Bewara keur anu Hayang bisa.........

Bismillah ....

Simkuring  salami kurang lebih ti 4 tahun parantos naliti kana kumaha 
cara urang Bisa narjamah keun Al-Qur'an ku metode kilat ngajorelat : Ari 
bahasa legegnamah Ku simkuring di namian Quantum Learning Qur'anic : 
atawa bahasa nasionalnamah Cara Cepat Menerjemahkan AL-Qur'an sistem 
cepat 1,5 bulan. Alhamdullilah etabukuteh parantos karaos kunu sanesmah 
nya cindekanamh tos ka anggo ku sabudeureun lembur Banjaran mah. Metode 
eta teh mangrupakaeun Metode anu singkat tur teu ngabutuhkeun waktos anu 
lami. Benten sareung kapungkur nu karaos ku simkuring, diajar ngartikeun 
Qur'an teh kirang langkung 7 th tug dugika 11 tahun, bari jeung 
simkuringmah teu nepi ka 11 tahun mah, da kaburu ngalalana Neangan elmu 
anu lain Ka Gontor, tuluy di teruskeun Sakola di Bandung Jurusan 
Informatik. Naha nya tina jurusan informatik teh jadi Bisa Naliti Cara 
narjamah. Etateh kieu Dongengnamah, Simkuring dina hiji Poe milu sholat 
di hiji masjid, Kaleresan eta imamteh Maca Qur'ana ngeunaheun Pisan 
[Murottal lah lamun ceuk timur tengahmah] malah si imam teh Ceurik 
balilihan keur macakeun surat Qaf jeung surat Al-Haaqoh teh. Simkuring 
rada kuramkireum kabawakeun ku suasana. Geus beres simkuring Ngaheuneung 
mikiran eta nu di baca, Nya da dihanteu hanteu oge simkuring pernah 
nyantri di Gontor. Terus simkuring boga kereteg hayang di ajar deui kana 
elmu agama. Prung weh ti harita Kuring di ajar di Bandung mimitinmah di 
ajar maca supaya merenah jeung ngeunaheun, nya kuring teh di ajar Ilmu 
Tahsin ka Ustadz anu ngarana Abu Robbani Al-Hamdulillah bisa, terus 
Kuring di lanjut kana Tahfid di Hiji  Mahad  namina Maqdis Anu di 
luluguan ku Ust Saeful Islam, Al-hamdulillah Ayaan lah saeutik. Ngan 
kuring teh panasaran satiap maca Qur'an naha teu ceurik Ceuk salah 
sahiji Ustadz lamun hayang ceurik mah kudu ngarti kana eta anu di baca 
/kudu apal terjemahna. Tah di dinya kuring teh naliti satiap elmu Nahwu 
jeung shorof [, Tug dugi ka simkuring kuliah di Ma'had Al-Imarot. ah... 
panjang teuing lah lamun di lalakonkeun sadayanamah. boh keur susahna 
nengan Bahan jeung susahna nyusun supaya Gampil jadi hiji makalah.  
Cindeknamah lah kaluar buku metode seperti eta. Eta buku teh lamun aya 
anu hoyong tos di simpen dina format Pdf. Ku simkuring hayang dibukukeun 
eta makalah teh, nanging simkuring teu apal carana kumaha, terus kudu 
kasaha miliangsaraya na. Sugan we baraya boga bongbolongan keur 
simkuring .....eta oge sok rajeun aya anu butuh ku jalan di hilian ku 
artos 20 Rebu. ari anu teu gaduh artosmah ku simkuring sok di piwarang 
motocopy nyalira..Cag heula ah baraya....

Wassalam
Kang Kemod urang Cianjur...





Kirim email ke