sabenerna mah ieu nu diarep2 teh, Kang Sop... ti baheula jasa didadago nu
kukuh nyarita make basa wewengkonna sewang2an, ngarah sakalian silih simbeuh
kanyaho, nambah vocab lah ceuk dulurna Raffles mah...

Sok atuh geura narulis kainyah... ngan sing tabah we mun nu sejen loba
tatanya...

On Thu, Feb 19, 2009 at 6:08 PM, Ahmad Sopiani wrote:

>     ""Ari kula mah ti bareto keneh jasa geh geus biasa make "jasa". Sebab
> kula keur leutik hirup di Tangerang anu bahasa (sanes basa) na kos kitu".
>  Meuren nu di darieu, di kusnet, aya nu teu ngarti mun kula nyebut
> "jamang". Bareto ekeur leutik keneh, Abah sok meulikan jamang anyar lamun
> lebaran....  J
>
> Tah kitu, para wargi sadaya, diantawisna upami urang Tangerang
> ngadeskripsikeun kahirupan kapungkur... basa sunda na emang rada karaos
> garihal. Nanging pan eta teh meureun bagean tina beungharna basa sunda.
> Tarohan, wani dicabok teh desi ratnasari lah, pasti aya wargi di kusnet nu
> rada nyureng maos alinea di luhur. Tarohan lah, wani dilamot tamara
> blicinzki, aya wargi nu kataji ku ayana urang sunda ti tangerang tiasa basa
> sunda nu sakieu mantepna..hehehee J. (narsis mode : ON)
>

Kirim email ke