Nun Gusti Ieu Abdi
Nun
gusti ieu abdi,
dangukeun
jumerit hate abdi,
tingali
rembeyna cisoca abdi,
hoyong
ngabelaan agama gusti.
Nun gusti ieu
abdi,
nu ngan ukur
nyembah ka gusti,
nu sering
nyegruk ningal kaayaan agama gusti,
nu teu rido
ningal kapeurih nu dialaman hamba-hamba gusti.
Ya Allah ya
robbi,
ieu abdi
gusti,
nu rido keuna
pati,
kanggo
nanjeurkeun firman gusti.
Abdi nu teu
daya teu upaya,
nuju nyegruk
nangis palay aya guna,
nyalametkeun
dulur-dulur abdi sadaya,gusti..
Ieu abdi..
Gusti ieu abdi..
Gusti ieu abdi