Endah "jasa".

Uing mimiti manggih ieu kecap, "jasa", beunang mulung tina postingan Bah Oza.
Terus rerang uing rada teu pati ngarti, naon harti eta kecap, dina konteks eta.
Sabab dina eta konteks, hartina rada beda jeung nu ilahar kapanggih ku uing.
Rek nanyakeun ka Bah Oza, bisi pundung, hehehe. Nya uing teh cicing we.

Sanggeus noong pantun bogor, kakara uing taram-taram, kana naon harti kecap
"jasa" teh. Singhoreng simana horeng, di wewengkon Bogor mah, eta keap teh
boga harti sarua jeung "pisan" atawa "kacida". "Endah jasa" maksudna
teh meureun
"Endah pisan" atawa "Endah kacida".

Geura toong kumaha ngalarapkeun eta kecap dina pantun Bogor:

---------
Nya anjlog kahiji jurang,
Nu gawir-gawirna jero jasa,
---------
Laju nyarieun cukang,
Tina kawung nu karolot jasa,
---------
Sakabeh obor Pajajaran dipareuman;
Powekna mani mongkleng jasa,
---------
Lantaran powekna jasa teuin,
Jeung lantaran perang teh jero leuweung,
---------

salam,
mh

Kirim email ke