Sumbangan Islam? Peradaban Sunda?
Sawatara poe ka tukang kuring katamuan Kang Iip (D.Yahya), Kang Adit (Aditia 
Gunawan), sareng Kang Kumi (Iskandar). Tadina mah rek ngobrolkeun  perkara 
prak-prakan ngumpulkeun data jeung informasi ka-Sunda-an, sakumaha nu nuju 
dilakonan ku aranjeunna. Tapi, satengahing ngobrolkeun hal eta, teuing ti mana 
mimitina, obrolan teh bet nyalenggor kana perkara Islam jeung Sunda – hiji 
perkara nu teu weleh aktual.
Nu kuring matak kaget, kasauran Kang Iip. Kahiji runtagna tatanan pasantren di 
urang nu, saur anjeunna, lumangsung saprak taun 40-an. Numutkeun Kang Iip, 
sistem pasantren di Tatar Sunda teh rusak alatan mangsa revolusi pasantren geus 
teu jadi deui pasantren. Tapi, jadi markas Hisbullah, Sabilillah, jeung 
laskar-laskar rahayat lianna nu umum nyampak mangsa harita. Padahal,  
saencanna, pasantren ngarupakeun lembaga nu mandiri jeung dinamis. Jadi “pusat 
kabudayaan” masarakat sabudeureunnana. Boh dina perkara kamekaran elmu-elmu 
kaagamaan, oge hal-hal nu pakait jeung pasoalan-pasoalan darigama atawa 
kahirupan kadunyaan. (Nu hartina, satemenna lumrah mun harita pasantren jadi 
“markas perjuangan” teh. Sanajan, sakumaha kabuktian nepi ka kiwari, kadar jadi 
“subsistem” atawa sub ordinasi tina “sistem” nu leuwih badag: Revolusi, mun 
lain kaum nasionalis atawa sekuler ge).
“Saencan revolusi,  hubungan pasantren urang jeung pasantren di Jawa kawilang 
raket. Geus jadi hiji kabiasaan, tiap pasantren silih kirimkeun santrina ka 
pasantren lianna pikeun nyiar elmu jeung kaweruh nu engke diterapkeun di 
pasantren asalna,” saur anjeunna – kurang leuwih – bari nyebatkeun Pasantren 
Sukamiskin, Bandung, nu saencan Revolusi 45 kaasup pasantren kahot di Tatar 
Sunda, salaku conto.
Hal kadua nu jadi kahelok kuring, ngeunaan teu napakna agama Islam di mayoritas 
urang Sunda (nu ngaku Islam). Kituna teh, panoong kuring, bari lolobana sok 
geer, yen urang Sunda kabeh ngagem Islam. Malah, teu saeutik nu ngarasa yen 
urang Sunda pang-Islam-na. “Kusabab kitu, teu aneh mun kiwari, satutasna 
reformasi, loba urang Sunda nu baralik deui kana Sunda Wiwitan atawa jaradi 
Islam fundamentalis jeung Islam nu araraneh lainna,” saur Kang Iip. 
Katilu,  dina bagian lain eta obrolan Kang Iip nyebatkeun kieu: “Naon sumbangan 
Islam kana peradaban Sunda? Euweuh!”. Kuring kungsi nempas ku nyebutkeun 
perkara sopan-santun atawa adab nu pakait (utamana) jeung nu dianggap orat. Ku 
implengan kuring, Islam (sakumaha Mataram nu manta-manta basa) geus mere 
standar-standar kasopanan dina harti heureut, oge etika nu leuwih lega, ka 
urang Sunda. “Contona awewe Sunda jadi marake kutang atawa kabaya,” ceuk 
kuring. “Ah, saencan Islam datang ge urang Sunda mah geus kitu. Da, hawana 
tiris,” saur anjeunna. 
Tadina mah kuring rek nempas deui: Nu katirisan teh – meureun -- nu caricing di 
Saunggalah, Galuh, Galunggung, Sumedang, Sagalaherang, atawa Pakuan. Kumaha nu 
di Bagasi, Karawang, Labuan, Cilacap, Kalapa, Cilincing, atawa di basisir 
