Tah mun kieu eta pak Gubernur teh kedah ngamakmurkeun kaayaan ekonomi
khususon US lah...sina meuntas tina lalaban kana diet macan...janten eta
tekenan ekonomi keudah dileupaskeun heula...garang..kumargi loba ngadahar
daging....Tapi ari ku tekenan eknomi aeuna mah nya meureun seur rakyat US
anu cacah...sanes teu hoyong janten macan...lalab oge hese diteangan iwal ti
daun sampeu atanapi baluntas..eta oge tina pager batur.......Dina kaayaan
ayeuna masih keneh aya anu ngahanjakalkeun budak anu sok maling2 nambulan
lauk....Ceuk si Ema " Apa eta budak...bangkawarah..iyeuh..nambulan lauk keur
dahar engke....'" Si Apa nembal; " Keun wae atuh karunya..paling hayangeun
saeutik.." Ema :;" Aeh ari si Apa...eta budak nambul gepuk tilu
keureut..bari nyakuan sakeureut...deuih " Apa ; " Waah atuh aing beakkeun
"...

On 2/20/09, mh <[email protected]> wrote:
>
>   Nu matak ulah poho, utamana ka para wanoja Sunda, nu katitipan budak,
> geura robah pola dahar, hehehe.
>
> Mun biasana eusi meja teh lauk ukur sakuereut-sakeureut, endog
> dipotong dua, daging dicincang sagede kaleci, ari sangu saboboko
> metung, sambel ledok sacoet gede, jeung lalab saayakan; Tah ayeuna mah
> laukna nu baradag, endogna tong dipotongan, atuh dagingna sing sagede
> peureup buta, nu lainna kurangan.
>
> Meureun kucara pola dahar jiga kitu, kakara kaluar karakter maungna nu
> gagah gagauran. Geura toong pola dahar urang bule, eta bakakak hayam,
> teu antapwarah sabeulah ku sorangan.
>
> salam,
> mh
>
> On Fri, Feb 20, 2009 at 10:12 AM, Irpan rispandi 
> <[email protected]<janaka.tea%40gmail.com>>
> wrote:
> > tah nukieu disebutna "Domba berbulu Srigala".
> > ngaku-ngaku titisan Maung, kalakuan epes meer.
> >
> > nu matak ayeuna mah kudu robah.
> > Lamun di batawi aya istilah "Sengcok = Senggol Bacok"
> > di urang naon nya, "DugDek = Badug Kadek " ?
> > he..he..he..
> >
> > Dikadek ku aing siah !!!
> > Hidup kadek !!!
> >
> > H Surtiwa wrote:
> >
> > Sigana gampil Kang...robih wae tina neda katuangan Embe ..kana tuang wae
> > Embena...sapertos Maung...ngan eta meureun Kolesterol enggal nerekelna..
> >
> > On 2/19/09, mh <[email protected] <khs579%40gmail.com>> wrote:
> >>
> >> On Thu, Feb 19, 2009 at 6:03 PM, eminx 
> >> <[email protected]<sujalma%40gmail.com>>
> wrote:
> >> > calung ngaing tetep tulang maung...
> >> > da maungna tos teu aya ... ngan rohna maung nu tetep ditakolan ku
> >> > barudak
> >> >
> >>
> >> Lain baraya euy, pernah kapikir teu ku dia sakabeh?
> >> Geura pikir, urang teh ari ngainterpretasikeun diri turunan Maung
> >> belang, nu gagah rongkah.
> >> Tapi ari katuangan bet resep kana kadaharan Embe, resep kana dangdaunan
> >> nya.
> >>
> >> Boa-boa sikep midua ieu nu ngajadikeun karakter maung teh teu napel na
> >> awak urang.
> >> Nu antukna urang ukur jadi patalukan, teu pati resep padungdung
> >> tutumpuran.
> >>
> >> Tah supaya idola nu aya dina implengan sajalan jeung karakter nu napel
> >> dina kalakuan,
> >> ngarah urang jadi tuan minimal di lembur sorangan, jigana urang teh
> >> kudu ngarobah pola
> >> barang dahar. Tina mikaresep kadaharan embe, urang ganti kana kadaharan
> >> maung.
> >> Tah lamun geus kitu jigana bakal kaluar karakter maungna.
> >>
> >> salam,
> >> mh
> >
>  
>

Kirim email ke