---------- Forwarded message ----------
From: avid rollick septiana (via Multiply)
 [image: Blog Entry]Basa Sunda Urang
Malingping<http://multiply.com/gi/avid:journal:56>
****Feb 22, '09 11:45 AM
for everyone
BASA SUNDA URANG MALINGPING

Baheula mah, keur anyar datang, sok loba kerang-kerung mun pareng ngobrol
jeung urang Malingping teh. Komo nu di pasisian mah, sabab salian ti loba
kecap-kecap nu teu kaharti, lentongna oge aneh. Orokaya, jadi hese nangkep
maksud omonganana.

Tapi lila-lila mah biasa deui. Ku mindeng tatanya jeung remen ngadenge mah
bisa oge geuningan. Malah mun balik ka Bandung atawa Ciamis sok loba nu
ngageuhgeuykeun, geus jiga urang Banten cenah. Kutan?

Na kumaha kitu basana? Nya beda we. Munasabah sabenerna mah,da di unggal
daerah ge sok pasti boga basa wewengkon masing-masing nu teu kapanggih di
daerah sejen. Jadi lain di Malingping atawa Banten bae.

Nu puguh mah, rata-rata urang Malingping mun ngobrol basana kasar, ceuk
ukuran urang priangan mah. Basa pamajikan anyar pindah kungsi reuwas pedah
aya pamajikan anak buah nu nyebutkeun hulu, lain mastaka, ka manehna. Basa
ku kuring dijelaskeun yen memang basana kitu, lain maksud nyinggung, karek
ngartieun. Malah sok kagugu mun ngadenge deui teh.

Padahal cenah, aslina basa Sunda mahmemang kitu. Nu hartina egaliter, teu
ngabedakeun saha nu diajak ngomong. Ngobrol ka cacah jeung ka menak nya
sarua bae. Ayana undak-usuk basa -nu nyababkeun basa aslina karasa jadi
kasar /teu nyakola- mah hasil pangaruh basa tatar priangan kaereh ku
Mataram.

Tapi teu saeutik oge urang Malingping geus ngarti kana undak usuk basa.
Utamana urang puseurna nu kungsi sakola jeung remen hubungan jeung urang
priangan pendatang. Sakola memang salah sahiji 'sarana berkembangna' basa nu
'mriangan.' Sabab guru-guruna, utamana guru-guru senior, lolobana memang
datang ti tatar priangan, saperti Ciamis, Tasik jeung Garut. Baheula mah can
loba urang Malingping asli nu bisa sakola luhur nepi ka jadi guru.

Tah, nu ngartieun mah, mun nyahouen ngomong jeung urang nu datang ti
priangan teh sok milu lemes, sanajan ari ngobrol jeung papadana mah biasa
bae beledag beledug. Aya oge nu jadi ngadadak mindel. Basa diseleksek, sieun
salah omong pokna.

Ku sabab lentong mah hese ngagambarkeunanan, nu bisa dicaritakeun di dieu
mah kecap-kecap nu kuring di anggap aneh bae. Urang tataan geura:

Urang Banten, umumna nyebutkeun ka dirina (jalma ka hiji) teh kami. Sedeng
ka nu diajak ngobrol dia. Kecap kami, di priangan aya oge, tapi teu ilahar
atawa arang langka dipake jang nyebutkeun sorangan. Biasa kadenge teh sok
dipake jang nyalin sesebutan diri Pangeran dina khutbah. Sedeng kecap
diamah jigana ngan aya di tatar banten wungkul.

Urang Malingping/Banten oge nyebut akang (milanceuk) teh ku kaka. Akarna mah
jigana sarua, neneh tina kecap raka

Tong heran mun urang Malingping remen nyebut burung. Lain hartina nyebutkeun
urang gelo, atau nyaritakeu nu teu jadi, tapi burung teh kecap panganteb nu
fungsina kira-kira sarua jeung atuh.

"Kadieukeun burung bukuna bade disimpen mah!"

Kecap-kecap sejen:

Lila : kebel
Hese : gati
Da : ja
Ngambek : marah
Jiga : doang
Tara : telok
Tukang : buri
Ribut : haliwuh
Ngobrol : cacahan
Loba gaya : lalagaan
Embung : endung
Sukur : kamayangan
Anjir : bagor
Engke : engkin (ieu mah ilahar di daerah Cianjur, Sukabumi, bogor ge)

Aya oge kecap-kecap nu arang langka dipake ku urang priangan tapi ilahar di
Malingping mah:

Geuwat : geura
Lalaonan : Anca
Pisan : Amat
Terus : laju
Hade/Alus : Endah


Aya nu tibalik. Isin, di priangan mah lemes, tapi di Malingping mah kasar.
Sabalikna jeung era.

Mun urang malingping nganahakeun (naha bet) cukup ku kecap pan?

"Pan, motorna diparkir di dieu?"

Aya deui nu aneh. Rarangken –na di Malingping mah jadi –an. Mun nyebut
pangkasepna
teh jadi pangkasepan.

Kahade atawa mangka hade jadi nu hade

Nu aneh deui mun nyebut pamajikan atawa awewe cukup ku ewe bae. Jorang ceuk
urang priangan mah. Tapi biasa bae ceuk urang ditu mah.

Jadi tong heran mun hiji mangsa urang Malingping ngomong "pamajikan keur di
ewe Lurah" bari kalem-kalem bae. Tong mikir nu lain-lain, da manehna mah
keur ngobrolkeun yen pamajikanna keur aya di pamajikan pa lurah. Kitu.

Cag!
****
-- 
sikandar
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke