On Thu, Jan 29, 2009 at 5:44 PM, mj <[email protected]> wrote: > > ari jurie g nya cara nu ngageugeuh di jarian, jurie g jarian, nu patali > jeung indung-orok, kuntilanak, jsb. sacara rupa kitu, jin teu > pikasieuneun, beda jeung jurie g nu pikasieuneun. beda budaya-geografis, > beda rupa nu pikasieuneunana. jurie g di bule mah sarupaning vampire, > jrrd, teu pikasieuneun cek urang. heuheu. ari zombie ti mana nya? afrika > kitu? > zombie mah asana ti china. ceuk balad uing nu babah, cenah zombie teh aya sasakalana. keur zaman harita nalika can aya kandaraan sabangsaning mobil, kareta api, komo kapal ngapung mah, urang china resep ngumbara ngadon nyiar kasab ka tempat jauh. ngan lamun pareng nu ngumbara tilar dunya keukeuh sok hayang dipulangkeun ka lemburna cenah. tah kulantaran walurat, keur nganteurkeun mayit ka lemburna, tara nyewa ambulan cenah da can aya tea, nya nyewa dukun (teuing naon istilah china na, poho deui) nu bisa mere komando ka mayit sangkan bisa leumpang aclog-aclogan tea. eta mayit teh ngan bisa ngaclog mun peuting hungkul, upama beurang mah cenah istirahat heula, memeh nepi ka nu dijugjug. tah kitu cenah dongengna teh.
salam, mh

