Seru maos chatingan na Mang..hehe ngiring nga-emang-keun. Abi ge asa kuliah sejarah sastra sumda dini hari. Nuhun postingan na,nuhun oge kanggo kang AG. ;-)
On 2/27/09, oman abdurahman <[email protected]> wrote: > Baraya, > > Kaparengkeun, nembe pisan sim kuring dina sela-sela rumbut-rambet tutulisan, > ngobrol sareng Kang Aditia Gunawan ngalangkungan YM (yahoo messenger) alias > chatting tea. Si kuring sok ngabasakeun alo Adit ka anjeunna teh dumeh umur > si kuring leuwih kolot wae, oge dumeh anjeunna sok ngaemangkeun ka si > kuring. Kang Adit teh ti jurusan Basa Sunda, UPI, ayeuna damel di > Perpustakaan Nasional, widang naskah Sunda. > > Keur sakuringeun, seueur anu informasi anu penting sareng manfaat tina > obrolan sareng anjeunna teh. Namung, kusabab kairong danget ieu moal cukup > waktu keur ngeditna nepi ka jadi laporan atawa seratan anu ngaluyur ngeunaan > hasil eta obrolan, nya di handap ieu digelarkeun saayana wae wangun obrolan > YM. Ka baraya anu aya waktu sareng betah maca obrolan, mangga dihaturanan > ngimeutananana. Mudah-mudahan wae aya manfaatna. > > *** > manar: alo adit > manar: damang? > manar: hapunten emailna teu acan diwaleran > aditia gunawan: alhamdulillah.. > aditia gunawan: sae > aditia gunawan: kumaha sawangsulna mang? > manar: sae alhamdulillah > aditia gunawan: muhun, ngintun email teh nuju baluweng harita teh mang > manar: baluweng kunaon? > aditia gunawan: maos naskah ngeunaan wagura lemah > aditia gunawan: jigana tiasa disalusur tina kahirupan masyarakat baduy nu ku > ua kantos diposting ka kusnet > manar: muhun > manar: waruga lemah teh naskah ti jaman saha? > manar: abad ka sabaraha? > manar: samangsa sareng naskah sewaka dharma? > aditia gunawan: teu aya katerangan waktos > aditia gunawan: mung eta naskah ditulis dina lontar > manar: eta diserat ku aksara naon? > aditia gunawan: aksara sunda kuno > manar: oh...atuh rada kolot nya? > manar: sunda kuno anu mana? aksara pakuan? > aditia gunawan: muhun numawi > manar: leuh....aya sabaraha kaca? > manar: nyarioskeun naon? > aditia gunawan: di lebetna (jigana) ngeunaan cara ngababakan, nyieun imah, > jsb > manar: oh...langkun kana permukiman nya, sumber daya buatan tea > manar: tiasa janten bahan arsitektur Sunda atuh? > manar: atawa langkung nyoko kana tata ruang atawa pemukiman? > aditia gunawan: kana pemukiman wa > manar: =wah sae pisan > manar: abdi kataji > aditia gunawan: lamun datar disebutna singha purusa > aditia gunawan: lamun nyengceling ngalingga manik > manar: alo....asana kapungkur kantos nyarioskeun soal biaya kanggo naon teh? > motokopi naskah kitu nya? > aditia gunawan: o eta, muhun > manar: sabarahaeun sadayana? > manar: produkna / outputna mangrupa naon? dina naon mediana? > aditia gunawan: abdi mah usul naskah Sunda kuno > aditia gunawan: nu dina lontar > aditia gunawan: teu tiasa difoto kopi > aditia gunawan: mung dipotret > manar: janten mikro film atanapi foto digital biasa? > aditia gunawan: tah kitu > aditia gunawan: sarengna naskah Sunda kuno mah teu aya mikrofilmna > manar: maksadna? > aditia gunawan: abdi mendak aya 17 naskah nu teu kadata dina katalog > manar: teu acan aya anu ngadamel mikro filmna atanapi kumaha? > aditia gunawan: sumuhun > aditia gunawan: pami potret mah kantos ku sundanologi tea > manar: aya sabaraha nya jumlah-jamleh naskah sunda anu kacatet ku sajarawan > teh? > aditia gunawan: sadaya panalungtikan aya 21 naskah > aditia gunawan: koleksi perpusnas 15 naskah > aditia gunawan: nu genepna ti lembaga sanes atanapi ti Ciburuy > aditia gunawan: kirang langkung naskah teh aya 56an > aditia gunawan: