Moal lami deui satiap urang Tionghoa kalebet warga nagara Indonesia turunan Tionghoa baris ngagungkeun poean anyar Imlek, nyeta dina tanggal 26 Januari 2009. Teu sadaya urang Tionghoa uninga kana hakekat sinareng makna eta pananggalan taun enggal Imlek. Kajurung ku hal kitu, pribados nyobian ngaguar makna tradisi pananggalan imlek, nu mudah-mudahan aya manfaatna kanggo urang sadaya anu masih keneh lebeng tacan uninga kana eta dintenan tradisi adat Tionghoa nu kalintang diagungkeunnana.
Asal muasalna kecap Imlek teh taya sanes kawitna mah tina dialek basa Hokkian nu pihartoseunnana "Pananggalan Bulan" atanapi "Yinli" dina basa Mandarin. Di Tiongkok, taun enggal Imlek langkung kasohorna teh nu disebat "Chunjie" nu hartosna upacara agung "Musim Semi". Upacara adat tradisional eta oge nu disebat "Guo nian" nu pihartoseunana pananggalan taun enggal. Ari di Indonesia mah kasohorna Imlek teh nyeta pikeun mieling lahirna Kong Hu Chu nu babarna taun 551 SM. Janten bentenna panananggalan Imlek sareng Masehi teh kirang langkung 551 tahun. Saupamina bae kiwari tahun Masehi 2009, ari kanggo taun Imlek mah janten 2009+551 = 2560. Biasana saupami urang mendakan kecap Imlek, sok otomatis emut kana Angpauw (basa Hokian) atanapi Hong Bao (basa Mandarin) nu pihartoseunnana amplop beureum nu eusina artos. Angpauw teh kalintang dipikaresepna ku marurangkalih. Malihan mah oge dipikaresep ku para inohong pajabat kiwari nu resep narampi angpauw. Saur sepuh kapungkur, ayana Angpauw teh sanes sakadar pikeun nyandak hoki atanapi panasiban sae hiji jalmi, tapi oge tiasa dianggo panyalindungan kanggo murangkalih alit tina sagala gangguan mahluk jahat anu disebat "ya sui qian". Aya hiji roh jahat nu dilandi Sui, nu salawasna hadir satiap satahun sakali nu bakal ngaganggu barudak alit. Kukituna, kanggo panyalindungan tiasa digunakeun artos logam atanapi koin nu dibungkus ku ku kertas beureum teras disimpen handapeun bantal pangsarean barudak. Maknana mah taya sanes, mun tea mah aya seuneu ngagedur meuleum kertas beureum tea tiasa janten panolak bala tina gangguan mahluk jahat. Rupina ampir sami sareng conto Drakula nu teu kiat upami ningal salib. Sakawitna nurutkeun adat tradisional kuno mah, nu tiasa kaluar pikeun silaturahmi dina dinten munggaran tahun enggal teh mung kanggo kaum pria wungkul. Namung kiwari mah cara kitu teh tos robih kacandak ku arus jaman. Sinareng deui nu ngawitan ditepangan teh kedah dipayunkeun heula pihak kulawarga pameget, nembe dilajengkeun ka kulawarga ti pihak istri. Atuh saterasna mah tiasa dilajengkeun ka para kulawargi sanesna. Adat kitu teh teu benten sareng adat Jawa nu sungkeman ka para sepuhna, dalah urang Tionghoa ge sami nu sering disebat tee-pai. Cara soja nu leres nyeta nu didasarkeun kana padoman Yang nungkupan Yin. Panangan katuhu dikeupeulkeun lajeng panangan kiwa nungkupan nu kanan. Ramo jempol duanana patempel ajeg. Soja kanu saluhureun sajajar sareng lambey; soja kanu satingkat sajajar sareng dada; soja kanu sahandapeun sajajar sareng beuteung; soja ka para dewa sajajar sareng soca; ari soja ka Tuhan Nu Maha Esa mah kedah diluhur sirah. Kitu mitutur aturan padoman soja mah. Peryogi kauninga rehna tahun ieu teh ngarupikeun tahun