Baheula keur budak di taun 1960'an, di lembur kuring di tutugan Tampomas, biasana di musim halodo (antara juli tepika September) sok aya romobongan kasenian ti Karawang, aranna teh BANJET. Rombongan Banjet bisa disebutkeun rombongan kasenian "nomaden", maranehna maen punduh-pindah, mapay-mapay lembur, nu mimitina mah deukeut jeung lembur maranehna, tambah lila ...tambah jauh, tepi ka lembur kuring nu jauhna leuwih ti 100 km ti Karawang.
Lamun aya rombongan Banjet, lembur jadi geunjleung, sarerea atoh, maklum jaman harita arang langka aya hiburan. cenah, aya si Ijem...aya Si Ijem rek maen. Si Ijem teh "Sri Panggung' alias primadona topeng banjet. Geus sababaraha kali si Ijem ka lembur kuring, jadi urang lembur arapaleun pisan. Teu jelas naha si Ijem jaman kuring keur budak teh, sarua jeung Bu Ijem nu meunang panghargaan ti pamarentah jeung kungsi mucunghul dina TVRI Bandung. kuring geus teu apal deui, da nu mucunghul dina TV mah "Ijem" nu geus jadi nini-nini .... Lapangan di Bale Desa ngadadak ditingker ku giribig, dijerona dijieun tempat diuk tina awi, keur nu lalajo. Ari tempat maenna mah di taneuh we, teu make panggung. Bada Isya tatabeuhan Banjet geus kadenge ditabeuh, teu make speaker da jaman harita mah acan umum. Nu rek lalajo ngaliud, pacampur jeung nu daragang sabangsa kulub suuk, surabi jrrd. Tempat maen dicaangan ku lampu patromak sababarha hiji. Nu lalajo mareuli karcis, terus arasup ka jero lapang, darariuk, aya oge nu nangtung. Der weh maen dimimitian ku Si Ijem ngigel, ngan kuring poho deui naha make 3G atawa henteu, ongkoh deuih harita mah keur budak, tara nengetan bujur awewe ..hehehe. Nu jelas pas keur ngigel sok loba nu ngalungan saputangan nu dibungkuskeun, dijerona eusina duit. Bur ..ber ...tiditu-tidieu. Aya nu ngalungkeun ngan sakali, tapi aya oge nu tepi ka sababaraha kali, bakating ku kataji. Nu dipikainget tepi kaayeuna, aya batur salembur kuring nu kacida kagegeloanana ku igel si Ijem. Aranna teh Apih Miid. Apih Miid jalma "trendy" pisan keur ukuran jaman harita mah: salawasna ditopi laken, dibaju siga jas hideung jeung huntuna make emas, nandakeun jalma makmur. Mimiti manehna ngalungkeun duit dibungkus ku saputangan tepi ka sababraha kali. Geus kitu duitna diselipkeun kana topi laken, belewer topi lakenna dibalangkeun. Nu lalajo surak ayeuh-ayeuhan bari mapanas: "Hayoh Pih ...Pih ...sakalian tah jeung bajuna" Apih Miid jadi kapanasan, baju hideungna dibuka, kana sakuna nu sababraha hiji diasupan duit. Belewer deui dibalangkeun ka si Ijem nu keur ngigel. Nu lalajo beuki surak ayeuh-ayeuhan. Hanjakal kuring mah tara bisa lalajo terus. kolot kuring jalma "streng", teu meunang lalajo ngaleuwihan jam 8 peuting, kudu balik ka imah. Jadi teu apal kumaha terusna topeng banjet teh. Nincak ka akhir taun 1960'an, Topeng Banjet tara aya deui ka lembur kuring. Sigana mah kulantaran bendungan Jatiluhur geus jadi, sawah-sawah di Karawang jadi sawah nu bisa dipelakan sapanjang taun, para seniman "nomaden" jadi leuwih baretah di lemburna. Urang Lembur kuring oge geus parohoeun, Apih Miid geus lila ngantunkeun kitu oge jeung nu sagenerasina. Topeng Banjet di Lembur kuring ukur tinggal caritana ..... Baktos, WALUYA