garapan 21 naskah teh saabadeun pan nya mang? > manar: kajaba anu di Walanda nya teu acan kaetang? > manar: muhun heuheu > aditia gunawan: seueur naskah nu diaos salangkungan ngagaduhan ajen sapertos > siksa kandang mang > aditia gunawan: ensiklopedis kitu > aditia gunawan: asumsi abdi, kapungkur kantos hasil teh nya ku alpukahna > sundanologi nu motret naskah > manar: pami hoyong ngagaduhan sadaya naskah anu aya di perpusnas, sabaraheun > biayana? > aditia gunawan: maksadna fotona? > manar: naon wae...naha fotona, anu tiasa difotocopy nya difotcopy, pokona > jumlah-jamlehna sabarahaeun etangan salira? > aditia gunawan: wah,,peryogi dietang deui mang..komo pami sadaya naskah > (kalebet nu kertas) mah.. > manar: muhun cobi etang nya > manar: 15 naskah sanes sadayana? > manar: atanapi 21 naskah? > aditia gunawan: sadayana 56 naskah > manar: 56 naskah sadayana aya di perpusna? > manar: perpusnas > aditia gunawan: sumuhun > manar: siip..cobi nya dietang alo sadaya biayana > manar: susuganan wae abdi gaduh rizki > aditia gunawan: mangga > manar: cikan ngadamel direktorina alo > aditia gunawan: nuju disusun mang.. > manar: misalna, ngadamel tabel, kolom kahiji no, kadua: judul naskah, katilu > : status panalungtikan, kaopat: status alih basa atanapi alih aksara jst > manar: taun didamelna > manar: saha anu mendakanana > manar: jst > aditia gunawan: muhun mangga > manar: aya anu nyebatkeun cenah naskah di tatar Sunda teh sadayana aya kl > 80-an, dimana nya nu sapalih deui? > aditia gunawan: eta teh dumasar katalog pa Eddy > aditia gunawan: parantos dicek deui seueur nu teu luyu > manar: kutan kitu? > manar: anu aya buktosna mah teu dugi ka 60 nya? > aditia gunawan: dina katalog anjeunna, ti no 49-89 teh mung dieusian kodena > weh > manar: teras eta kode teu buktosna? > aditia gunawan: pas diparios nya eta kalebet naskah Jawa > manar: oh... > manar: naskah Jawa atawa naskah Sunda ditulis ku huruf Jawa? > manar: ari anu huruf arab pegon teu dietang? > aditia gunawan: keke > aditia gunawan: kan diperpusnas teh naskah Sunda teh kabagi 2 > aditia gunawan: nu 1 dina rak > manar: cikan kmh bag2anana > aditia gunawan: nu ka2 dina peti > manar: oh...eta peti teu acan dibuka? > aditia gunawan: dina rak, sadayana kertas, tos seueur ditalungtik, aksarana > Jawa atanapi Pegon > aditia gunawan: nu dina peti kabagi 2 > aditia gunawan: aya lontar sareng arsip ti juragan2 walanda > manar: kutan kitu > manar: ari anu dina peti teu acan kabuka sadayana? > aditia gunawan: tah nu dina katalog pa eddy nu lepat teh nya deskripsina > kana naskah peti mang > aditia gunawan: muhun, nembe 15 naskah nu ditalungtik > manar: mmm...maksadna teu luyu antara kode sareng buktina? > aditia gunawan: muhun, da pa eddy mung masihan no kode weh > aditia gunawan: teu dipasihan katerangan Judul, aksara > aditia gunawan: jsb > manar: ana dipariksa eta no kode teh...kmh? > manar: seueur anu duplikasi maksadna? > aditia gunawan: duplikasi? > manar: maksad teh barangna hiji, namung kodena aya dua atawa kumaha? > manar: atawa teu aya barangna? > aditia gunawan: barangna aya, nanging pa Eddy nyebatkeun yen eta naskah > Sunda, bari teu dijudulan, teu disebatkeun aksarana, jsb > manar: nya atuh eta mah kalebet aya > manar: oh maksadna bisa jadi aksarana aksara Jawa sanes? > manar: ke ari definisi naskah Sunda teh kumaha? > manar: maksad abdi aya dina patarosan ieu: upami hiji naskah nyarioskeun > Sunda tapin diserat dina aksara sanes aksara Sunda, naha eta teu kalebet > naskah Sunda? > aditia gunawan: abdi ningal katalog Jawa, teras naros ka ahli Jawa, nyebat > yen eta mah