Kebo/Sapi. Kapercantenan budaya Tionghoa mah nu disebat budaya Cap Ji Shio/Chinese Horoscopes, nyaeta kabiasaan bangsa Cina nu nangtoskeun tahun Imlek teh digolong-golongkeun kana rupa-rupa sasatoan nu seueurna 12 sato. Contona pikeun jabang bayi nu babarna dina ping 29 Januari 2006 dugi ka taun 2007 bakal ngagaduhan shio gogog alias anjing. Adat kabiasaan kitu teh tos lumangsung lami langkung ti 2000 tahun. Disebatkeun dina alkisah sang Budha, kantos mantenna nyauran sasatoan nu aya di leuweung geledegan. Maranehna pada ngarantay nepangan sang Budha nyaeta Beurit, Kebo, Maung, Kalinci, Naga, Oray, Kuda, Embe, Monyet, Hayam, Anjing, teras nu panungtung nyaeta sato Babi. Sanaos mung saukur dongeng, nanging bewara diluhur tadi teh tos janten panutan sareng kapercantenan masarakat Tionghoa. Malihan sok dihubungkeun sareng pernasiban budak sareng tarekah nyiar pijodoeun. Contona bae hiji jajaka nu lahir dina taun Hayam moal cocok upami nikah ka wanoja nu lahirna dina taun Anjing. Kitu deui jajaka nu lahir dina taun naga, moal cocok sareng wanoja nu lahirna dina taun Maung. Aya kaitannana sinareng upacara Imlek, nyaeta katuangan nu kedah disayogikeun ku masarakat Tionghoa nu ngagem kana ieu kapercantenan, nyeta nu disebat kueh karanjang (Nian Gao). Kecap "kue" atanapi "gao" ngandung hartos sami sareng "luhur", dalah kecap "nian" mah hartosna taun. Janten sacara harfiah simbolis diharepkeun pisan kadudukan atanapi jabatan sinareng kamakmuran satiap taun langkung ngalonjak. Eta nu janten alesan, numawi di satiap kelenteng sok diayakeun susuguh kueh-kueh karanjang salaku sasajen nu disusun sapertos gapura bertingkat. Kue karanjang eta disuguhkeunnana, ti ngawitan upacara sembahyangan ka para luluhur salami genep dinten dugi ka waktos dintenan upacara Taun Anyar Imlek (Jie Sie Siang Ang). Puncakna teh nyeta dina acara wengian taun baru Imlek. Kue karanjang nu dijantenkeun susuguh tea biasana tara ditaruang dugi dintenan Cap Go Meh nyeta maleman ka 15- an. Dina maleman taun anyar Imlek biasana urang Tionghoa sok balakecrakan taruang di bumina masing-masing atanapi di restoran. Rengse taruang, marantenna sok teras bagadang atanapi melekan sawengi jeput, kalayan panto bumi dibuka salebar-lebarna. Saurna mah supados laluasa seueur rizki nu lalebet. Aya hiji hal nu janten kapercantenan urang Tionghoa dugi ka kiwari nyeta mitos perkawis Dewa Dapur. Saurnah, eta dewa teh uningaeun pisan kana kaayaan rumah tangga. Eta dewa jenengannana Dewa Dapur "Zao Wang Ye" ( Ciao Ong Ya=Hokkian ), jalaran sagala rupi gosip justru tumuwuh ayana di dapur. Sajabina kitu teh, oge katuangan nu disuguhkeun tos nembongkeun ciciren kaayaan kaluarga, naha kalebet kaluarga beunghar atanapi masakat. Sataun sakali eta Dewa Dapur sok mulih mudik seja ngalaporkeun ka Sorga. Sang Dewa Dapur kasohor boga adat bawel. Kukituna supados laporannana ka sorga henteu ngawur, bahamna teh kedah diwewelan heula ku "Kue Karanjang" supaya lengket moal tiasa ngalaporkeun atanapi cumarios nu arawon, tapi nu sarae sareng aramis bae. Kukituna dina luhureun altar Dewa Dapur seuring disimpenan keretas nu aya seratan: Sang Dewa nu Mulia, laporkeun ka Sorga teh nu sarae wae. Atuh engke saupami pangersa mulih ti