
> sejen.
>
> Hanjakalna, pangaos unggal barang nu diekspor ku urang teh handap
> teuing (undervalued). Cobi pami urang tiasa naekkeun pangaos barang
> ekspor urang. Contona panginten samodel sapatu nike,adidas dsb. ku
> urang diekspor 1-3 dolar, tapi diical di eropa 40 dolar. Tangtos bakal
> karaos akibatna ka para buruh/karyawanna.
>
> Aya nu nyebatkeun cenah, ongkos mayar selebriti samodel Tiger Woods
> pikeun ngiklankeun produk teh langkung ageung batan total gaji
> buruh/karyawan produk eta di Indonesia.
>
> Salam,
> Dian.
>
> 2008/12/10 H Surtiwa:
> > Ari GDP mah per depinisi kedah current gross revenue dibagi rata2 jumlah
> > jalmi kanggo ngetang per kapita. janten bener2 gross kalebet pandapatan
> > kulantaran harga inflasi (parobahan niley artos kulantaran waktos). Mun
> bade
> > didepinsikeun ka taun ayeuna kanggo ngukur kinerja tau2 anu bade disorang
> > tiasa...nyaeta kedah nganggo ngalebetkeun paktor inflasi tiap taun2
> atanapi
> > ditangtoskeun wae niley diskonto rata2 tiap taun anu nyaketan kana niley
> > inflasi misal 8%. Engke pangdapatan gross 2009,2009,2010....2030 dietang
> > didiskontokeun ka taun 2008. Teras ditingali naha ekonomi teh tuwuh
> atanapi
> > ambles..Raraosan abdi mah nyirorot kumargi fundamental ekonomi lemah
> > lantaran interest bakal 2 digit wae anteng.
>  
>

Kirim email ke