naskah Jawa > aditia gunawan: muhun, kahartos > manar: upami hiji naskah nyarioskeun Sunda tapin diserat dina aksara sanes > aksara Sunda, naha eta teu kalebet naskah Sunda? > aditia gunawan: kalebet > manar: nuhun > aditia gunawan: cekap nyumponan salah sahiji sarat: aksara, bahasa, tema > manar: janten atuh aya kana 80-anana naskah Sunda teh atanapi...masih > diragukeun pedah aksarana aksara Jawa? > aditia gunawan: da eusina tos ditalungtik ku urang Jawa nu eta mah > manar: mmm.... > aditia gunawan: jeung dina notulensina naskah2 eta teh ti Jawa asalna > manar: oh kitu > manar: kahartos pami kitu mah > manar: janten tiasa janten sanajan nyarioskeun Sunda namung kalebet karya > budaya Jawa nya maksadna? > aditia gunawan: sajabi ti eta, dina naskah2 eta, seueur naskah bali malahan > mah > manar: muhun, janten tambah kaditu-kadieu nya > aditia gunawan: numawi > aditia gunawan: intina, abdi jeung kru ti PNRI tos stock opname dua sasih > aditia gunawan: mariosan deui katalog, > manar: dumasar kalkulasi sapertos kitu nya anu kaetang leres2 naskah Sunda > mah teu dugi ka 60, kitu panginten nya kacindekanana? > aditia gunawan: marios deui naskah hiji-hiji > aditia gunawan: sumuhun kitu > manar: walah, hebat kacida > manar: tumaros anu rada penting deui yeuh...wayahna da emang mah rumasa teu > apal nanaon: dupi anu pangkolotna naskah teh taun atawa abad sabaraha? > aditia gunawan: punten mang nya.,.. > manar: kumaha? > manar: bade bobo? hehehe > aditia gunawan: sanes,,bilih disangki nyanyahoanan > aditia gunawan: hehe > manar: ih nya henteu atuh, dibanding anu teu didamel dina widang eta mah nya > atuh salira teh kalebet narasumber naskah Sunda > manar: minimal dina jihat pendataanana > aditia gunawan: nu aya titi mangsa salami ieu, naskah Sunda kuno mung Siksa > Kandang > manar: taun sabaraha eta teh? > aditia gunawan: 1518 saurna mah > manar: alhamdulillah, jentre pisan, kapendak dugi ka taunna > manar: tangtosna oge katulis dina naskah aslina nya taun sakitu > aditia gunawan: hanjakalna,,sareng wayahna,, memang seueur nu teu aya angka > taunna > manar: ari anu pangngorana taun sabaraha? > aditia gunawan: tah pami eta duka, da dina undang-undang mah minimal 50 taun > tos disebat naskah > manar: kutan kitu? > manar: atuh baris seueur banda naskah sunda teh nya > manar: upamana wae, ti periode Sumedang rupina aya oge naskah2 > aditia gunawan: janten pami taun 1959 aya tulisan tangan,,teu acan > diterbitkeun,, nya eta naskah > manar: oh...nembe terang abdi > aditia gunawan: aya oge mang saurna mah > manar: eta tulisan tangan teh salah sahiji syarat hiji karya disebat naskah? > aditia gunawan: sumuhun,, > manar: upami kieu kumaha: aya surat cinta atawa surat anu bobogohan, ditulis > tangan, titimangsa taun 1920, naha eta tiasa disebat naskah? > aditia gunawan: tiasa > manar: kutan? > aditia gunawan: boa keur anak incu mah eta teh penting > manar: leuh.... > aditia gunawan: hehe > aditia gunawan: heureuy mang > manar: walah hehehe, hanas.... > manar: janten, ugeran sejenna hiji karya tulis disebat naskah teh nyaeta > eusina kudu ngeunaan kabudayaan? > aditia gunawan: nu dianggap aset budaya > aditia gunawan: leres > manar: tah eta basana, ti salira mah pas: aset budaya > aditia gunawan: tiasa wae si emang mah > manar: eh leres alo...halimpu pan kakupingna: aset budaya, pas pisan > manar: ke...dupi seuseueurna naskah Sunda madungdengkeun atawa nyarioskeun > naon wae? > manar: naha aturan kahirupan, alam saba'da maot, sajarah, kahirupan baheula > atawa naon? > aditia gunawan: ceuk abdi, agama > manar: kutan...? > manar: wah....kataji alo > manar: ke...agama anu kumaha? maksad teh dimensi naon tina agama? naha > ritualna? eusi agama? dimensi sosial? atawa....? > manar: manfaat agama....? tatacara beragama? > aditia gunawan: tah eta mah rada sesah mang > aditia gunawan: kedah dipaluruh heula > manar: punten alo bisi si emang jadi kaasup nyosok jero > manar: muhun...punten naroskeun anu sesah > manar: ari seuseueurna eta naskah nyebatkeun saha anu nyeratna? > aditia gunawan: dimensi spiritual & sosial seuseueurna mah > aditia gunawan: ritual sakedik > manar: muhun...nuhun alo, eta informasi penting kacida > manar: sigana ieu abdi kalebet kuliah sajam dua jam mah, salira dosenna > aditia gunawan: sanes,,abdi nuju dites ku dosen senior > manar: ih...ulah sok kitu > aditia gunawan: abdi mahasiswa nu hoyong lulus > aditia gunawan: hehe > manar: leres abdi teu terang alo kana naon anu tadi ditaroskeun > manar: sigana, seueueurna naskah teu nyebatkeun saha anu nyeratna nya? > aditia gunawan: jigana deui wae,,dina naskah pra Islam mah jarang pisan > eksistensi panulis teh > aditia gunawan: dipublikasikeun > manar: oh...nuhun informasina > aditia gunawan: dina naskah islam + kolonial jawa mah tos ngawitan aya > aditia gunawan: dina naskah buhun mah nyebatkeun teh boncah nu ireg > manar: ari pituduh sanesna kumaha gambaranana? upamana, naha aya pituduh eta > naskah teh diserat di lingkungan karajaan/istana atanapi di pertapaan > atanapi rahayat biasa? > aditia gunawan: budak boloho > manar: Subhanalloh... > aditia gunawan: nu nulis naskah teh boloho nya?hehehe > manar: eta aya ku handap asor, ngakuna bocah boloho (boncah nu ireg), > padahal matak nyerat naskah ge tangtos pinter sareng nyangking kasadaran > leuwih ti masyarakat umumna > aditia gunawan: muhun kitu > manar: kumaha eta pituduh sanesna? > manar: naha seuseueurna naskah teh diserat di lingkungan karajaan/istana? > aditia gunawan: seuseueurna mah diserat di gunung > aditia gunawan: di Mandala > manar: eta geura, leres kitu? > manar: emhh....paingan atuh nya gunung teh kabuyutan tea > aditia gunawan: cobi, da teu aya nu nyebat naskah ditulis di istana > aditia gunawan: sapertos kakawin di Jawa > manar: Subhanalloh...atuh bebas pisan tina pangaruh raja nya? > aditia gunawan: tapi piraku nya? > aditia gunawan: kan dina SSKK aya Prebu > aditia gunawan: tri Tangtu tea > manar: sigana...hunungan istana sareng gunung di Sunda memang rada raket > manar: maksad teh, dina waktu2 anu tinangtu, anu ti istana teh sok ka gunung > aditia gunawan: sapuk mang > manar: atawa, dina kaakhirnakeun mangsa jumeneng di ieu dunya aya periode > meditasi di gunung > aditia gunawan: abdi kataji ku bujangga manik,, > manar: ke sakedap, samemeh bujangga manik, aya patrosan hiji deui ngeunaan > saha/dimana naskah Sunda diserat > aditia gunawan: dina kolofon, aya sababaraha tempat > aditia gunawan: gunung Cikuray, gunung Sri Mahapawitra, gunung Kumbang, > Gunung Larang Sri Manganti, Gunung Jedang, jste > manar: eta, saur abah Surya, aya kamungkinan naskah Sanghiyang Siksa Kanda > Ng Karesian eusi pangemut (pemikiran) Sri BAduga anu diserat ku salah sawios > jurutulisna, isteri, namina Ni Dawit, kumaha pamendak salira kana hal eta? > aditia gunawan: tiasa janten, tapi engke panginten waleranna mah,,pami ieu > garapan nu kantun 45 naskah (75%) kagarap > aditia gunawan: heuheu > manar: wah...edisi tunda eung...mangga teu sawios > manar: salse wae, mangga rampungkeun heula eta garapan, ulah eureun atawa > koma dina 75% > manar: eta nami gunung2 anu td disebatkeun ku alo, abdi isin > manar: sanajan kungsi diajar geografi, mung hiji gunung anu