Lolobana
anu beuteungna gembru teh lalaki anu geus kulawargaan , sabab ceuk guguyon
urang
Perancis mah dongengna kieu
Lamun bujangan balik di gawe datang ka imah lunga lengo ka jero kulkas/lomari
makanana pajarkeun teh « ah dahareun teh ngan kitu keneh kitu keneh bae,sesa
kamari, teu hayang dahar, nya
tungtunna los ka kamar, dug sare «
Ari
nu geus rimbitan
Balik
digawe rada peuting, cucul cucul, los ka kamar, ari kasampak « ih geuning
batur sare nu kamari keneh « ,nya terus ka dapur muka kulkas/lomari makanan,
dek bae dahar «
--- Pada Jum, 23/1/09, Irpan rispandi <[email protected]> menulis:
Dari: Irpan rispandi <[email protected]>
Topik: [Urang Sunda] Pulisi Buncir
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 23 Januari, 2009, 3:48 AM
Haturan Baraya.
Di jalan raya, hususna di kota-kota, loba jalma make seragam niupan
piriwit bari ngulang-ngulang leungeun. Lamun dititenan, ratar-rata
awakna lalintuh. Beuteung bucitreuk, pipi kembu.
Daharna naon nya?
Hiji mangsa kuring balik gawe, naek metro mini. Naek teh di deukeut
halteu baswey Dukuh Atas. Teuing aya naon, jalan teh maceeet pisan. tong
boro metro mini, dalah motor anu biasana giras seselendep, harita mah
nagen, teu bisa kamamana.
Di Sudirman (Jakarta), jalan teh aya dua jalur, jalur lambat jeung jalur
cepat. Jalur cepat khusus keur mobil pribadi jeung taksi, sedeng jalur
lambat keur mobil penumpang umum sejenna jeung motor.
Tah waktu macet tea, di jalur cepat mah lumayan lancar, sanajan teu bisa
kecepatan tinggi oge. Anehna, sanajan jalur cepat teh husus keur mobil
pribadi jeung taksi, tapi loba oge beus umum jeung metro mini anu ngaliwat.
"Coba tadi ngambil kanan", kadenge kenek metro mini anu ditumpakan ku
kuring ngomong ka supirna. kabeneran kuring diuk dina 'jok' (padahal
ngan ukur pelat beusi anu dilas kana bodi mobil, ngawangun korsi
panjang) anu pang tukangna. penumpang anu di 'jok' tukang ngalieuk ka
kenek tea. Ngarasa di perhatikeun, terus we si kenek teh "Curhat":
Kemacetan kieu teh sigana disengaja ku pengatur lalulintas, jalur lambat
di macetkeun, jalur cepat di lancarkeun. Tujuana sangkan beus-beus umum
ngambil jalur cepat.Cenah lamun metromini atawa beus asup ka jalur
cepat, moal ditangkep, asal mayar duit.
lamun ti lebah Dukuh Atas, kaluar di Semanggi, mayarna Rp. 10.000,- ,
lamun ti lebah Karet, mayarna Rp. 5000,-. eta duit teh dibikeun ka
'jalma biasa' anu cicing handapeun tangkal samemeh Univ. Atma Jaya. Ceuk
kenek eta, duit eta teh engkena mah disetorkeun deui ka Pulisi.
Bayangkeun, hiji beus 10.000,-, sabaraha puluh beus tah dina sa jam.
sabaraha ratus dina sapoe. kali 10.000
Ooh.... pantesan pulisi beuteungna buncir.
Buat sendiri desain eksklusif Messenger Pingbox Anda sekarang! Membuat
tempat chat pribadi di blog Anda sekarang sangatlah mudah.
http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/