""Ari kula mah ti bareto keneh jasa geh geus biasa make "jasa". Sebab kula keur leutik hirup di Tangerang anu bahasa (sanes basa) na kos kitu". Meuren nu di darieu, di kusnet, aya nu teu ngarti mun kula nyebut "jamang". Bareto ekeur leutik keneh, Abah sok meulikan jamang anyar lamun lebaran.... :-)
Tah kitu, para wargi sadaya, diantawisna upami urang Tangerang ngadeskripsikeun kahirupan kapungkur... basa sunda na emang rada karaos garihal. Nanging pan eta teh meureun bagean tina beungharna basa sunda. Tarohan, wani dicabok teh desi ratnasari lah, pasti aya wargi di kusnet nu rada nyureng maos alinea di luhur. Tarohan lah, wani dilamot tamara blicinzki, aya wargi nu kataji ku ayana urang sunda ti tangerang tiasa basa sunda nu sakieu mantepna..hehehee :-). (narsis mode : ON) Sopian www.sopian73.wordpress.com <http://www.sopian73.wordpress.com/> <http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/137843;_ylc=X3oDMTJzMWxsY2 NlBF9TAzk3MzU5NzE1BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzEzNz g0MwRzZWMDZG1zZwRzbGsDdm1zZwRzdGltZQMxMjM1MDMzOTUx> PANTUN - Endah "Jasa" Euy! Posted by: "mh" <mailto:[email protected]?subject=%20re%3apantun%20-%20endah%20%22jasa%22%20e uy%21> [email protected] <http://profiles.yahoo.com/khs579> khs579 Wed Feb 18, 2009 6:21 am (PST) Endah "jasa". Uing mimiti manggih ieu kecap, "jasa", beunang mulung tina postingan Bah Oza. Terus rerang uing rada teu pati ngarti, naon harti eta kecap, dina konteks eta. Sabab dina eta konteks, hartina rada beda jeung nu ilahar kapanggih ku uing. Rek nanyakeun ka Bah Oza, bisi pundung, hehehe. Nya uing teh cicing we. Sanggeus noong pantun bogor, kakara uing taram-taram, kana naon harti kecap "jasa" teh. Singhoreng simana horeng, di wewengkon Bogor mah, eta keap teh boga harti sarua jeung "pisan" atawa "kacida". "Endah jasa" maksudna teh meureun "Endah pisan" atawa "Endah kacida". Geura toong kumaha ngalarapkeun eta kecap dina pantun Bogor: --------- Nya anjlog kahiji jurang, Nu gawir-gawirna jero jasa, --------- Laju nyarieun cukang, Tina kawung nu karolot jasa, --------- Sakabeh obor Pajajaran dipareuman; Powekna mani mongkleng jasa, --------- Lantaran powekna jasa teuin, Jeung lantaran perang teh jero leuweung, --------- salam, mh

