Baraya, Kaparengkeun, nembe pisan sim kuring dina sela-sela rumbut-rambet tutulisan, ngobrol sareng Kang Aditia Gunawan ngalangkungan YM (yahoo messenger) alias chatting tea. Si kuring sok ngabasakeun alo Adit ka anjeunna teh dumeh umur si kuring leuwih kolot wae, oge dumeh anjeunna sok ngaemangkeun ka si kuring. Kang Adit teh ti jurusan Basa Sunda, UPI, ayeuna damel di Perpustakaan Nasional, widang naskah Sunda.
Keur sakuringeun, seueur anu informasi anu penting sareng manfaat tina obrolan sareng anjeunna teh. Namung, kusabab kairong danget ieu moal cukup waktu keur ngeditna nepi ka jadi laporan atawa seratan anu ngaluyur ngeunaan hasil eta obrolan, nya di handap ieu digelarkeun saayana wae wangun obrolan YM. Ka baraya anu aya waktu sareng betah maca obrolan, mangga dihaturanan ngimeutananana. Mudah-mudahan wae aya manfaatna. *** manar: alo adit manar: damang? manar: hapunten emailna teu acan diwaleran aditia gunawan: alhamdulillah.. aditia gunawan: sae aditia gunawan: kumaha sawangsulna mang? manar: sae alhamdulillah aditia gunawan: muhun, ngintun email teh nuju baluweng harita teh mang manar: baluweng kunaon? aditia gunawan: maos naskah ngeunaan wagura lemah aditia gunawan: jigana tiasa disalusur tina kahirupan masyarakat baduy nu ku ua kantos diposting ka kusnet manar: muhun manar: waruga lemah teh naskah ti jaman saha? manar: abad ka sabaraha? manar: samangsa sareng naskah sewaka dharma? aditia gunawan: teu aya katerangan waktos aditia gunawan: mung eta naskah ditulis dina lontar manar: eta diserat ku aksara naon? aditia gunawan: aksara sunda kuno manar: oh...atuh rada kolot nya? manar: sunda kuno anu mana? aksara pakuan? aditia gunawan: muhun numawi manar: leuh....aya sabaraha kaca? manar: nyarioskeun naon? aditia gunawan: di lebetna (jigana) ngeunaan cara ngababakan, nyieun imah, jsb manar: oh...langkun kana permukiman nya, sumber daya buatan tea manar: tiasa janten bahan arsitektur Sunda atuh? manar: atawa langkung nyoko kana tata ruang atawa pemukiman? aditia gunawan: kana pemukiman wa manar: =wah sae pisan manar: abdi kataji aditia gunawan: lamun datar disebutna singha purusa aditia gunawan: lamun nyengceling ngalingga manik manar: alo....asana kapungkur kantos nyarioskeun soal biaya kanggo naon teh? motokopi naskah kitu nya? aditia gunawan: o eta, muhun manar: sabarahaeun sadayana? manar: produkna / outputna mangrupa naon? dina naon mediana? aditia gunawan: abdi mah usul naskah Sunda kuno aditia gunawan: nu dina lontar aditia gunawan: teu tiasa difoto kopi aditia gunawan: mung dipotret manar: janten mikro film atanapi foto digital biasa? aditia gunawan: tah kitu aditia gunawan: sarengna naskah Sunda kuno mah teu aya mikrofilmna manar: maksadna? aditia gunawan: abdi mendak aya 17 naskah nu teu kadata dina katalog manar: teu acan aya anu ngadamel mikro filmna atanapi kumaha? aditia gunawan: sumuhun aditia gunawan: pami potret mah kantos ku sundanologi tea manar: aya sabaraha nya jumlah-jamleh naskah sunda anu kacatet ku sajarawan teh? aditia gunawan: sadaya panalungtikan aya 21 naskah aditia gunawan: koleksi perpusnas 15 naskah aditia gunawan: nu genepna ti lembaga sanes atanapi ti Ciburuy aditia gunawan: kirang langkung naskah teh aya 56an aditia gunawan: garapan 21 naskah teh saabadeun pan nya mang? manar: kajaba anu di Walanda nya teu acan kaetang? manar: muhun heuheu aditia gunawan: seueur naskah nu diaos salangkungan ngagaduhan ajen sapertos siksa kandang mang aditia gunawan: ensiklopedis kitu aditia gunawan: