cenah aya dua macem cara keur narik kacindekan. hiji make cara kualitatip nu
kadua kuantitatip. kualitatip contona naon nu dilakukeun ku dokter jeung
psikolog mangsa nyanghareupan pasenna. sedengkeun kuantitatip mah saperti nu
dilakukeun ku babaturan kuring, tukang statistika, nu ngalakukeun metode
surpei.

naon bedana cenah? salahsahijina nyaeta kacindekan nu dihasilkeun metode
kualitatip teu bisa dipake sacara umum. dokter atawa psikolog teu bisa
sagawayah nyaruakeun kasakit rugam ragem pasen. sabalikna kacindekan nu
dihasilkeun ku metode kuantitatip bisa dipake keur ngumumkeun hiji kaayaan.
mana nu leuwih alus? duanana alus, duanana boga kaleuwihan nu teu bisa
dibandingkeun.

conto nu paling anyar tina padungdengan mana nu leuwih hade naha kualitatip
atawa kuantitatip nyaeta pagedrugna partai pangawasa jeung oposisi kiwari.
pernah ningali dina acara bobodoran democrazy di metro tv kumaha
paherengherengna andi malarangeng ketua demokrat salaku wakil partai
pangawasa jeung pramono anung ketua pdip wakil partai oposisi. andi keukeuh
pamarentah geus hasil ningkatkeun kamakmuran indonesia, buktina manehna
nyodorkeun hasil panalungtikan bps jeung bank dunia (sabenerna tilu lembaga
nu disebutna ngan kuring poho. eta data nyarita yen jumlah nu miskin turun!
kitu deui pramono ngeukeuhan yen ekonomi indonesia teu robah, anggeur
pikahariwangeun. ceuk manehna lamun andi keukeuh nyebut indonesia 'teu
miskin' deui, geura turun ka pasar, tanya ka ibu ibu nu keur balanja, naha
eta ibu ibu teh teu ngarasakeun kana mahalna harga barang? naha aya harga
barang nu turun (ieu jigana nyindir iklanna demokrat)?

tah pahereng-hereng dua kubu ieu ditengahan kalayan alus ku kang jalal
(jalaludin rahmat) nu nyebut (hampura mun rea salahna) memang sacara
statistik (kuantitatip) nu miskin turun tapi pamarentah tangtu ulah poho yen
nu miskin masih aya, malah nu tadina miskin mingkin miskin tambah loba
(jigana). jadi cek kuring mah kang jalal teh ngomong yen duadua metode nyiar
kacindekan teh kudu dipake sakaligus. sangkan hasilna leuwih nyugemakeun :)

jadi cek kuring mah, nu bodo nu belegug nu nu sejenna .... nu dicapkeun ku
kang irpan kanu meuli mobil, teh kurang lengkep. kuduna kang irpan nyebut:

Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga uteuk, tangkurak, tulang
anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud peuteuy, cacing kalung, lentah
darat !!!

teh keur ka nu meuli mobil nu oge:

Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga uteuk, tangkurak, tulang
anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud peuteuy, cacing kalung, lentah
darat !!!

tah keur nganyahokeun, naha nu meuli mobil teh:

Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga uteuk, tangkurak, tulang
anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud peuteuy, cacing kalung, lentah
darat !!!

tangtu kudu make metode, naha kualitatip naha kuantitatip. pilihan ayana di
kang irpan.

nuhun

duq
haha keur rineh yeuh

2009/2/20 Irpan rispandi <[email protected]>

>   Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga uteuk, tangkurak, tulang
> anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud peuteuy, cacing kalung, lentah
> darat !!!
> (keur ambek ka urang indonesia anu meuli mobil he..he..he...)
>
> coba tingali gambar di handap, di luar negri mobil-mobil anyar ngajajar
> euwueh nu meuli. Tapi di urang, prediksi mobil MPV bakal kajual "dua
> ratus delapan puluh lima ribu lima ratus sepuluh unit" tahun ieu. acan
> mobil jenis lain.
> Gelo !
>
> Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga uteuk, tangkurak, tulang
> anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud peuteuy, cacing kalung, lentah
> darat !!!
> (keur ambek ka urang indonesia anu meuli mobil he..he..he...)
>
>
> http://www.surya.co.id/2009/01/22/penjualan-mobil-anjlok-24-kendaraan-mpv-primadona-2009/
>
> .......................
> Di sisi lain, MPV akan tetap menjadi primadona dalam penjualan mobil di
> Indonesia dengan target 285.510 unit di 2009.
> ............................
>
> --
> Sent NOT from my BlackBerry(R)
> powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
> ***Gue gak punya blackberry, puas?!
>
>  __.
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke