salahsapuluh resiko bisnis online teh enya kitu. tapi nu penting modal saling 
percaya.
batur nanfers duit kaurang samemeh datang barang tandana manehna percaya
kitu deui urang ngirim barang samemeh dibayar sarua tanda percaya
komo ka sasama urang sunda mah asa gede pisan rasa percayana teh.teu percaya? 
tanya ajah toko sebelah!

enya pan uing ge osok bisnis oon lenan teh,kayaning buku,kaos(cepot), nu can 
dibisnis onlenkeun teh meureun pais kini-kini, ari ningali ka untung mah ah da 
teu pira,komo bisnis kaos mah sok aya nu rijek sagala, tapi teu kituna, nu 
penting uteuk bisnis uing kasalurkeun, paur ari teu kasalurkeun teh, panon sok 
ngadadak beureum, sungut hihieum, suku totoker, teu kaop aya boboko kejo sok 
langsung sungkub singkab.

duka kungsi duka encan nu kaalaman ku teh icho teh, asana da urang sunda mah 
balageur(sadunya) jajauheun jadi tuti, tukang ti...enya paling2 los kontek 
imelna poho deui teu dicatet, ah diiklaskeun we, atawa nu dikirim keur di 
lapangan
telat ngabales, atawa barang geus nepi ngan kaselip kahempikan resepsionis, 
ma'lum nu geulis mah rata2 sok pohoan(keun sugan we aya nu geuliz protes)

tapi kalolobaana mah can nepi barang sok aya nu geus gebro transfers
atawa sabalikna asal geus aya alamatna sarta barangna geus ridi sok belewer 
dikirim,sakapeung mah tara dibejaan heula keun we meh reuwaseun! sugan we ari 
reuwaseun mah langsung ngagedig ka atm.

ah kabeneran yeuh, nek sakalian sasadu kanu tos pesen sicepot komo kanu tos 
gebro transfer mah, mohon kesabarannyah, ngantosan jangkep, sanes ngaluli luli 
komo ngamomorekeun mah,ampun paralun, dina waktosna bakal ngurutak, antos we 
dilebah pengkolan atawa dipintu tol.

cag ah. 



  ----- Original Message ----- 
  From: Icho Ahmad 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, January 28, 2009 8:58 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Tong ngerakeun atuh euy...!!



  Kang Panzi.. Kang Irpan.. Kang Kumi.. 
  Nuhun supportna.. 
  aya dukungan ( bahasa sunda na naon ?  ) ti akang2 ge 
  abdi asa aya nu ngabaturan.. 

  Wios lah tong di wawarkeun saha nami na.. 
   da kang nzi tos rada buka clue na sakedik :-) 
  ping 26 kamari tos di putuskeun ku abdi.. wios teu kedah di tagih deui. 
  tadi na mah bade di telepon ka Pak AS ( security na ) 
  tapi pasti biaya  telpon na mahal da tebih .

  Nuhun ah.. sakitu heula.. 
  Kang Kumi teu pantes jadi deb collector.. 
  begang keneh :-) 


  Wassalam
  =Icho=
  . 
   


------------------------------------------------------------------------------



Kirim email ke