asumsi abdi, kapungkur kantos hasil teh nya ku alpukahna sundanologi nu motret naskah manar: pami hoyong ngagaduhan sadaya naskah anu aya di perpusnas, sabaraheun biayana? aditia gunawan: maksadna fotona? manar: naon wae...naha fotona, anu tiasa difotocopy nya difotcopy, pokona jumlah-jamlehna sabarahaeun etangan salira? aditia gunawan: wah,,peryogi dietang deui mang..komo pami sadaya naskah (kalebet nu kertas) mah.. manar: muhun cobi etang nya manar: 15 naskah sanes sadayana? manar: atanapi 21 naskah? aditia gunawan: sadayana 56 naskah manar: 56 naskah sadayana aya di perpusna? manar: perpusnas aditia gunawan: sumuhun manar: siip..cobi nya dietang alo sadaya biayana manar: susuganan wae abdi gaduh rizki aditia gunawan: mangga manar: cikan ngadamel direktorina alo aditia gunawan: nuju disusun mang.. manar: misalna, ngadamel tabel, kolom kahiji no, kadua: judul naskah, katilu : status panalungtikan, kaopat: status alih basa atanapi alih aksara jst manar: taun didamelna manar: saha anu mendakanana manar: jst aditia gunawan: muhun mangga manar: aya anu nyebatkeun cenah naskah di tatar Sunda teh sadayana aya kl 80-an, dimana nya nu sapalih deui? aditia gunawan: eta teh dumasar katalog pa Eddy aditia gunawan: parantos dicek deui seueur nu teu luyu manar: kutan kitu? manar: anu aya buktosna mah teu dugi ka 60 nya? aditia gunawan: dina katalog anjeunna, ti no 49-89 teh mung dieusian kodena weh manar: teras eta kode teu buktosna? aditia gunawan: pas diparios nya eta kalebet naskah Jawa manar: oh... manar: naskah Jawa atawa naskah Sunda ditulis ku huruf Jawa? manar: ari anu huruf arab pegon teu dietang? aditia gunawan: keke aditia gunawan: kan diperpusnas teh naskah Sunda teh kabagi 2 aditia gunawan: nu 1 dina rak manar: cikan kmh bag2anana aditia gunawan: nu ka2 dina peti manar: oh...eta peti teu acan dibuka? aditia gunawan: dina rak, sadayana kertas, tos seueur ditalungtik, aksarana Jawa atanapi Pegon aditia gunawan: nu dina peti kabagi 2 aditia gunawan: aya lontar sareng arsip ti juragan2 walanda manar: kutan kitu manar: ari anu dina peti teu acan kabuka sadayana? aditia gunawan: tah nu dina katalog pa eddy nu lepat teh nya deskripsina kana naskah peti mang aditia gunawan: muhun, nembe 15 naskah nu ditalungtik manar: mmm...maksadna teu luyu antara kode sareng buktina? aditia gunawan: muhun, da pa eddy mung masihan no kode weh aditia gunawan: teu dipasihan katerangan Judul, aksara aditia gunawan: jsb manar: ana dipariksa eta no kode teh...kmh? manar: seueur anu duplikasi maksadna? aditia gunawan: duplikasi? manar: maksad teh barangna hiji, namung kodena aya dua atawa kumaha? manar: atawa teu aya barangna? aditia gunawan: barangna aya, nanging pa Eddy nyebatkeun yen eta naskah Sunda, bari teu dijudulan, teu disebatkeun aksarana, jsb manar: nya atuh eta mah kalebet aya manar: oh maksadna bisa jadi aksarana aksara Jawa sanes? manar: ke ari definisi naskah Sunda teh kumaha? manar: maksad abdi aya dina patarosan ieu: upami hiji naskah nyarioskeun Sunda tapin diserat dina aksara sanes aksara Sunda, naha eta teu kalebet naskah Sunda? aditia gunawan: abdi ningal katalog Jawa, teras naros ka ahli Jawa, nyebat yen eta mah naskah Jawa aditia gunawan: muhun, kahartos manar: upami hiji naskah nyarioskeun Sunda tapin diserat dina aksara sanes aksara Sunda, naha eta teu kalebet naskah Sunda? aditia gunawan: kalebet manar: nuhun aditia gunawan: cekap nyumponan salah sahiji sarat: aksara, bahasa, tema manar: janten atuh aya kana 80-anana