Wilujeng kang Dian!

Hehehe, geus aya basa C rasa Sunda euy.

Ditoongan asa tos aya sababaraha karya inisiatif Kang Dian oge baraya sejenna,
nu pakait jeung dunya IT.

Jigana keur ngawadahan karya baraya nu paberencay, bacacar
dimana-mana, aya hadena
upama ngalalanyahan nyieun beungkeutan samodel foundation, konsorsium,
atawa naon
wae ngaranna anu sipatna OpenSource, nya ngarananan we Open Sundanese, hehehe,
keun we rada  ngagaya oge nya.

Tah ngaliwatan eta konsorisum urang bisa ngainventarisasi, naon nu
geus aya, naon nu rek
dipaju jeung sajabana.

Diantara garapanana bisa wae jiga kieu:
1. Narjamahkeun buku-buku komputer kana basa Sunda
2. Narjamahkeun interface dialog software-software OpenSource kana basa Sunda
3. ....

salam,
mh

On Fri, Feb 27, 2009 at 6:06 PM, Dian Tresna Nugraha
<[email protected]> wrote:
> Kang Mh,
>
> Nuhun kana panggerona.
>
> Punten rada pakpikpek, janten heuleut saminggu sareng teu tiasa nyerat
> panjang-panjang.
> Cobian nu ieu we nya kang, "BASA KOMPUTER 'C' NU DISUNDAKEUN", he he..
>
> Anu intina mah aya dina file "sunda_def.h"
> Conto programna di handap ieu (oge ditangkodkeun dina ieu surelek).
>
> SundaC tiasa digentosnami janten SundaC.exe teras jalan dina Windows/DOS.
>
> Dian
> -----------
> #include "sunda_def.h"
>
> tipe_kosong citak_baris(konstan tipe_huruf* baris, ...);
>
> tipe_integer program_utama(tipe_integer total_argumen, tipe_huruf
> **argumenana)
> {
>     tipe_integer_16 i;
>
>     citak_baris(INFO_PROGRAM);
>     set(i, 0);
>
>     pigawe
>     {
>         citak_baris("Hurip basa Sunda");
>         set(i, i + 1);
>     } salila (i kurang_ti 3);
>
>     salila(BENER)
>     {
>
>         lamun(i sarua_jeung 5)
>         {
>             citak_baris("itungan ayeuna %d", i);
>         }
>         sabalikna lamun((i sarua_jeung 15) atawa (i sarua_jeung 20))
>         {
>             citak_baris("Tah ayeuna mah geus nepi ka %d", i);
>         }
>         sabalikna lamun(i leuwih_ti 20)
>         {
>             citak_baris("Wayahna kaluar tina puteran");
>             peupeuskeun;
>         }
>
>         set(i, i + 1);
>     }
>
>     citak_baris("Sakali deui... ");
>     citak(BARIS_ANYAR);
>
>     set(i, 0);
>     salila(i kurang_ti 5)
>     {
>         citak_baris("Hurip basa Sunda!!!");
>         set(i, i + 1);
>     }
>
>     citak_baris("HURIP BASA SUNDAA!!!");
>     citak_baris("...........TOS AH, bilih jangar :-)");
>
>     balikkeun 0;
> }
> -----------
>
>
> 2009/2/21 mh <[email protected]>
> Baraya euy!
>
> Ceuk beja cenah poe ieu teh aya pakaitna jeung acara mieling Poe Indung.
> Kuanon perlu dipieling nya, moal kitu pedah urang geus teu areling. Hehehe.
>
> Cing baraya upama pasukan darat ayeuna keur ngareuah-reuah mieling poe
> indung kucara ngayakeun ngadubako, seminar jeung sajabana; urang nu
> pasukan maya rek ngareuah-reuah kucara kumaha nya?
>
> Jigana loba perkara nu ku urang bisa dilakonan, salah sahiji jurus mautna,
> urang bisa ngeureuyeuh nyundakeun dunya kucara mesek nu aya dina
> eusi mastaka urang masing-masing dikotretkeun di ieu dunya maya'.
>
> Jigana endah jasa euy, upama kawenehan jiga kieu:
>
> Ua Sas, Kang Tito, Kang Mamat jeung balad sejenna nu tukang telkom,
> ngadongeng pangaweruh popoler perkara telkom;
>
> Kang Oca, Kang Yana jeung balad sejenna nu tukang arsitek,
> ngadongeng pangaweruh populer perkara arsitek;
>
> Kang Oman jeung balad sejenna nu tukang batu,
> ngadongeng pangaweruh populer perkara batu.
>
> Ambu Diana jeung balad sejenna nu tukang barang bulukan,
> ngadongeng pangaweruh populer perkara arkeologi.
>
> Kang Ganjar, Kang Ahmad Dimyati, Kang Dudi, Kang Runa
> jeung balad sejenna nu tukang tatanen, tukang ingon-ingon,
> ngadongeng pangaweruh populer perkara tatanen jeung ingon-ingon.
>
> Kang Irfan, Kang Dian, Kang Eko jeung balad sejenna nu tukang IT,
> ngadongeng pangaweruh populer perkara IT.
>
> Baraya, mari kita hayu euy, urang ngadepong nungguan dongeng.
>
> salam,
> mh
>
> 

Kirim email ke