Wanoh mah tibaheula, da urut dunungan uing basa baheula mimiti pisan diajar gawe. Ngajenghox, naha loba potona dina poster di sisi jalan, dina bandera, ongkoh dina setiker nu narapel dina tembok & pager? Ke*ke* mun teu salah mah baheula teh abusna ka partey Ka'bah, naha ganti jadi caringin badag? Pindah meureun* da ayeunamah usum pundah-pindah partey teh*
Mun nilik dina poster mah, manehna wawakil no. 1 wewengkon Margahayu, Katapang & Soreang, H. Yanto Setiyanto, MM. Sanajan ngaranna "njawani" da bapana urang wetan, tapi indungna mah USA, manehna ge Nyunda pisan. Kusabab nu wawuh ngan ka manehna, jadi uing ge rek nyontreng ngaran manehna. Inget basa jaman keneh Orba nu "ngudukeun" make sistem CBSA = Coblos Beringin Supaya Aman hehehe* ieu ge kitu? Mudah-mudahan* ro2 >>> [email protected] 02/17/09 01:01PM >>> ari wanoh mah rada beh ditu. diwanohkeun di cupumanik/pusat studi sunda, basa kabeneran aya. harita mah jaman manehna jadi pupuhu KPU jabar. saha? enya,kang Setia Permana. US pisan adatna. diheureuyan dikritik ge seuri we. kasep deuih. heuheu. damel formalna mah dosen di unpas. cenah caleg no 1 ti jabar pikeun DPR Pusat, ti PDIP. asa rek pangsiun dini ti golput teh. rek milih manehna we da ayeuna mah milih ngaran calegna. mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com