naskah Sunda teh atanapi...masih diragukeun pedah aksarana aksara Jawa? aditia gunawan: da eusina tos ditalungtik ku urang Jawa nu eta mah manar: mmm.... aditia gunawan: jeung dina notulensina naskah2 eta teh ti Jawa asalna manar: oh kitu manar: kahartos pami kitu mah manar: janten tiasa janten sanajan nyarioskeun Sunda namung kalebet karya budaya Jawa nya maksadna? aditia gunawan: sajabi ti eta, dina naskah2 eta, seueur naskah bali malahan mah manar: muhun, janten tambah kaditu-kadieu nya aditia gunawan: numawi aditia gunawan: intina, abdi jeung kru ti PNRI tos stock opname dua sasih aditia gunawan: mariosan deui katalog, manar: dumasar kalkulasi sapertos kitu nya anu kaetang leres2 naskah Sunda mah teu dugi ka 60, kitu panginten nya kacindekanana? aditia gunawan: marios deui naskah hiji-hiji aditia gunawan: sumuhun kitu manar: walah, hebat kacida manar: tumaros anu rada penting deui yeuh...wayahna da emang mah rumasa teu apal nanaon: dupi anu pangkolotna naskah teh taun atawa abad sabaraha? aditia gunawan: punten mang nya.,.. manar: kumaha? manar: bade bobo? hehehe aditia gunawan: sanes,,bilih disangki nyanyahoanan aditia gunawan: hehe manar: ih nya henteu atuh, dibanding anu teu didamel dina widang eta mah nya atuh salira teh kalebet narasumber naskah Sunda manar: minimal dina jihat pendataanana aditia gunawan: nu aya titi mangsa salami ieu, naskah Sunda kuno mung Siksa Kandang manar: taun sabaraha eta teh? aditia gunawan: 1518 saurna mah manar: alhamdulillah, jentre pisan, kapendak dugi ka taunna manar: tangtosna oge katulis dina naskah aslina nya taun sakitu aditia gunawan: hanjakalna,,sareng wayahna,, memang seueur nu teu aya angka taunna manar: ari anu pangngorana taun sabaraha? aditia gunawan: tah pami eta duka, da dina undang-undang mah minimal 50 taun tos disebat naskah manar: kutan kitu? manar: atuh baris seueur banda naskah sunda teh nya manar: upamana wae, ti periode Sumedang rupina aya oge naskah2 aditia gunawan: janten pami taun 1959 aya tulisan tangan,,teu acan diterbitkeun,, nya eta naskah manar: oh...nembe terang abdi aditia gunawan: aya oge mang saurna mah manar: eta tulisan tangan teh salah sahiji syarat hiji karya disebat naskah? aditia gunawan: sumuhun,, manar: upami kieu kumaha: aya surat cinta atawa surat anu bobogohan, ditulis tangan, titimangsa taun 1920, naha eta tiasa disebat naskah? aditia gunawan: tiasa manar: kutan? aditia gunawan: boa keur anak incu mah eta teh penting manar: leuh.... aditia gunawan: hehe aditia gunawan: heureuy mang manar: walah hehehe, hanas.... manar: janten, ugeran sejenna hiji karya tulis disebat naskah teh nyaeta eusina kudu ngeunaan kabudayaan? aditia gunawan: nu dianggap aset budaya aditia gunawan: leres manar: tah eta basana, ti salira mah pas: aset budaya aditia gunawan: tiasa wae si emang mah manar: eh leres alo...halimpu pan kakupingna: aset budaya, pas pisan manar: ke...dupi seuseueurna naskah Sunda madungdengkeun atawa nyarioskeun naon wae? manar: naha aturan kahirupan, alam saba'da maot, sajarah, kahirupan baheula atawa naon? aditia gunawan: ceuk abdi, agama manar: kutan...? manar: wah....kataji alo manar: ke...agama anu kumaha? maksad teh dimensi naon tina agama? naha ritualna? eusi agama? dimensi sosial? atawa....? manar: manfaat agama....? tatacara beragama? aditia gunawan: tah eta mah rada sesah mang aditia gunawan: kedah dipaluruh heula manar: punten alo bisi si emang jadi kaasup nyosok jero manar: muhun...punten naroskeun anu sesah manar: ari seuseueurna