mun nuturkeun catur kapungkur mah. banten cirebon teh masih kaasup sunda. da lamun hanteu mah meureun karajaan sunda teh penjajah heuheu... kiwari sabagian banten, pantura, cirebon loba nu ngaleuleungit atawa dileuleungit kasundaanana jigana alatan hiji paribasa malayu, nu nyebutkeun: "bahasa menunjukan bangsa'... nu dihartikeun, nu teu make bahasa eta teu kaasup bangsana. nu teu ngomong sunda lain urang sunda. padahal cek bah ajip mah paribasa eta lain kitu maksudna. cek manehna mah maksudna teh (ieu make basa kuring nu mudah-mudahan teu mengpar teuing, basa aslina mah poho) ukur naon nu dituturkeun ku hiji jelma, kumaha cara manehna ngagunakeun basa nunjukkeun kualitas kabangsaan/ kaberadaban manehna. mun dina basa sunda mah, mun jalma apal ka undak usuk eta jalma kasebutna jalma nu beradab. disebutna turunan menak tea lah, atawa disebut pernah meakeun sakelas bangku sakolaan :)
-- balik deui kana wacana nyieun propinsi pasundan. kuring boga teori: 'nu ngaranna bangsa, seler, memang sakuduna boga tempat boga daerah. sabab seler jeung tempat nyirurukna moal bisa dipisahkeun'. model urang jawa jeung pulo jawana, urang batawi jeung bataviana. urang sunda jeung karajaan sundana. tah kulantaran karajaan sunda mah geus burak, jadi sabenerna mah urang sunda teh geus tingal ngaran. geus paeh lima abad katukang. nu galituk ayeuna, nu gogorowokan uing urang sunda, nu cenah nepi ka 39 juta ese, eta mah kasebutna ukur urut urang sunda, malah mah ukur turunan urut urang sunda pisan. boga daerah sacara sah, boh de facto oge de jure, keur hiji seler kacida pentingna pikeun ngalastarikeun (ups.... ngariksa, miara.. haha) kabudayaanana. contona bisa ditingali ku nasib urang batawi. sabab batavia geus diganti ku jakarta. nu cicing di eta daerah otomatis geus salin jinis jadi urang jakarta, nu saha wae, lain wae urang batawi bisa ngadaptar jadi anggotana. tah kusabab karirihan ku urang anyar nu datang ka jakarta tea, tungtungna urang jakarta boga budaya, adat kabiasaan sorangan. nu beda jeung urang batawi. urang batawi geus teu bisa majar kumaha. maranehna geus teu bisa ngaku-ngaku deui jakarta ukur boga maranehna. keur nu hayang miara kabudayaan aslina, ahirna kasengledkeun. kadeseh ka sisi. ka wilayah nu sacara sajarah geus lain deui batavia, daerah asli tempat hirup kumbuhna kabudayaan batawi. di dinya maranehna, leutik atawa gede, baris pagedug jeung kabudayaan nu geus leuwih tiheula nyampak. contona di bogor urang batawi kudu diajar basa sunda heuheu... tah nu kajadian ka urang batawi, jigana mah geus mimiti karasa ku urang, jalma nu ngaku-ngaku sunda, geus ngarasa kasengledkeun, dideseh. sanajan fakta sajarah geus bisa ngabuktikeun yen daerah nu ayeuna dingaranan jawa barat teh baheulana kungsi jadi wilayah kakuasaan karajaan sunda, ngan secara de jure mah, sacara hukum, jalma nu kiwari ngaku ngaku urang sunda teh ukur nyicingan sacangkewok daerah di tungtung (ayeuna mah bagean kulon jawa tengah jeung wetan) pulo jawa. sacara administratip jadina ukur urang jawa kulon, urang jawa jawa keneh. cag, sakitu heula ngalanturna... -- duq ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ 2009/1/11 aa mudtze <[email protected]> > Sapuk...perkara ganti ngaran jadi Pasundan mah ngan kedah diemutan eusi > Jawa Barat teh lain Sunda wungkul. Apanan aya wargi urang palih Cirebon. Da > saur beja mah maranehna embung disebut Sunda teh, komo mun Jawa mah. Ayeuna > antos wae heula mun Cirebon misah ti Jawa Barat kakara padungdeungkeun tah > ngaran Jawa Barat teh. Ari Cirebon masih hayang bareng mah kudu aya opsi > salian ti Pasundan jeung sajabana anu nunjukkeun lain Sunda wungkul. > > ------------------------------ > _,___ >

