Haaarrr ari MH, abong pameget .tara angkat ka pasar nya? Kali-kali sidak geura, ancrub ka pasar hehehe
Teu terang kituw pangaos sabangsaning dadagingan, endog teh ararawis? Tong boro nu kitu ayeunamah lauk asin ge nerekel. Lieur we nu aya ngajeujeuhkeun artos balanja, dibetot kaditu, nyingsat kadieu, dibetot kadieu nyingsat diditu capew deeeh Eh, ketang da wanoja mah kumaha pamasihan ti caroge, nya ari dikedahkeun barangtuang nu aya gijian tur ngahasilkeun tanaga kanggo "ngagaur" mah pasihan atuh nu ageung cicisna. Ari maksakeun bari jeung teu aya mah, cilaka keh sabangsaning ingon2 nu tatangga dipareuncitan, mending mun raridoeun mah, arikhlas heuheu. Kieu we atuh, kumaha mun jadi maungna nu sholeh? Sholeh ku kaayaan nu warerit sagala kurang. Emam angger cara baheula nu leuwih ka"vegetarian", tapi sumangetna (bakating inget ku kaayaan) "digas" sina tarik gagauran Eeeerrrrghghhhh ! ro2 --- In [email protected], mh <khs...@...> wrote: > > Nu matak ulah poho, utamana ka para wanoja Sunda, nu katitipan budak, > geura robah pola dahar, hehehe. > > Mun biasana eusi meja teh lauk ukur sakuereut-sakeureut, endog > dipotong dua, daging dicincang sagede kaleci, ari sangu saboboko > metung, sambel ledok sacoet gede, jeung lalab saayakan; Tah ayeuna mah > laukna nu baradag, endogna tong dipotongan, atuh dagingna sing sagede > peureup buta, nu lainna kurangan. > > Meureun kucara pola dahar jiga kitu, kakara kaluar karakter maungna nu > gagah gagauran. Geura toong pola dahar urang bule, eta bakakak hayam, > teu antapwarah sabeulah ku sorangan. > > salam, > mh > > On Fri, Feb 20, 2009 at 10:12 AM, Irpan rispandi <janaka....@...> wrote: > > tah nukieu disebutna "Domba berbulu Srigala". > > ngaku-ngaku titisan Maung, kalakuan epes meer. > > > > nu matak ayeuna mah kudu robah. > > Lamun di batawi aya istilah "Sengcok = Senggol Bacok" > > di urang naon nya, "DugDek = Badug Kadek " ? > > he..he..he.. > > > > Dikadek ku aing siah !!! > > Hidup kadek !!! > > > > H Surtiwa wrote: > > > > Sigana gampil Kang...robih wae tina neda katuangan Embe ..kana tuang wae > > Embena...sapertos Maung...ngan eta meureun Kolesterol enggal nerekelna.. > > > > On 2/19/09, mh <khs...@...> wrote: > >> > >> On Thu, Feb 19, 2009 at 6:03 PM, eminx <suja...@...> wrote: > >> > calung ngaing tetep tulang maung... > >> > da maungna tos teu aya ... ngan rohna maung nu tetep ditakolan ku > >> > barudak > >> > > >> > >> Lain baraya euy, pernah kapikir teu ku dia sakabeh? > >> Geura pikir, urang teh ari ngainterpretasikeun diri turunan Maung > >> belang, nu gagah rongkah. > >> Tapi ari katuangan bet resep kana kadaharan Embe, resep kana dangdaunan > >> nya. > >> > >> Boa-boa sikep midua ieu nu ngajadikeun karakter maung teh teu napel na > >> awak urang. > >> Nu antukna urang ukur jadi patalukan, teu pati resep padungdung > >> tutumpuran. > >> > >> Tah supaya idola nu aya dina implengan sajalan jeung karakter nu napel > >> dina kalakuan, > >> ngarah urang jadi tuan minimal di lembur sorangan, jigana urang teh > >> kudu ngarobah pola > >> barang dahar. Tina mikaresep kadaharan embe, urang ganti kana kadaharan > >> maung. > >> Tah lamun geus kitu jigana bakal kaluar karakter maungna. > >> > >> salam, > >> mh > > >

