GERING GE COBAAN
Dina sagala rupa hal estu teu weleh papasangan, aya lalaki aya awewe,
jalu jeung bikangna, susah jeung senangna, terus kitu, mun ditataan gemet,
matak pinuh sakaca polio jigana, awak ge kitu pisan, sakapeung sehat oge aya
mangsana gering, teu ngabibisani eta ge, sapuluh poe kamari awak teh gering,
rampohpoy taya tangan pangawasa, ngalempreh ukur nyangsaya dina korsi panjang
hareupeun televisi, teu diuar-uar kaluar mah yen awak keur gering, komo ka
jamaah majlis ta’lim mah, jamaah masjid gigireun imah, angkanan teh lain-lain
nanaon, eta ku boga panyakit teh teu bisa masamoan.........
Da ayeuna mah kitu geuning, panyakit teh nepi bisa jadi jejer carita di
pasamoan atuh, panyakit bisa jadi barang ”lux”, malah panyakit teh bisa jadi
kabanggaan, geura perhatikeun obrolan sapopoe nu pernah diucapkeun :”Puguh tos
lami abdi teh jantung, numawi sok maksakeun olahraga ge, bari latihan.” Atawa
aya deui nu nanya, misalna :”Darah tinggi panyawat Bapa Anu teh kapungkur mah,
numawi ayeuna ”Struk” teh.” akh rupa-rupa panyakit we nu sering diobrolkeun
dipasamoan teh, aya nu jantung, darah tinggi, tumor, kangker, asam-urat, malah
beh dieu mah sok rada rame didongengkeun teh nu keuna ku Parkinson ge, bisa
jadi jejer obrolan.
Ari Abah, ceuk tadi ge, panyakit teh hese dibawana ka pasamoan, atuh da
panyakit bawa ti bubudak, nepi ka wanci kieu sok kalan-kalan jadi, malah ari
keur sakalieun jadi mah, sok nepi ka ngalempreh teu walakaya, ukur nyangsaya we
dina korsi, napas we renghap-ranjug, panyakit asma, malah lain asma disebutna
ge baheula mah, ”mengi” aya oge nu nyebut ”mengok”, atawa ”bengek”, aya oge nu
ku basa lemes nyaritana teh :”Ampeg Bapa Anu teh nu karaosna mah, tos rada
lami”, rarasaan mah teu ”elok” we mun diobrolkeun di pasamoan teh, panyakit
proletar eta mah cenah, padahal sok aya eta ge nu nyebut rada katingali
intelek, ”penyakit ispa” cenah, tapi da di lembur mah matak pungak-pinguk, naon
deui atuh ”penyakit ispa” teh , ku araraheng, cenah, padahal kitu-kitu keneh,
nu napasna kawas ucing tea mun keur jadi teh, ngaregeh.
Ari anu kaduana, Abah mah sok rada kaisinan wae diri teh, mun pareng
abreg-abregan nu ngalongok teh, sok era ku pada ngeuleuh-ngeuleuh na, da nya
kitu tea, sanajan enya ge ngalempreh teu bisa walakaya, da panyakit matuh tea,
komo mun merhatikeun pananya dina gunem catur nu keur ngalongok geuning, :”Naon
atuh nu karaos Bapa teh ?”, tah mun aya nu nanya kitu, sok karasa kagok
ngajawabna, matak mending keneh euweuh nu ngalongok we cekeng teh.
Enya ari sok pada nganaha-naha tea mah, pajar teh :”Yeuh kudu atoh mun pada
ngalongok teh, pan pada ngadu’akeun supaya tereh-tereh sehat deui”, tah lebah
dieuna, nu sok beda jeung batur teh, sok ngarasa rendah-diri, mani kudu pada
ngalongok sagala, kawas ka gegeden bae, cekeng teh. Paling ge nu sok dibejaan
teh, sobat medok we wungkul, batur ulin ti bubudak, kitu ge sok embung ari
dilongok mah, teu kudu ngalongok lah, engke cageur sorangan. Kitu ge
ngadongengnga dina telpon make SMS.