eta naskah nyebatkeun saha anu nyeratna? aditia gunawan: dimensi spiritual & sosial seuseueurna mah aditia gunawan: ritual sakedik manar: muhun...nuhun alo, eta informasi penting kacida manar: sigana ieu abdi kalebet kuliah sajam dua jam mah, salira dosenna aditia gunawan: sanes,,abdi nuju dites ku dosen senior manar: ih...ulah sok kitu aditia gunawan: abdi mahasiswa nu hoyong lulus aditia gunawan: hehe manar: leres abdi teu terang alo kana naon anu tadi ditaroskeun manar: sigana, seueueurna naskah teu nyebatkeun saha anu nyeratna nya? aditia gunawan: jigana deui wae,,dina naskah pra Islam mah jarang pisan eksistensi panulis teh aditia gunawan: dipublikasikeun manar: oh...nuhun informasina aditia gunawan: dina naskah islam + kolonial jawa mah tos ngawitan aya aditia gunawan: dina naskah buhun mah nyebatkeun teh boncah nu ireg manar: ari pituduh sanesna kumaha gambaranana? upamana, naha aya pituduh eta naskah teh diserat di lingkungan karajaan/istana atanapi di pertapaan atanapi rahayat biasa? aditia gunawan: budak boloho manar: Subhanalloh... aditia gunawan: nu nulis naskah teh boloho nya?hehehe manar: eta aya ku handap asor, ngakuna bocah boloho (boncah nu ireg), padahal matak nyerat naskah ge tangtos pinter sareng nyangking kasadaran leuwih ti masyarakat umumna aditia gunawan: muhun kitu manar: kumaha eta pituduh sanesna? manar: naha seuseueurna naskah teh diserat di lingkungan karajaan/istana? aditia gunawan: seuseueurna mah diserat di gunung aditia gunawan: di Mandala manar: eta geura, leres kitu? manar: emhh....paingan atuh nya gunung teh kabuyutan tea aditia gunawan: cobi, da teu aya nu nyebat naskah ditulis di istana aditia gunawan: sapertos kakawin di Jawa manar: Subhanalloh...atuh bebas pisan tina pangaruh raja nya? aditia gunawan: tapi piraku nya? aditia gunawan: kan dina SSKK aya Prebu aditia gunawan: tri Tangtu tea manar: sigana...hunungan istana sareng gunung di Sunda memang rada raket manar: maksad teh, dina waktu2 anu tinangtu, anu ti istana teh sok ka gunung aditia gunawan: sapuk mang manar: atawa, dina kaakhirnakeun mangsa jumeneng di ieu dunya aya periode meditasi di gunung aditia gunawan: abdi kataji ku bujangga manik,, manar: ke sakedap, samemeh bujangga manik, aya patrosan hiji deui ngeunaan saha/dimana naskah Sunda diserat aditia gunawan: dina kolofon, aya sababaraha tempat aditia gunawan: gunung Cikuray, gunung Sri Mahapawitra, gunung Kumbang, Gunung Larang Sri Manganti, Gunung Jedang, jste manar: eta, saur abah Surya, aya kamungkinan naskah Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian eusi pangemut (pemikiran) Sri BAduga anu diserat ku salah sawios jurutulisna, isteri, namina Ni Dawit, kumaha pamendak salira kana hal eta? aditia gunawan: tiasa janten, tapi engke panginten waleranna mah,,pami ieu garapan nu kantun 45 naskah (75%) kagarap aditia gunawan: heuheu manar: wah...edisi tunda eung...mangga teu sawios manar: salse wae, mangga rampungkeun heula eta garapan, ulah eureun atawa koma dina 75% manar: eta nami gunung2 anu td disebatkeun ku alo, abdi isin manar: sanajan kungsi diajar geografi, mung hiji gunung anu leres2 terang persisna diman (Cikuray), anu sanesna kungsi nguping (Sri Manganti), sesana mah lebeng, nembe nguping ayeuna manar: gunung Kumbang sigana aya keneh dina peta topografi manar: maksadna kacatet keneh aditia gunawan: gunung sri Mahapawitra kasebat dina bujangga manik aditia gunawan: saurna tanggeran na panaitan aditia gunawan: abdi oge curiga, di panaitan kapan aya