Hapunten sateuacanna Teh roro teh nu di kelompok 4 (paciwit-ciwit lutung) sanes?
Upami teu lepat mah nu kawit ti Bogor tea sanes? Abdi ge da di kelompok 4 Geuning pependak di ieu milis?? Dunya memang sempit,,, Hehehe... From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Roro Rohmah Sent: 24 Februari 2009 10:57 To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Goes to Museum (1) Goes to Museum Geus ampir 22 taun kuring hirup di Bandung, puseur pamarentahan Jawa Barat (sanajan ngan ukur di palebah kabupatenna), tapi can sakali-kali acan asup ka nu ngarana musieum, paling ge ngan saukur lalar-liwat hungkul. Asa mobok manggih gorowong, basa aya anggota milis nu ngabewarakeun acara nganjang ka museum, teu talangke kuring miluan daptar. Goes to Museum know teh history, naha kudu make basa Inggris nya? Teu make basa Sunda we atuh? atawa saeutiknamah bahasa Indonesia? Ceuk pikir teh, pasti loba bule nu miluan. Tanggal 22 Pebruari 2009, jam 08.00 WIB (Waktu Indonesia Bandung), di 0 KM (enol kilometer), Jl. Asia Afrika, buruan Kantor Pekerjaan Umum, geus ngagimbung loba jelema. Kuring culang-cileung ningali kaayaan. Eueluh?... geuningan barudak ngora hungkul? Mana bulena? Jiganamah judulna make basa Inggris meh gaya meureun. heheh. Reueus aya. era aya.. Reueusna, pedah we nu miluan rata-rata pelajar jeung mahasiswa, malahmah aya barudak leutik kira-kira kelas 1-2 SD, hartina loba keneh jaman kiwari barudak ngora nu daek nganjang ka musieum. Erana mah, mani asa pangkolotna, untung weh kuring ngajakan Teh Herni & Kang Gibson keur batur pakukumaha, lumayan teu culang-cileung teuing. Pamilon nu kira-kira jumlahna aya kana saratus urang, dibagi lima grup nu diaranan ku ngaran kaulinan barudak, Paciwit-ciwit Lutung, Perepet Jengkol, Ucing Sumput, dua deui mah voho. Bari nungguan grup nu tiheula indit, diayakeun kaulinan dumasar kana ngaran kelompokna sewang-sewangan. Kuring & Teh Herni dipaksa kahareup, dititah metakan kaulinan Paciwit-ciwit lutung hehehe. asa balik deui budak. Kuring jadi inget kaulinan ieu asa sarua jeung kaulian barudak Injit-injit Semut ti Batawi. nu unina kieu : Injit-injit semut, yang dibawah naik ke atas. Dina brosur aya 5 musieum nu rek didatangan teh nyaeta : Gedong Merdeka - Musieum Konferensi Asia Afrika Diresmikeun ku Persiden Soeharto, 24 April 1980 dina raraga mieling 25 taun Konferensi Asia Afrika. Ngarana ge asup ka musieum, pasti geueuman atuh. teuing mun pararoek deuih. Sup ka rohangan KAA, kasampak korsi nu jokna beureum masih keneh asli, ngajajar minuhan rohangan. Kabeneran tukang nuduhkeun jalan (guide)na bageur, pamilon dititah ngasaan diuk dina korsi sajarah. Gek kuring diuk di korsi panghareupna nu kungsi didiukan ku para "gegedug" nagara-nagara di Asia Afrika. Ceunah mah, tanggal 18-24 April 1955, nagri urang nu dipingpin ku Persiden Soekarno sukses ngahijikeun sikep jeung nyieun pedoman nyaeta Dasa Sila Bandung, gawe bareng antara nagara2 Asia Afrika dina raraga nyiptakeun kayaan dunya nu dame & tartib. Teh Herni salaku juru poto mbung tinggaleun, jeprat kaditu, jepret ka dieu sagala we ditoongan. Kuring ge jadi miluran "narsis" hayang dipoto, lumayan pajangkeuneun di fesbuk heheh. Musieum Mandala Wangsit Siliwangi bogana Angkatan Darat. Diresmikeun tanggal 23 Mei 1966 ku Panglima Divisi Siliwangi ka 8, Kolonel Ibrahim Adjie. 10 November 1980 dijieun tingkat 2, diresmikeun ku Mayjen Yoga Sugama, prasastina diteken ku Persiden Soeharto. Beda jeung Gedong Merdeka nu ditujukeun pikeun dunya internasional sagalana diapik-apik bin dialus-alus, musieum ieu mah basajan pisan. Eusi musieum lolobana ngeunaan alat-alat perang nu dipake merjoangkeun kamerdikaan nagara urang, kayaning tumbak, panah, keris, kujang, bom molotov, senjata modern, panser nepi ka baju & samping pamajikanana Kartosuwiryo ge ditapelkeun. Harti Mandala Wangsit nyaeta hiji tempat paragi neundeun amanah, papatah ti pejoang ka generasi tuturus bangsa ngaliwatan paparabotan nu ditinggalkeunana. Teh Herni kukulutus pedah teu meunang moto ku tukang nuduhkeun jalan, tungtungnamah popotoan hareupeun ambulans antik bari rada rerempodan, sieun aya nu miluan ditukangeun. (jadi inget ka pelem Hantu Ambulan iiiiyyyy..) Aya nu rada aneh, geus dua musieum nu dianjangan, tapi panuduh jalan alias guide-na urang wetan wungkul? Na kamarana urang Sunda nya? Teu raresepeun sajarah kitu?... Rombongan pamilon reureuh heula di taman Maluku, untung tengah poe, kumaha mun peuting? Inggis bisi aya nu nawar, gaswat! Hehehe. Langit hideung, ngagarayot pihujaneun. Ujug-ujug celengkeung teh panitia, ngabewarakeun yen Musieum Geologi sakeudeung deui rek ditutup, bisa jadi bakal bolay. Waduh, lebar atuh teu jadi ka musieum eta mah, lain nanaon kuring hayang pisan ningali rorongkong T-rex. Kuring usul ka panitia, tong dibolaykeun. Sanajan hujan geus mimiti pras-pris, lila-lila ngagedean. kuring, Teh Herni & Kang Gibson ngagaredig di barisan panghareupna ngajugjug Musieum Geologi. Sumanget naker, areleh we barudak ngora mah. heuheu. aja samboenganana ro2

