Dasar pemerintahan Indonesia.....beda pisan jeung negara lain.....tong jauh2 filipina bae geus leuwih alus manajemen na jeung perasaan kamanusiaan nana. Nu diurus ku kedubes indonesia di luar lain bangsa sorangan tapi bisnis....kumaha bisa meunang duit nu sagede-gedena. Tah ayeuna ngomong masalah pajeg.....hayang seuri urang mah!!! kumaha teu lucu....nasib TKI nu di luar mah pemerintah teh tutup mata tapi lamun urusan duit mah nomor hiji. Teu jauh2 ieu pangalaman pribadi saya.....ayeuna geus sataun aya di saudi. Tah waktu sekitaran 4 bln datang di dieu baheula....aya acara site visit ti kedubes indonesia.....harita teh dicaritakeun yen aya permasalahan kusabab izin tinggal (iqama) sakabeh urang indonesia teu dibikeun ku pihak perusahaan nu dibere cuman photo copy na.....trus tah pa dubes teh nyarios photo copy ge teu naon2 saya jamin moal aya masalah.....terus ku pun abdi teh ditaroskeun kumaha legalitas na photo copy iqama.... sareng di jawab tah ku staf ahli na yen photo copy iqama teh teu legal.... Sareng anjeuna janji rek mang usahakeun supados nu asli na tiasa dikirim ka satiap urang indonesia nu damel di project.... Da muhun we Alhamdulillah sampe kiwari saya geus sataun leuwih teu aya tah iqama asli teh...nu dikeukeuweuk ngan photo copy-an nu geus lusuh. Lamun aya liburan (2 minggu sakali) ka riyadh...pasti bergerilya....lamun aya askar (pulisi arab) geuwat nyumput da sieun ditanya.....lamun beunang ku pulisi kan bisa masuk penjara..... Tah 2 bulan kamari aya sarombongan bis leutik nu mangkat ka al-khobar....sial na teh ceunah beunang ku pulisi....da pas ditanya iqama teu gaduh nu asli na.....atuh pada nginep 2 peuting di penjara (untung urang teu ngilu dirombongan eta).... jeung sapangatahuan saya mah euweuh tah urang kedubes nu nguruskeun...malah pihak aramco sorangan nu nguruskeun nana (lain pisan jeung pemerintah filipina.....jauh tanah ka langit). Tah di dieu point na urang rek ngutarakaeun......kami oge nu jelas2 profesional jeung boga skill diperlakukeun ku kedubes saperti kitu....kumaha tah jeung tkw nu teu ngarti naon2 (malah nu parah pisan saya pernah nempo aya tkw nu buta hurup dikirim ka arab)..... bener2 pemerintah nu teu nyaah ka bangsa na......pemerintah indonesia mah ngan nyaah ka na duit na....rek aya tkw nu digantung, diperkosa atawa lamun lalaki di sodomi ceunah cek beja lamun asup ka penjara bawah tanah....punten we kedubes mah teu terang....tapi lamun tki/tkw datang ka indonesia.....karek ge turun ti pesawat geus beunang 350 rebu di bandara.....BENER2 IEU MANGKELUK2 (OKNUM TAPI RESMI) NU KURANG ASEM !!!!! Jeung aparat nu lain ge tutup soca da kabagean jatah meureun (lumayan keur nambahan meuli sedan)....sementara tki/tkw nu balik teh can puguh katarima kabeh duit na teh da meureun loba hutang waktu saencan mangkat ka ln......
On Thu, 1/15/09, H Surtiwa <[email protected]> wrote: From: H Surtiwa <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Aturan Pajeg WNI gawe di luar nagreg To: [email protected], [email protected] Date: Thursday, January 15, 2009, 1:50 PM Aya aturan anu asup akal ti DJP, mangga ; Pengumuman PERATURAN DIREKTUR JENDRAL PAJAK PERLAKUAN PAJAK PENGHASILAN BAGI PEKERJ A INDONESIA DI LUAR NEGERI bisa diperoleh disini : PERDIRJEN NOMOR 2 TAHUN 2009.PDF <–Klik di www.pajak.go. id Peraturan ini menjelaskan dan mempertegas untuk menghindari perbedaan interpretasi sebelumnya. Namun Pemerintah cukup cerdas dan cukup bagus dan sangat tanggap terhadap "dispute" ini. Yang dapat dilihat dengan jelas dan patut diacungi jempol adalah Pemerintah Indonesia lebih mementingkan devisa ketimbang pajaknya. Dan ini saya rasa sangat fair. Tetapi lebih bagus lagi, buat para pekerja LN untuk menyimpan uangnya di Bank di Indonesia, baik tabungan maupun deposito. Pajak tabungan dan deposito juga sudah tidak diperlukan dalam pengurusan SPT, karena pajaknya sudah final dipotongkan oleh Bank. Idep-idep membantu meningkatkan devisa negara Indonesia. Pssst … Konon TKI saja menyumbang 120 Trillion rupiah dalam satu tahun.

