ua, ari ngabodor soal yahudi teh sok inget keur ngaliwet di pasantren baheula. aya babaturan nu carita soal yahudi, cenah pokna, "bangsa yahudi mah teu pinter kumaha, dina qur'an ge disebut ahli kitab. sababaraha kali. bangsa urang mah boro-boro disebut ahli kitab, disebut ge henteu..." heuheu
enya, ahli kitab dina qur'an cenah nunjuk ka yahudi. harti ahli kitab tangtu uteukna herang hurung mancur. jadi pantes mun unggul di sagala widang, ti nuklir nepi ka film huliwud. ongkoh sabab diaspora tea, parindah ka negara-negara maju nu sistimna hade. soal film nazi, tipikal kitu. yahudi melihara simpati dunya. mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com ari kuring mah mikir kunaon yahudi maju? salasahiji sababna sabab manehna mah diasah jaman. beda jeung urang nu (asa) diwowoy jaman... cek beja deui lamun areng diduruk bari dibere tekanan jeung waktu nu lain saeutik baris ngajadi berlian. jigana manusa ge kitu. tekanan, bisa wae ngaran sejenna masalah... lila-lila mah bisa nyieun hiji jalma/bangsa jadi berlian. berharga. nu jadi sarat meureun, ulah epes meer.... ngan heueuh, jadi jalma mah teu cukup jadi berharga, tapi oge kudu ditambahan ku resep ngahargaan. kuring karak anggeus ngadonlod pilm 'defiance'.. hayang teh lalajo sabab caritana ngeunaan bangsa yahudi nu di beberik ku nazi jaman hitler. dianiaya. ayeuna kalakuan nazi ieu, malik dilakukeun ku israel, hiji fragmen bangsa yahudi, ka bangsa palestina. nu baheula dikakaya ayeuna malik ngakaya. asa ku ironi..... lalajo heula ah....