langit kadieu deui omat candak nu seueur sinareng ageung manfaatna. Katuangan sanesna nu sering disogrogkeun dina upacara Imlek nyaeta lauk Bandeng, jalaran lauk bandeng mah ngalambangkeun rizki. Dina logat Mandarin, kecap "lauk" sami hartosna sareng kecap "yu" nu hartosna "sesa". Sering oge katingal dina gambar lukisan salapan lauk sok diseratan "nian nian yu yu " nu pihartoseunnana unggal taun teu weleh narima rezeki. Nanging ari pikeun sim kuring mah, rupina langkung cocok saupami diseratan "nian nian yu mei mei" nu hartosna unggal taun pasti aya wanoja nu nempel sagigireun pribados. Sajabi lauk Bandeng teh oge kedah aya susuguh bubuahan nyaeta jeruk koneng nu lazim disebat Jeruk Emas (Jin Ju ). Langkung merenah deui upami eta jeruk teh masih keneh aya daunna. Eta nandakeun lambang yen rizkina baris nambah teras. Kecap "jeruk" teh dina basa Tionghoa mah sami sareng "Da Ji", nu pihartoseunnana seueur rizki. Ari buah "Apel" ngandung hartos "ping ping an an ", pihartoseunana sami sareng " Da Li " nyaeta kasehatan sareng kasalametan. Buah Pear teh ngalambangkeun kabahagiaan nu hartosna " Sun Sun Li Li ". Eta bubuahan nu tilu rupi teh sok dipajangkeun dina meja sambahyang nu piunggeleunana "Da Ji Da Li Sun Sun Li Li " hartosna seueur rizki, kasehatan nu prima, unggul dina kasalametan sinareng kabahagiaan. Kitu deui dina hal mere maweh ka sasama utamina ka kaum malarat, kedah lipat 2 (dua), janten salamina jejeg atanapi jangkep. Naon margina kitu, jalaran aya kapercantenan urang Tionghoa nu unina " Hao Shi Cheng Shuang " nu hartosna samudaya nu sarae kedah sumping papasangan. Supados rizki henteu enggal-enggal ludes, dikedahkeun nyumputkeun sapu, jalaran aya hiji pantangan nyeta diwagel pisan dina dintenan Imlek sasapu dilebet bumi. Kitu deui dina dua dinten saparantosna dintenan Imlek. Kitu deui dina waktos dintenan Imlek dikedahkeun masang petasan, jalaran aya kapercantenan hal eta tiasa ngadongkapkeun kabagjaan sinareng kadamean sapanjang tahun. Petasan teh ti baheula keneh ge parantos aya sawaktos jaman Dinasti Tang (618-907). Wartosna upami mayunan dintenan Imlek teh sok rabul daratang monster jahat nu jenengan Guo Nien. Eta para monster teh cenah kirang sakti saupami ngadangu pating beledagna sora mercon atanapi petasan. Angot upami bari jeung ningal cahaya kilat mercon mah, maranehna mani paburisat lalumpatan. Waktos pribados keur leutik keneh mah, dina dintenan acara taun enggal Imlek teh sareng babaturan sok patembalan ngucapkeun "Sin Cun Kiong Hie" (Xin Chun Gong Xi) nu hartosna wilujeng mayunan musim semi sinareng tahun enggal. Namung kiwari kalimah eta tos leungit langki digunakeun. Rupina tos dianggap kuno sareng henteu trendi deui, jalaran tos digentos ku kekecapan "Gong Xi Fa Cai " atanapi "Kiong Hie Hoat Cay", nu hartosna mugia sukses salalawasna atanapi wilujeng janten nu beunghar. Robihna eta kalimah teh jalaran kiwari mah masarakat Tionghoa tos langkung mentingkeun orentasi materi duit tinimbang sanesna. Pikeun nu hoyong langkung jitu atanapi afdol, tiasa oge ngagunakeun kalimah Gong Xi Fa Cai Wan Shi Ru Yi Shen Ti Jian Kang" nu pihartoseunana mugia sukses sinareng sehat wal'afiat. Mang Ucup Facebook Email: mang.ucup<at>gmail.com