patung siwa manar: Panaitan mah caket Ujungkulon, Pandeglang manar: maksadna P. Panaitan? aditia gunawan: sumuhun eta, mung nembe praduga manar: mmm...informasi anu matak narik ati aditia gunawan: dina ensiklopedi aya arca Siwa di Panaitan manar: eta tiasa janten ngaruntuy kana periode agrabinta? aditia gunawan: tiasa janten,,nu mawi abdi hoyong pendak sareng ambu, mang oman, sareng abah Surya manar: sae pisan ....hayu, cobi urang rencanakeun aditia gunawan: mangga mang,,bingah pisan manar: ke, tadi alo nyebatkeun kataji ku Bujanggamanik (BM), naon anu matak katajina? aditia gunawan: mhun, kalangan "menak" nu ninggalkeun istana ngalalana ka unggal mandala, bari dicatet patempatan2nana.. aditia gunawan: pangalamanana,,eta janten Sumber utama,, aditia gunawan: teu eleh geleng ku Negarakertagama manar: aya anu nyebatkeun BM teh sajarawan anu nganggo metode deskriptif sareng pembuktian langsun ka lokasi nya? aditia gunawan: hahaha manar: *langsun = langsung aditia gunawan: jigana mah kitu manar: maksudna, BM teu cukup ku ceuk beja atawa ceuk anu nyaritakeun manar: janten BM teh katurunan raja? ti silsilah raja mana? aditia gunawan: duka tah,,teu acan maluruh langkung teleb aditia gunawan: pamendak emang kumaha? manar: dupi basa/aksara Sunda anu dianggo ku BM Sunda anu mana? aditia gunawan: sunda kuno aditia gunawan: nu diunicodekeun manar: hehehe,.....siga Gatotkaca alo mah, ditaros kalahka malik naros manar: nuhun alo manar: sabaraha naskah karya BM teh? aditia gunawan: abdi mah curigana seueur,,tapi pan nyaeta,,jarang nyebatkeun nami aditia gunawan: mung dina kekecapan, gaya basa, jsb, seueur nu sapertos BM nyarita aditia gunawan: wa, cekap heula nya,,engke disambung deui..ieu bade diberesan saurna warnetna...hehehe manar: wah...matak kataji deui wae aditia gunawan: hatur nuhun ah waktos ngadu bakona manar: aeh...bade kamana alo? manar: duh punten tos diganggu ku abdi waktuna manar: hatur nuhun pisan manar: ke sakedap manar: aya pameredih yeuh aditia gunawan: mangga manar: mugi kawidian, ieu obrolan bade diposting ku abdi ka milist manar: ulah salempang, ieu mah teu aya maksad nanaon aditia gunawan: waduh manar: manawi aya manfaatna, sedeng upami ngedit deui abdi teu aya waktu manar: moal nanaon, malah nu sanes nganuhunkeun geura manar: da ari dihaja-haja nyerat mah alo oge apan nuju sibuk manar: kumaha? kawidian nya? aditia gunawan: mangga wae atuh..mung emang tanggel waler aditia gunawan: bilih aya nu nyegat abdi di jalan aditia gunawan: hehehe manar: keun wae soal pamadega alo kana pendapat mang Ayat alm mah, namina oge akademis atawa wacana ilmiah manar: ih ...nya teu nanaon ari anu mendakan di jalan spirit BM mah manar: alias sumangetna, sae pisan aditia gunawan: mang Ayat nu mana? aditia gunawan: maksadna pamadegan mang ayat nu mana? manar: eh saha anu td disebat di luhur anu nyebatkeun 80 nakshan teh? aditia gunawan: pa Eddy panginten manar: Pa Eddy S Ekajati alm nya? manar: muhun leres eta aditia gunawan: sumuhun,, aditia gunawan: mangga eta mah,,da abdi tos ngaraos yakin manar: alhamdulillah atuh manar: hatur nuhun alo aditia gunawan: pd we jiga BM aditia gunawan: hehehe manar: ih kedah kitu barina oge aditia gunawan: mangga atuh mang nya..ieu tos diusir,,heuheu manar: mangga alo manar: hatur nuhun pisan aditia gunawan: tepang deui sanes waktos aditia gunawan: nuhuuuuun pisa aditia gunawan is typing a message. aditia gunawan: n manar: tos medar pependakan perkawis naskah Sunda manar: mangga, muhun *** Cag. manar

