Heheh... Beurat ari kudu didongengkeun mah, keur mah eukeur lalajona
pabaliut jeung budak... Wayahna... Mending maca bukuna Kang Iip geura, uing
ge can boga... hahahah

Intina mah ngeunaan katokohan anjeunna, naon bae ketak anjeunna mangsa
harita, boh ngeunaan kamerdikaan atawa di Paguyuban Pasundan. Luar biasa...
Katokohan anjeunna di Volksraad, terus di PPKI (asana mah). Draf UUD nagara,
usulan Sukarno & Hatta salaku capres & wakilna anu taya nu ngabantah...

Sakitu onjoy jalmana, sakitu gede jasana. ongkoh ngajabat mentri, tapi bisa
diculik & ditelasan kitu bae... bari jeung pangusutan kasusna jauh tina
nyugemakeun... Eta cenah istrina sababaraha waktu (sanggeus diiberan yen
carogena palastra) masih keneh ngarep2 carogena mulih...

Naha bet Oto? Salah culik? Asa teu bisa katarima...

On Mon, Dec 22, 2008 at 3:54 PM, irpan wrote:

>   udah gitu doang ?
> lain sakalian jieun summary-na.
> ameh baraya anu teu nongton bisa nyaho.
>
> cing cing cing kumaha cenah lalakonna?
>

Kirim email ke