Dulur awewe rada jauh, geus umur ampir 40 lelengohan keneh bae. Kolotna geus
baluweng pusing ngalieuranana, mikiran budakna ngajomlo wae. Hiji mangsa,
indungna nganjang ka dulurna nu teu pati jauh, biasa bae silaturahmi, teu
aya maksud husus. Sanggeus ngobrol ngaler ngidul ngulon ngetan, jol
kapikiran sual budakna anu ngajomlo keneh tea. Terus nanya ka nu dianjangan,
anggap bae kieu obrolanana teh...

"Lain, euy... Boga kanjut teu?" kitu ceuk babasaan si indung, maklum jeung
dulur nu geus loma ti leuleutik.
"Nya aya, karijut-karijut bae mah!" ceuk dulurna si indung.
"Tah, tah... Saha?" ceuk si indung.
"Alo kami, umurna geus opat puluhan mun teu salah mah. Teuing kunaon tah can
kawin keneh bae..." ceuk dulurna si indung.
"Aya naon? Beuki keneh kitu? Sakitu awak geus pareot..." ceuk dulurna si
indung nyusul tepus ku malik nanya.
"Hih, ari nyaneh... Boro-boro beuki kami mah, ngabayangkeunana ge sok kalah
ginggiapeun! Teu kapikir, naha nya baheula make jeung beuki ka nu kitu
patut..." ceuk si indung bibirigidigan ditema ku kerung siga nu mikir.
"Heuheuh... Heu'euh, nya... Terus naon atuh maksudna?" ceuk dulurna si
indung. Barabat bae nu duaan teh ngobrol daria.

Teu lila ti harita, lajuning laku obrolanana, nepi ka prukna bae eta dua
dulur jauh anu geus papada wawuh ti leuleutik teh ngajodo jadi ewe-salaki.
Jodo rada pakokolot meureun kasebutna. Dina malem pangantenan, si salaki
nyarita ka pamajikanana...

"Nyaho jodona mah, geus  dikawin ti baheula Nyai teh... Baheula mah
paleungkeur keneh meureun..." ceuk sakadang salaki.
"Eh... Ulah lepat, Kang... Marukan ayeuna tos teu paleungkeur deui,
nyah...?" ceuk sakadang pamajikan muncereng.
"Eta sugan.." ceuk sakadang salaki.
"Ah mangga we buktoskeun ku nyalira..." ceuk sakadang pamajikan bari
ngagoledag.

Ah hese euy hayang bisa ngadongeng kawas Don Syam mah...

On Wed, Feb 25, 2009 at 3:07 PM, syam ridwan wrote:

>    Ceuk kolot jodo mah jorok, meunangna kadang teu disangka sangka
> tampolana neangan palebah saritem eh meunang jodo di kalijodo. Kitu deui
> aktip di kusnet eh kalahka meunang jodo dimilis sejen atawa kalahka
> meunangkeun anak ibu kost. Tapi teu  kituna aya oge nu aktip di kusnet
> meunang jodona ge dikusnet oge, contona geus galituk, teu kudu disebutkeun
> deui da geus papada apal, boa dewi persik jeung adli taher ge ngajodona gara
> gara ngilu milis ieu (gosip mode on).
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke