Goes to Museum

Geus ampir 22 taun kuring hirup di Bandung, puseur pamarentahan Jawa Barat 
(sanajan ngan ukur di palebah kabupatenna), tapi can sakali-kali acan asup ka 
nu ngarana musieum, paling ge ngan saukur lalar-liwat hungkul. Asa mobok 
manggih gorowong, basa aya anggota milis nu  ngabewarakeun acara nganjang ka 
museum, teu talangke kuring miluan daptar. 

Goes to Museum know teh history, naha kudu make basa Inggris nya? Teu make basa 
Sunda we atuh? atawa saeutiknamah bahasa Indonesia? Ceuk pikir teh, pasti loba 
bule nu miluan. Tanggal 22 Pebruari 2009, jam 08.00 WIB (Waktu Indonesia 
Bandung), di 0 KM (enol kilometer), Jl. Asia Afrika, buruan Kantor Pekerjaan 
Umum, geus ngagimbung loba jelema. Kuring culang-cileung ningali kaayaan. 
Eueluh?... geuningan barudak ngora hungkul? Mana bulena? Jiganamah judulna make 
basa Inggris meh gaya meureun* heheh.

Reueus aya* era aya*. Reueusna, pedah we nu miluan rata-rata pelajar jeung 
mahasiswa, malahmah aya barudak leutik kira-kira kelas 1-2 SD, hartina loba 
keneh jaman kiwari barudak ngora nu daek nganjang ka musieum. Erana mah, mani 
asa pangkolotna, untung weh kuring ngajakan Teh Herni & Kang Gibson keur batur 
pakukumaha, lumayan teu culang-cileung teuing. 

Pamilon nu kira-kira jumlahna aya kana saratus urang, dibagi lima grup nu 
diaranan ku ngaran kaulinan barudak, Paciwit-ciwit Lutung, Perepet Jengkol, 
Ucing Sumput, dua deui mah voho. Bari nungguan grup nu tiheula indit, diayakeun 
kaulinan dumasar kana ngaran kelompokna sewang-sewangan. Kuring & Teh Herni 
dipaksa kahareup, dititah metakan kaulinan Paciwit-ciwit lutung hehehe* asa 
balik deui budak. Kuring jadi inget kaulinan ieu asa sarua jeung kaulian 
barudak Injit-injit Semut ti Batawi* nu unina kieu : Injit-injit semut, yang 
dibawah naik ke atas*

Dina brosur aya 5 musieum nu rek didatangan teh nyaeta :
Gedong Merdeka - Musieum Konferensi Asia Afrika
Diresmikeun ku Persiden Soeharto, 24 April 1980 dina raraga mieling 25 taun 
Konferensi Asia Afrika.
Ngarana ge asup ka musieum, pasti geueuman atuh* teuing mun pararoek deuih. 
Sup ka rohangan KAA, kasampak korsi nu jokna beureum masih keneh asli, ngajajar 
minuhan rohangan. Kabeneran tukang nuduhkeun jalan (guide)na bageur, pamilon 
dititah ngasaan diuk dina korsi sajarah. Gek kuring diuk di korsi panghareupna 
nu kungsi didiukan ku para "gegedug" nagara-nagara di Asia Afrika. Ceunah mah, 
tanggal 18-24 April 1955, nagri urang nu dipingpin ku Persiden Soekarno sukses 
ngahijikeun sikep jeung nyieun pedoman nyaeta Dasa Sila Bandung, gawe bareng 
antara nagara2 Asia Afrika dina raraga nyiptakeun kayaan dunya nu dame & 
tartib. Teh Herni salaku juru poto mbung tinggaleun, jeprat kaditu, jepret ka 
dieu sagala we ditoongan. Kuring ge jadi miluran "narsis" hayang dipoto, 
lumayan pajangkeuneun di fesbuk heheh*

Musieum Mandala Wangsit Siliwangi bogana Angkatan Darat.
Diresmikeun tanggal 23 Mei 1966 ku Panglima Divisi Siliwangi ka 8, Kolonel 
Ibrahim Adjie. 10 November 1980 dijieun tingkat 2, diresmikeun ku Mayjen Yoga 
Sugama, prasastina diteken ku Persiden Soeharto.

Beda jeung Gedong Merdeka nu ditujukeun pikeun dunya internasional sagalana 
diapik-apik bin dialus-alus, musieum ieu mah basajan pisan. Eusi musieum 
lolobana ngeunaan alat-alat perang nu dipake merjoangkeun kamerdikaan nagara 
urang, kayaning tumbak, panah, keris, kujang, bom molotov, senjata modern, 
panser nepi ka baju & samping pamajikanana Kartosuwiryo ge ditapelkeun. Harti 
Mandala Wangsit nyaeta hiji tempat paragi neundeun amanah, papatah ti pejoang 
ka generasi tuturus bangsa ngaliwatan paparabotan nu ditinggalkeunana. 
Teh Herni kukulutus pedah teu meunang moto ku tukang nuduhkeun jalan, 
tungtungnamah popotoan hareupeun ambulans antik bari rada rerempodan, sieun aya 
nu miluan ditukangeun* (jadi inget ka pelem Hantu Ambulan iiiiyyyy*.)

Aya nu rada aneh, geus dua musieum nu dianjangan, tapi panuduh jalan alias 
guide-na urang wetan wungkul? Na kamarana urang Sunda nya? Teu raresepeun 
sajarah kitu?...

Rombongan pamilon reureuh heula di taman Maluku, untung tengah poe, kumaha mun 
peuting? Inggis bisi aya nu nawar, gaswat! Hehehe* Langit hideung, ngagarayot 
pihujaneun. Ujug-ujug celengkeung teh panitia, ngabewarakeun yen Musieum 
Geologi sakeudeung deui rek ditutup, bisa jadi bakal bolay. Waduh, lebar atuh 
teu jadi ka musieum eta mah, lain nanaon kuring hayang pisan ningali rorongkong 
T-rex. Kuring usul ka panitia, tong dibolaykeun. Sanajan hujan geus mimiti 
pras-pris, lila-lila ngagedean* kuring, Teh Herni & Kang Gibson ngagaredig di 
barisan panghareupna ngajugjug Musieum Geologi. Sumanget naker, areleh we 
barudak ngora mah* heuheu.

aja samboenganana
ro2

Kirim email ke