Nuhun kang kumi,jadi langkung terang ka bhs si teteh nu damel di bumi. Da kapungkur abi gd bingung basa si teteh nyebatkeu 'doang, ndung, dong'. Pami ' laju, jasa, je' di Tangerang oge aya sanajan bhsna campur bhs Indonesia. Jasa na teh dipanjangkeun kieu ' jeee dia mah gitu jasaaaa'
On 2/23/09, Kumincir Wikidisastra <[email protected]> wrote: > ---------- Forwarded message ---------- > From: avid rollick septiana (via Multiply) > [image: Blog Entry]Basa Sunda Urang > Malingping<http://multiply.com/gi/avid:journal:56> > ****Feb 22, '09 11:45 AM > for everyone > BASA SUNDA URANG MALINGPING > > Baheula mah, keur anyar datang, sok loba kerang-kerung mun pareng ngobrol > jeung urang Malingping teh. Komo nu di pasisian mah, sabab salian ti loba > kecap-kecap nu teu kaharti, lentongna oge aneh. Orokaya, jadi hese nangkep > maksud omonganana. > > Tapi lila-lila mah biasa deui. Ku mindeng tatanya jeung remen ngadenge mah > bisa oge geuningan. Malah mun balik ka Bandung atawa Ciamis sok loba nu > ngageuhgeuykeun, geus jiga urang Banten cenah. Kutan? > > Na kumaha kitu basana? Nya beda we. Munasabah sabenerna mah,da di unggal > daerah ge sok pasti boga basa wewengkon masing-masing nu teu kapanggih di > daerah sejen. Jadi lain di Malingping atawa Banten bae. > > Nu puguh mah, rata-rata urang Malingping mun ngobrol basana kasar, ceuk > ukuran urang priangan mah. Basa pamajikan anyar pindah kungsi reuwas pedah > aya pamajikan anak buah nu nyebutkeun hulu, lain mastaka, ka manehna. Basa > ku kuring dijelaskeun yen memang basana kitu, lain maksud nyinggung, karek > ngartieun. Malah sok kagugu mun ngadenge deui teh. > > Padahal cenah, aslina basa Sunda mahmemang kitu. Nu hartina egaliter, teu > ngabedakeun saha nu diajak ngomong. Ngobrol ka cacah jeung ka menak nya > sarua bae. Ayana undak-usuk basa -nu nyababkeun basa aslina karasa jadi > kasar /teu nyakola- mah hasil pangaruh basa tatar priangan kaereh ku > Mataram. > > Tapi teu saeutik oge urang Malingping geus ngarti kana undak usuk basa. > Utamana urang puseurna nu kungsi sakola jeung remen hubungan jeung urang > priangan pendatang. Sakola memang salah sahiji 'sarana berkembangna' basa nu > 'mriangan.' Sabab guru-guruna, utamana guru-guru senior, lolobana memang > datang ti tatar priangan, saperti Ciamis, Tasik jeung Garut. Baheula mah can > loba urang Malingping asli nu bisa sakola luhur nepi ka jadi guru. > > Tah, nu ngartieun mah, mun nyahouen ngomong jeung urang nu datang ti > priangan teh sok milu lemes, sanajan ari ngobrol jeung papadana mah biasa > bae beledag beledug. Aya oge nu jadi ngadadak mindel. Basa diseleksek, sieun > salah omong pokna. > > Ku sabab lentong mah hese ngagambarkeunanan, nu bisa dicaritakeun di dieu > mah kecap-kecap nu kuring di anggap aneh bae. Urang tataan geura: > > Urang Banten, umumna nyebutkeun ka dirina (jalma ka hiji) teh kami. Sedeng > ka nu diajak ngobrol dia. Kecap kami, di priangan aya oge, tapi teu ilahar > atawa arang langka dipake jang nyebutkeun sorangan. Biasa kadenge teh sok > dipake jang nyalin sesebutan diri Pangeran dina khutbah. Sedeng kecap > diamah jigana ngan aya di tatar banten wungkul. > > Urang Malingping/Banten oge nyebut akang (milanceuk) teh ku kaka. Akarna mah > jigana sarua, neneh tina kecap raka > > Tong heran mun urang Malingping remen nyebut burung. Lain hartina nyebutkeun > urang gelo, atau nyaritakeu nu teu jadi, tapi burung teh kecap panganteb nu > fungsina kira-kira sarua jeung atuh. > > "Kadieukeun burung bukuna bade disimpen mah!" > > Kecap-kecap sejen: > > Lila : kebel > Hese : gati > Da : ja > Ngambek : marah > Jiga : doang > Tara : telok > Tukang : buri > Ribut : haliwuh > Ngobrol : cacahan > Loba gaya : lalagaan > Embung : endung > Sukur : kamayangan > Anjir : bagor > Engke : engkin (ieu mah ilahar di daerah Cianjur, Sukabumi, bogor ge) > > Aya oge kecap-kecap nu arang langka dipake ku urang priangan tapi ilahar di > Malingping mah: > > Geuwat : geura > Lalaonan : Anca > Pisan : Amat > Terus : laju > Hade/Alus : Endah > > > Aya nu tibalik. Isin, di priangan mah lemes, tapi di Malingping mah kasar. > Sabalikna jeung era. > > Mun urang malingping nganahakeun (naha bet) cukup ku kecap pan? > > "Pan, motorna diparkir di dieu?" > > Aya deui nu aneh. Rarangken –na di Malingping mah jadi –an. Mun nyebut > pangkasepna > teh jadi pangkasepan. > > Kahade atawa mangka hade jadi nu hade > > Nu aneh deui mun nyebut pamajikan atawa awewe cukup ku ewe bae. Jorang ceuk > urang priangan mah. Tapi biasa bae ceuk urang ditu mah. > > Jadi tong heran mun hiji mangsa urang Malingping ngomong "pamajikan keur di > ewe Lurah" bari kalem-kalem bae. Tong mikir nu lain-lain, da manehna mah > keur ngobrolkeun yen pamajikanna keur aya di pamajikan pa lurah. Kitu. > > Cag! > **** > -- > sikandar > su.wikipedia.org > www.urangsunda.or.id > -- Sent from my mobile device ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[email protected] mailto:[email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

