Kang Irpan, sarua euy....! Di Cimahi oge (daerah imah kuring) loba pulisi bu reuteu mah. Tapi pulisi bu reuteuna ngagoler dijalan, nyaeta nu disebut pulisi he'es tea.
Pulisi he'es wae nyusahkeun, komo mun hudang. Nyieun pulisi he'es teu gableg kinten-kinten barureuteu, nu ngajalankeun kandarana saruana teu gableg kinten-kinten (pang-pangna mah motor). Jalan butut ngebul, jalan alus motor ngebut, lieur aing mah....! Sakapeung sok hayang malengpeng ku cangkang kadu tah kanu ngebut. 2009/1/23 Irpan rispandi <[email protected]> > Haturan Baraya. > > Di jalan raya, hususna di kota-kota, loba jalma make seragam niupan > piriwit bari ngulang-ngulang leungeun. Lamun dititenan, ratar-rata > awakna lalintuh. Beuteung bucitreuk, pipi kembu. > Daharna naon nya? > > Hiji mangsa kuring balik gawe, naek metro mini. Naek teh di deukeut > halteu baswey Dukuh Atas. Teuing aya naon, jalan teh maceeet pisan. tong > boro metro mini, dalah motor anu biasana giras seselendep, harita mah > nagen, teu bisa kamamana. > > Di Sudirman (Jakarta), jalan teh aya dua jalur, jalur lambat jeung jalur > cepat. Jalur cepat khusus keur mobil pribadi jeung taksi, sedeng jalur > lambat keur mobil penumpang umum sejenna jeung motor. > > Tah waktu macet tea, di jalur cepat mah lumayan lancar, sanajan teu bisa > kecepatan tinggi oge. Anehna, sanajan jalur cepat teh husus keur mobil > pribadi jeung taksi, tapi loba oge beus umum jeung metro mini anu ngaliwat. > > "Coba tadi ngambil kanan", kadenge kenek metro mini anu ditumpakan ku > kuring ngomong ka supirna. kabeneran kuring diuk dina 'jok' (padahal > ngan ukur pelat beusi anu dilas kana bodi mobil, ngawangun korsi > panjang) anu pang tukangna. penumpang anu di 'jok' tukang ngalieuk ka > kenek tea. Ngarasa di perhatikeun, terus we si kenek teh "Curhat": > > Kemacetan kieu teh sigana disengaja ku pengatur lalulintas, jalur lambat > di macetkeun, jalur cepat di lancarkeun. Tujuana sangkan beus-beus umum > ngambil jalur cepat.Cenah lamun metromini atawa beus asup ka jalur > cepat, moal ditangkep, asal mayar duit. > > lamun ti lebah Dukuh Atas, kaluar di Semanggi, mayarna Rp. 10.000,- , > lamun ti lebah Karet, mayarna Rp. 5000,-. eta duit teh dibikeun ka > 'jalma biasa' anu cicing handapeun tangkal samemeh Univ. Atma Jaya. Ceuk > kenek eta, duit eta teh engkena mah disetorkeun deui ka Pulisi. > Bayangkeun, hiji beus 10.000,-, sabaraha puluh beus tah dina sa jam. > sabaraha ratus dina sapoe. kali 10.000 > > Ooh.... pantesan pulisi beuteungna buncir. > > > > >

