ieu mah tambe ateul hayang nulis.. soal nu kararituw teu lepas ti urusan asimilasi, adaptasi jeung naon cenah hiji deui, asana akulturasi, tarasi mah teu kaasup. cek buku sajarah, islam datang ka urang cenah asalna disebarkeun ku sodagar, lain ku ulama, beda jeung nasrani, aya bule nu gawena khusus pikeun kitu, zending atawa misionaris, nebeng ka kolonial. 3G oge tah. gold gospel glory, gitek goyang geol. heuheu.
rupa islam nu munggaran asup ka urang cenah mah tasawuf, nu kadar spiritualna kandel pisan. sigana alatan di urang harita aya agama, hindu utamana, nu mantengna kana soal nu kitu. cara tapa, samadi, jrrd. kalolobana urang islam baheula jeung ayeuan dianggap sarua. padahal aya gradasina, aya tingkatan atawa levelna. jadi mun aya carita yen salah saurang istri prabu siliwangi ngagem islam, asa teu kaharti da apan istri muslim teu meunang kawin ka caroge non muslim. contoh mekarna agama islam oge gradual, awal-awal aya keneh budak, jsb, inuman nu matak mabok kaci keneh, terus robah, aya nu evolusi, lalaunan aya nu revolusioner, tah nu ieu mah soal tauhidna. cek si cenah, baheula kungsi aya perang padri di sumatra. perang antara sebut we teuku jeung tengku. atawa perang antara nu mertahankeun adat lokal jeung nu hayang urang sumatra seler eta, full islam. duka tah saha nu meunang saha nu eleh. nepi ka dinya batur mah. nya meureun ditumpakan ku kompeni ongkoh. di urang mah henteu nepi ka kituw. tapi bisa jadi leuwih, malah. nya karajaan pajajaran runtag ku kasultanan banten jeung cirebon tea.numutkeun ka dinya mah sunda ditaklukeun ku islam. sajarah eta masih napel dina sirah sawareh US, ngajadikeun US schizoperenia, ageman Islam tapi boga akar sajarah/mitos prabu Siliwangi. nya geus nasib US meureun kudu kitu. tapi saestuna Islam di arab oge teu langsung islam, sanajan cek konsepna nu ditulis dina Qur'an, ti nabi Adam oge geus Islam. niley islam universal cek Iip tea mah. kusabab aya dua niley atawa patokans, cara islam jeung sunda, jadi mun aya hiji perkara teh ditoong ti dua jurusan eta. kusabab islam mah agama, sedeng ari sunda dina hal ieu adat, tangtu islam leuwih bener atawa leuwih sahih dijadikan standar. padahal da ari moral mah, unggal agama oge ngajarkeun. nu beda biasana tauhid nu sipatna teknis. akarna sarua, monoteis tea, nepi ka aya kecap nu sacara konsep sarua, cara urang Baduy nyebut Nu Ngersakeun, batara tunggal, jrrd, nu dina Islam sarua ngan bedana make basa arab. adat teh geus aya mekar ratusan boa rebuan taun. tangtu aya nu leungit, paeh sabab geus teu payu, aya nu terus hirup, utamana nu jadi dadasar hirup babarengan. mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com