lianna? Saencan Islam datang mah boa-boa orat bagian luhurna teh teu 
ditarutupan. (Atawa, alatan di basisir angin remen ngagelebug, maranehna ge 
hideng narutupan awakna sakumaha urang gunung?) Hanjakal ieu patanyaan teh teu 
kedal. Obrolan kaburu nyalenggor ka nu hal lian.
Sanajan aya hal nu kudu diudag leuwih jauh, kasauran Kang Iip teh tetep bae 
matak ngajenghok kuring. Ngajenghokna teh ku hiji ku dua. Saperkara ngeunaan 
Kang Iip sorangan. Dina paningal kuring, anjeunna teh hiji nonoman nu “nyunda” 
jeung nyantri. Bubuhan, lian ti wedalan pasantren, Kang Iip oge wedalan IAIN 
Bandung. Sawangan kuring, asa pamohalan anjeunna kagungan emutan nu “liberal” 
sapertos kitu.
Hal lianna, nya jeung naon nu dikedalkeunnana: “Peradaban Sunda”. Keur sawatara 
urang, nu disebut Sunda ge masih keneh jadi patanyaan gede. Sok komo deui 
“peradaban Sunda”. Sunda teh naon, pan masih loba keneh nu nareangan? Ongkoh, 
lian ti basa nu jelas nyampak, nu lianna mah asa ngagebleg bae teu beda jeung 
nu lian. Papakean, imah, kadaharan, jste, kadar beda sautak-saeutik jeung seler 
lian teh.  Komo kiwari mah, mangsa informasi ngaliud jeung pating suliwer, 
jalma ti mana mendi pagilinggisik – urang Sunda ge loba nu mancawura. (Malah, 
pan Basa Sunda  ge  lain bae geus “dikiruhan” Jawa Mataraman. Tapi,  oge  -- 
ceuk elmu linguistik atawa antropologi --  taya lian iwal ti varian basa 
Malayu). Ieu geus nyabit-nyabit peradaban Sunda? Na, aya? 
Enya. Ngomongkeun “kabudayaan Sunda” bae, sakapeung, asa absurd – mun lain 
pamohalan ge. “Kabudayaan”, “Sunda”, kaasup “narasi besar” nu, cenah,  geus 
ditaringgalkeun ku sawatara filosof. Ieu luncat leuwih jauh deui: “Peradaban 
Sunda”? Beh dituna: Na beda antara “kabudayaan” jeung “peradaban” teh? Mun 
beda, naon jeung di mana bedana?
Sugan bae Kang Iip, atawa nu lianna, kersa medar langkung rincik ngeunaan 
hal-hal di luhur eta. Sangkan urang teu kadar ngawawaas atawa ge er. Pajar aya, 
padahal euweuh. Pajar euweuh, padahal aya. Malah, nu bisa dikorehan teh lain 
bae perkara “sumbangan Islam kana peradaban Sunda” tadi. Tapi, oge ngeunaan 
Islamna sorangan. Naon jeung kumaha satemenna Islam teh? Nu engke nerus kana 
patanyaan ku naon Islam di urang bet jadi kieu? Beda jeung Islam nu diprakkeun 
di tempat lian, utamana sawatara nagara Arab. Kumaha satemenna geneologi 
elmu-elmu ka-Islam-an nu tumiba ka karuhun urang? Naon dalil-dalil agama – naha 
nash Qur’an, hadist,  atawa ijma ulama -- nu dicepeng ku aranjeunna nu ahirna 
ngalahirkeun “Islam versi Sunda”? Nu ngalahirkeun “budaya” sasalaman, tahlilan, 
tawasulan, solawatan, matang puluh, manakiban, nyekar, nadoman, tagonian, jeung 
rea-rea deui. Atawa kumaha satemenna lolongkrang Islam kana kabudayaan – akal 
jeung kiprah
 manusa, salaku mangkeluk? Naha bener Islam anti kabudayaan?  Jste. Boa-boa, nu 
anti teh Gubernurna bae. Lain agamana.
Gang Tengah, 6 Februari 2009

Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441


      

Kirim email ke