Dina keur nyoranganna kieu, nu ngabaturan teh nya taya deui iwal ti HP,
telepon keupeul cenah sawareh mah nyebutna teh, bari mukaan ”e-mail” dina
internet, jeung ngarah murah we deuih make HP mah pulsana, macaan ”millis”,
bari noongan tulisan batur, resep jiga aya batur ngobrol, kawas nu sehat we, nu
ngadongeng bari heureuy, kadangkala bari dibungbuan ku dongeng anu harib-harib
cawokah, aya wae nu nulis artikel rada hade, malah ti Paguyuban Warga Sunda
Medan mah sok jeung bari ngiriman da’wah Islam sagala dina ”Powerpoint”, ti
Makassar oge aya, malah jiga di urang we didieu kana HP teh pan sok rajeun nu
rek nipu mah teu kurang-kurang, geuning ujug-ujug jol weh aya SMS ”Selamat Anda
dapat hadiah anu, anu, anu...... disebutan, kana ”e-mail” kitu we teu beda, di
luar negri ge aya, aya ti Inggris, ti New Zealand, malah ti Afrika teu
kurang-kurang, nu ngirim e-mail ”Cangratulation ...... bla...bla...bla,
kadituna mah sarua we, rek
nipeng, cenah.
Atuh mun aya humor nu rada hade, biasana mah ti Kang Professor Rektor tah sok
matak nyakakak teh, sok digeuhgeuykeun sakapeung mah ku si Ambu, nu gering teh
masih keneh bisa nyakakak kitu, atuda mun geus kieu asa teu keur gering awak
teh, asa sehat we, asa loba batur deuih ongkoh, sanajan ukur noongan wungkul
eta teh, sok aya eta milu ngomentaran, tapi nya kitu we, ukur sautak-saeutik,
sacukup-cukup tina HP tea, ngarah teu gede teuing mayar pulsana.
Ngan sakali mah aya nu matak ngabiridig kana hate, lain gila, ngan rasa
kasundaan hate Abah ieu mah, asa henteu milu sedih kingkin, eta aya wanoja anu
dinyenyeri ku lalaki, nembrakkeun kanyeri hate-na make basa Indramayu, mun di
urang mah jiga ”Tangis Anjani” meureun, tapi ari make basa Indramayu mah,
rarasaan Abah bet asa maskulin pisan, teu asa feminin, teu asa jiga wanoja nu
keur dinyeyeri, asa gagah pisan, duka ketang mun wanoja urang Indramayu mah
kitu. Enyaan hate Abah mah teu asa milu sedih, asa kitu we, asa digjaya.
Na da ari dina Tangis Anjani mah, kanyenyeriannana teh asa nyebitan hate, malah
kadangkala sok matak hareneg kana hulu-angen, dina tikoro teh sok asa aya nu
nyedek piceurikeun. Paingan cenah ceuk urang Perancis :”Kawih-kawih Cianjuran
mah geus teu kudu diterjemahkeun deui, geus karasa ku hate ge”.
Malikan deui judul tulisan, sanajan enya gering teh cobaan, tapi aya hikmah anu
dikandungna, nu karasa ku Abah wae, aya hikmahna, make jeung bisa seuri keneh,
bisa ngobrol keneh, malah bisa keneh tukeur pikiran najan ukur noongan wungkul
oge, tapi asa kawakilan, gering asa aya nu ngalongok, bari teu kudu padu
hareupan, da eta tea, rarasaan Abah mah panyakit ”mengi” mah asa teu pantes
dibawa masamoan tea, era ari pada ngeuleuh-ngeuleuhna. ”Naon atuh nu karaos teh
Bah ?” Kumaha ngajawabna etah ?
-----mmd-----
================================
Drs.H.Maman Moch Dachman. MBA.
Jl. Margajaya V. No. 5
Bandung - 40224
visit;
[email protected]
http ://abahbandung.blogspot.com
================================
Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat. Undang teman dari
Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang!
http://id.messenger.yahoo.com/invite/