Endah "jasa". " Inilah keberagaman bahasa sunda" anu kuurang diangken iyeu kecap jasa tiasa di hartikeun : pisan atanapi kacida tapi benten sareng "PRIMA JASA" etamah salah sahiji moda angkutan bus atawa taksi. biasana kecap "jasa" iyeu di angge kudulur urang palih kulonan anu ayeuna tos misahkeun ti propinsi jawa barat tegesna propinsi banten. contona di wewengkon mauk, sepatan, kronjo teluknaga, (sebagian) cikupa, rangkas bitung, cikande, serang tur dugi ka merak, anyer, panimbang, tanjung lesung samalhmah aya oge bayah sareng jasinga anun ngangge kecap "jasa' aranjeuna biasa ngecapkeun kalimat "jasa" kangge ngagentos kecap "pisan" tina bahasa sunda atanapi bahasa jawana serang sami ngangge kecap "jasa"
wassalam: Rusdi Yunus Rakyat SUBANG gotong royong subang maju ________________________________ From: mh <[email protected]> To: [email protected]; Urangsunda <[email protected]>; barayasunda <[email protected]> Sent: Wednesday, February 18, 2009 21:21:21 Subject: [Urang Sunda] PANTUN - Endah "Jasa" Euy! Endah "jasa". Uing mimiti manggih ieu kecap, "jasa", beunang mulung tina postingan Bah Oza. Terus rerang uing rada teu pati ngarti, naon harti eta kecap, dina konteks eta. Sabab dina eta konteks, hartina rada beda jeung nu ilahar kapanggih ku uing. Rek nanyakeun ka Bah Oza, bisi pundung, hehehe. Nya uing teh cicing we. Sanggeus noong pantun bogor, kakara uing taram-taram, kana naon harti kecap "jasa" teh. Singhoreng simana horeng, di wewengkon Bogor mah, eta keap teh boga harti sarua jeung "pisan" atawa "kacida". "Endah jasa" maksudna teh meureun "Endah pisan" atawa "Endah kacida". Geura toong kumaha ngalarapkeun eta kecap dina pantun Bogor: --------- Nya anjlog kahiji jurang, Nu gawir-gawirna jero jasa, --------- Laju nyarieun cukang, Tina kawung nu karolot jasa, --------- Sakabeh obor Pajajaran dipareuman; Powekna mani mongkleng jasa, --------- Lantaran powekna jasa teuin, Jeung lantaran perang teh jero leuweung, --------- salam, mh New Email addresses available on Yahoo! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

