bieu pisan pa pa pulung jeung alona, urang ciranji baduy (luar), datang ka
pangulinan. geus sababaraha kali. mawa barang jualeun has baduy,
sarupaning baju, karajinan, madu, bedog, jsb. basa nganjang ka baduy, di
imah pa pulung ciranji si kuring ngendong jeung kang wahyu.

sina dibuka we barang-barangna nu dina karung teh. keur diriung ku
mahasiswa. sing payu.

isuk-isuk tadi aya deuih sms ti yaman bnu  ieu barengna jeung samin, urang
cikadu baduy luar oge. boga hp cenah.tapi mun balik ka lembur, sok
disumputkeun handapeun tangkal gede di kebon, da teu meunang. keur di imah
hawe cenah. bisi perlu baju atawa barang sejen di baduy. dua rombongan nu
geus wawuh teh.

hanjakal can boga  modal, rek nyieun Distro BADUY di Bandung.  aya nu minat?



mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com



Kirim email ke