ringkesan biografi  Oto Iskandardinata tanpa taun-paroho angka taunna mah.

pangawakan, jangkung badag.

redaksi koran Sipatahoenan, koran panggedena sahindia walanda harita.
koran make basa sunda. bayangkeun, harita koran panggedena sahindia
belanda teh koran basa sunda. 

jadi pupuhu paguyuban pasundan. nyieun bank pasundan, koperasi oge,
nyieun biro hukum,
salah saurang pengacarana, milu ngabela bung karno basa diadili di
landraad tea.

jadi anggota volksraad, dpr meureun ayeuna mah. pangvokalna.

jadi anggota bpupki, badan persiapan usaha2 kemerdekaan indonesia,
milu ngarumuskeun UUD 1945
terus anggota PPKI, panitia persiapan kemerdekaan indonesia. indonesia
geus merdeka, sidang PPKI rek ngayakeun voting, Oto nyarios dina sidang,
nu ngarasa teu perlu voting, anjeuna ngusulkeun bung karno jadi
presiden, langsung disatujuan ku anggota sejen, wakilna hatta oge
usulna nu langsung disatujuan

oto nu munggaran 'manggih' kecap Merdeka! harita Oto teu bari
ngeupeulkeun peureup cenah, justeru ramona muka, siga salam. beh dieu,
jadi peureup.

oto oge nu ngoreksi bung karno dina judul naskah proklamasi.
PROKLAMASI, ku bung karno asalna ditulisna MAKLUMAT.

diculik, ku cara ditelpon, yen Bung Karno di jkt menta datang.
kajadian nu biasa, BK sok nelpon ka Oto di bandung menta panggih,
atawa menghadap meureun. da status harita Oto menteri peperangan
(menhankam meureun ayeuna mah), BK presiden.

terusna cobi ketik oto iskandardinata di google. 


Kirim email ke