Alhamdulillah,
wilujeng kang lah.
lamun hayang nerbitkeun buku mah, coba ngobrol jeung Mang Jamal.
sugan we manehna boga bongbolongan.

btw, mana PDFna.
kuring menta.
ngan kuring moal bisa muruhan, mugia nu Maha Kawasa ngagantian.
Amiin.

Kemoood wrote:
>
> Bewara keur anu Hayang bisa.........
>
> Bismillah ....
>
> Simkuring salami kurang lebih ti 4 tahun parantos naliti kana kumaha
> cara urang Bisa narjamah keun Al-Qur'an ku metode kilat ngajorelat : Ari
> bahasa legegnamah Ku simkuring di namian Quantum Learning Qur'anic :
> atawa bahasa nasionalnamah Cara Cepat Menerjemahkan AL-Qur'an sistem
> cepat 1,5 bulan. Alhamdullilah etabukuteh parantos karaos kunu sanesmah
> nya cindekanamh tos ka anggo ku sabudeureun lembur Banjaran mah. Metode
> eta teh mangrupakaeun Metode anu singkat tur teu ngabutuhkeun waktos anu
> lami. Benten sareung kapungkur nu karaos ku simkuring, diajar ngartikeun
> Qur'an teh kirang langkung 7 th tug dugika 11 tahun, bari jeung
> simkuringmah teu nepi ka 11 tahun mah, da kaburu ngalalana Neangan elmu
> anu lain Ka Gontor, tuluy di teruskeun Sakola di Bandung Jurusan
> Informatik. Naha nya tina jurusan informatik teh jadi Bisa Naliti Cara
> narjamah. Etateh kieu Dongengnamah, Simkuring dina hiji Poe milu sholat
> di hiji masjid, Kaleresan eta imamteh Maca Qur'ana ngeunaheun Pisan
> [Murottal lah lamun ceuk timur tengahmah] malah si imam teh Ceurik
> balilihan keur macakeun surat Qaf jeung surat Al-Haaqoh teh. Simkuring
> rada kuramkireum kabawakeun ku suasana. Geus beres simkuring Ngaheuneung
> mikiran eta nu di baca, Nya da dihanteu hanteu oge simkuring pernah
> nyantri di Gontor. Terus simkuring boga kereteg hayang di ajar deui kana
> elmu agama. Prung weh ti harita Kuring di ajar di Bandung mimitinmah di
> ajar maca supaya merenah jeung ngeunaheun, nya kuring teh di ajar Ilmu
> Tahsin ka Ustadz anu ngarana Abu Robbani Al-Hamdulillah bisa, terus
> Kuring di lanjut kana Tahfid di Hiji Mahad namina Maqdis Anu di
> luluguan ku Ust Saeful Islam, Al-hamdulillah Ayaan lah saeutik. Ngan
> kuring teh panasaran satiap maca Qur'an naha teu ceurik Ceuk salah
> sahiji Ustadz lamun hayang ceurik mah kudu ngarti kana eta anu di baca
> /kudu apal terjemahna. Tah di dinya kuring teh naliti satiap elmu Nahwu
> jeung shorof [, Tug dugi ka simkuring kuliah di Ma'had Al-Imarot. ah...
> panjang teuing lah lamun di lalakonkeun sadayanamah. boh keur susahna
> nengan Bahan jeung susahna nyusun supaya Gampil jadi hiji makalah.
> Cindeknamah lah kaluar buku metode seperti eta. Eta buku teh lamun aya
> anu hoyong tos di simpen dina format Pdf. Ku simkuring hayang dibukukeun
> eta makalah teh, nanging simkuring teu apal carana kumaha, terus kudu
> kasaha miliangsaraya na. Sugan we baraya boga bongbolongan keur
> simkuring .....eta oge sok rajeun aya anu butuh ku jalan di hilian ku
> artos 20 Rebu. ari anu teu gaduh artosmah ku simkuring sok di piwarang
> motocopy nyalira..Cag heula ah baraya....
>
> Wassalam
> Kang Kemod urang Cianjur...
>
> 


Kirim email ke