Janten emut waktos jaman abdi nuju SD kelas V. Harita teh bade diayakeun piknik ti sakola ka Waduk Jatiluhur. Meredih ka pun bapa, palay dipanggaleuhkeun lancingan panjang, kaos & jeket enggal. Sadinten sateuacan mios, sagala tos sayogi, eh* ku pun biang diwagel, da ku melang tea.
Atuh puguh, mani handeueul pisan. Wengina udur, ngagebret panas. Pun biang pahibut, ngompres bari rawah riwih. Tengah wengi, abdi gundam* ngocoblak bari nangis. Pun biang naros,"Kuunaon nangis?" Antawis sadar teu sadar ku abdi diwaler,"Palay ka Menara Eiffel*.hiks*" Enjingna, panas tos rerep. Pun biang naros deui,"Pajar hayang ka Jatiluhur, naha jig-jig ka Menara Eiffel? Teu nyambung pisan...hahahahha*" Eta mah dugi ka ayeuna, pami pun biang nuju emuteun, sok diguar deui eta gundam teh heheh. InsyaAllah pami aya milik atanapi aya nu ngongkosan, abdi bade sindang ka bumi Kang Tata di Perancis, pangpangnamah pami teu hujan* da ayeunamah usum hujan hehehe.. ro2 >>> [email protected] 12/16/08 09:46PM >>> Diantos,

