Haturnuhun pisan Wa' kana carios "topeng banjetna"

 meni asa ka emutan waktos kapungkur di taun 1980an 
sami cariosna sapertos Uwa' mung abdimah tos kadieunakeun sareng rombonganana 
sanes si Ijem manawi anak buah/ anak didikna.

mung di abdimah sanes di alungkeung ka si topengna tapi anu bade nyawerna lebet 
ka pakalangan gutak -gitek sakedap sareng si topeng teras ngangkalungkeun 
sarung atanapi nganggekeun topi ka sitopeng samalah aya anu nganggekeun sendal 
capit sagala. piwarang di angge ngibing ku topeng 
tah engke pami tos waktosna di uwihkeun kanu gaduhna ( kira - kira kenging 2 
lagu )diacungkeun. anu gaduhna ngagorowok iyeu....! barijeung biasana nongtona 
pang tukangna teras si topengna nyampeurkeun kanu gaduhna bari masrahkeun 
barang titipanana tapi kedah di tebus / di sawer 

nah.......... didiyeu hiburanana sawaktu si topeng ngalangkung barijeung 
pasesedek ku panongton kangge masrahkeun barang ka si penyawer panongton anu 
sanesna anu kalangkungan ( rerencanganana ) sok naroelan si topeng aya nu noel 
kana imbit,(bokong) TT, DD samalah anu baongmah kana PPna. 

mung hanjakal harita simkuring masih alit can cukup umur paling tiasa 
ningalikeun jeung nyenggol sa eutik - eutikeun " LUMAYAN" hik..hik..hik..
wassalam:


Rusdi Yunus
Rakyat SUBANG gotong royong subang maju




________________________________
From: waluya2006 <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, February 12, 2009 13:05:52
Subject: [Urang Sunda] Topeng Banjet: "Seniman Nomaden"


Baheula keur budak di taun 1960'an, di lembur kuring di tutugan
Tampomas, biasana di musim halodo (antara juli tepika September) sok
aya romobongan kasenian ti Karawang, aranna teh BANJET. Rombongan
Banjet bisa disebutkeun rombongan kasenian "nomaden", maranehna maen
punduh-pindah, mapay-mapay lembur, nu mimitina mah deukeut jeung
lembur maranehna, tambah lila ...tambah jauh, tepi ka lembur kuring 
nu jauhna leuwih ti 100 km ti Karawang.

Lamun aya rombongan Banjet, lembur jadi geunjleung, sarerea atoh,
maklum jaman harita arang langka aya hiburan. cenah, aya si 
Ijem...aya Si Ijem rek maen. Si Ijem teh "Sri Panggung' alias 
primadona topeng banjet. Geus sababaraha kali si Ijem ka lembur 
kuring, jadi urang lembur arapaleun pisan. Teu jelas naha si Ijem 
jaman kuring keur budak teh, sarua jeung Bu Ijem nu meunang 
panghargaan ti pamarentah jeung kungsi mucunghul dina TVRI Bandung. 
kuring geus teu apal deui, da nu mucunghul dina TV mah "Ijem" nu 
geus jadi nini-nini ....

Lapangan di Bale Desa ngadadak ditingker ku giribig, dijerona dijieun
tempat diuk tina awi, keur nu lalajo. Ari tempat maenna mah di taneuh
we, teu make panggung. Bada Isya tatabeuhan Banjet geus kadenge
ditabeuh, teu make speaker da jaman harita mah acan umum. Nu rek
lalajo ngaliud, pacampur jeung nu daragang sabangsa kulub suuk, 
surabi jrrd. Tempat maen dicaangan ku lampu patromak sababarha hiji.

Nu lalajo mareuli karcis, terus arasup ka jero lapang, darariuk, aya
oge nu nangtung. Der weh maen dimimitian ku Si Ijem ngigel, ngan
kuring poho deui naha make 3G atawa henteu, ongkoh deuih harita mah
keur budak, tara nengetan bujur awewe ..hehehe. Nu jelas pas keur
ngigel sok loba nu ngalungan saputangan nu dibungkuskeun, dijerona
eusina duit. Bur ..ber ...tiditu-tidieu. Aya nu ngalungkeun ngan
sakali, tapi aya oge nu tepi ka sababaraha kali, bakating ku kataji.

Nu dipikainget tepi kaayeuna, aya batur salembur kuring nu kacida
kagegeloanana ku igel si Ijem. Aranna teh Apih Miid. Apih Miid jalma
"trendy" pisan keur ukuran jaman harita mah: salawasna ditopi laken,
dibaju siga jas hideung jeung huntuna make emas, nandakeun jalma
makmur. Mimiti manehna ngalungkeun duit dibungkus ku saputangan tepi
ka sababraha kali. Geus kitu duitna diselipkeun kana topi laken,
belewer topi lakenna dibalangkeun. Nu lalajo surak ayeuh-ayeuhan bari
mapanas: "Hayoh Pih ...Pih ...sakalian tah jeung bajuna"

Apih Miid jadi kapanasan, baju hideungna dibuka, kana sakuna nu
sababraha hiji diasupan duit. Belewer deui dibalangkeun ka si Ijem nu
keur ngigel. Nu lalajo beuki surak ayeuh-ayeuhan. Hanjakal kuring mah
tara bisa lalajo terus. kolot kuring jalma "streng", teu meunang
lalajo ngaleuwihan jam 8 peuting, kudu balik ka imah. Jadi teu apal
kumaha terusna topeng banjet teh.

Nincak ka akhir taun 1960'an, Topeng Banjet tara aya deui ka lembur
kuring. Sigana mah kulantaran bendungan Jatiluhur geus jadi,
sawah-sawah di Karawang jadi sawah nu bisa dipelakan sapanjang taun,
para seniman "nomaden" jadi leuwih baretah di lemburna. Urang Lembur
kuring oge geus parohoeun, Apih Miid geus lila ngantunkeun kitu oge
jeung nu sagenerasina. Topeng Banjet di Lembur kuring ukur tinggal
caritana .....

Baktos,
WALUYA


   


      Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke