Asa aya "versi" Tawa Sutra ANTV ieu dongeng teh,mun teu salah adegan si Inul jeung baturna ..Heula mana nya?
--- On Mon, 12/15/08, Budak_baong <[email protected]> wrote: From: Budak_baong <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Si Kabayan jeung Nyi Iteung To: [email protected] Date: Monday, December 15, 2008, 11:53 AM Iteung : Keur naon akang mani serius kitu..?? Kabayan : Puguh keur nonton TV ieu teh, tuh tingali film na mani rame kitu. Iteung : Euluh enya geuning film na rame pisan, cik kang teguh geura eta anu naek motorna labuh moal? kabayan : Moal atuh Iteung, maenya labuh mah sakitu jagona manehna teh. Itung : ceuk Iteung mah pasti labuh.. Kabayan : Ah maneh mah nyanyahoanan wae... Teu lila bener we eta anu numpak motor teh labuh da aya liang di tengah jalan. Iteung : Tuh nya kang ceuk Iteung ge labuh... Kabayan : Heueuh euy bener pinter maneh Iteung. Dasar atuh eta nu tumpak motor belegug... Iteung : Lain kitu kang, Iteung mah geus nonton film eta mah minggu kamari Kabayan : Har, da aing oge geus kungsi nempo film ieu mah. Iteung : Naha atuh ari geus nempo teu bisa neguh ... Kabayan : Lain Iteung, aing mah sugan we jeung sugan eta anu tumpak motor apaleun pan kamari manehna jalan kadinya teh labuh da ya liang. Sugan we ayeuna mah manehna geus apal tapi buktina dasar jelema belegug geus puguh aya liang hayo we kadinya deui kadinya deui jalan teh. Iteung : ?????? (lieur mode on)

