> H Surtiwa <surt...@...> wrote:
> Kumaha eta istilah dina basa ingris oge aya sinonimna...Ghost
>(jurig), Setan(Satan, Demon), Jin ( Jinn) ??
Ari kitu mah, persis jeung di urang Bah Iwa, aya jurig jeung aya oge
jin. Dina Wiki (oge dina ensiklopadia cetak) jin ,saperti oge jurig,
ceuk mithos urang Arab kabagi sababaraha golongan ("species"): Ghaul
( Ghull), Sila, Iprit jeung Marid.
Ghull("night shade" = kalangkang peuting?") bisa ngarobah bentuk. Aya
pelem nu judulna "The Ghaul", nu nyaritakeun ieu sabangsa jin nu beuki
daging manusa. Iprit, jin ieu nu populer di Indonesia. Ari Marid mah
jin cai saperti situ jeung lautan. Diantara para jin, jin Marid
pangkuatna. Jin Sila mah teu aya keterangan, ngan cenah jin ieu teu
jiga Ghul nu bisa ngarobah bentuk.
Baktos,
WALUYA