leres2 terang > persisna diman (Cikuray), anu sanesna kungsi nguping (Sri Manganti), sesana > mah lebeng, nembe nguping ayeuna > manar: gunung Kumbang sigana aya keneh dina peta topografi > manar: maksadna kacatet keneh > aditia gunawan: gunung sri Mahapawitra kasebat dina bujangga manik > aditia gunawan: saurna tanggeran na panaitan > aditia gunawan: abdi oge curiga, di panaitan kapan aya patung siwa > manar: Panaitan mah caket Ujungkulon, Pandeglang > manar: maksadna P. Panaitan? > aditia gunawan: sumuhun eta, mung nembe praduga > manar: mmm...informasi anu matak narik ati > aditia gunawan: dina ensiklopedi aya arca Siwa di Panaitan > manar: eta tiasa janten ngaruntuy kana periode agrabinta? > aditia gunawan: tiasa janten,,nu mawi abdi hoyong pendak sareng ambu, mang > oman, sareng abah Surya > manar: sae pisan ....hayu, cobi urang rencanakeun > aditia gunawan: mangga mang,,bingah pisan > manar: ke, tadi alo nyebatkeun kataji ku Bujanggamanik (BM), naon anu matak > katajina? > aditia gunawan: mhun, kalangan "menak" nu ninggalkeun istana ngalalana ka > unggal mandala, bari dicatet patempatan2nana.. > aditia gunawan: pangalamanana,,eta janten Sumber utama,, > aditia gunawan: teu eleh geleng ku Negarakertagama > manar: aya anu nyebatkeun BM teh sajarawan anu nganggo metode deskriptif > sareng pembuktian langsun ka lokasi nya? > aditia gunawan: hahaha > manar: *langsun = langsung > aditia gunawan: jigana mah kitu > manar: maksudna, BM teu cukup ku ceuk beja atawa ceuk anu nyaritakeun > manar: janten BM teh katurunan raja? ti silsilah raja mana? > aditia gunawan: duka tah,,teu acan maluruh langkung teleb > aditia gunawan: pamendak emang kumaha? > manar: dupi basa/aksara Sunda anu dianggo ku BM Sunda anu mana? > aditia gunawan: sunda kuno > aditia gunawan: nu diunicodekeun > manar: hehehe,.....siga Gatotkaca alo mah, ditaros kalahka malik naros > manar: nuhun alo > manar: sabaraha naskah karya BM teh? > aditia gunawan: abdi mah curigana seueur,,tapi pan nyaeta,,jarang nyebatkeun > nami > aditia gunawan: mung dina kekecapan, gaya basa, jsb, seueur nu sapertos BM > nyarita > aditia gunawan: wa, cekap heula nya,,engke disambung deui..ieu bade > diberesan saurna warnetna...hehehe > manar: wah...matak kataji deui wae > aditia gunawan: hatur nuhun ah waktos ngadu bakona > manar: aeh...bade kamana alo? > manar: duh punten tos diganggu ku abdi waktuna > manar: hatur nuhun pisan > manar: ke sakedap > manar: aya pameredih yeuh > aditia gunawan: mangga > manar: mugi kawidian, ieu obrolan bade diposting ku abdi ka milist > manar: ulah salempang, ieu mah teu aya maksad nanaon > aditia gunawan: waduh > manar: manawi aya manfaatna, sedeng upami ngedit deui abdi teu aya waktu > manar: moal nanaon, malah nu sanes nganuhunkeun geura > manar: da ari dihaja-haja nyerat mah alo oge apan nuju sibuk > manar: kumaha? kawidian nya? > aditia gunawan: mangga wae atuh..mung emang tanggel waler > aditia gunawan: bilih aya nu nyegat abdi di jalan > aditia gunawan: hehehe > manar: keun wae soal pamadega alo kana pendapat mang Ayat alm mah, namina > oge akademis atawa wacana ilmiah > manar: ih ...nya teu nanaon ari anu mendakan di jalan spirit BM mah > manar: alias sumangetna, sae pisan > aditia gunawan: mang Ayat nu mana? > aditia gunawan: maksadna pamadegan mang ayat nu mana? > manar: eh saha anu td disebat di luhur anu nyebatkeun 80 nakshan teh? > aditia gunawan: pa Eddy panginten > manar: Pa Eddy S Ekajati alm nya? > manar: muhun leres eta > aditia gunawan: sumuhun,, > aditia gunawan: mangga eta mah,,da abdi tos ngaraos yakin > manar: alhamdulillah atuh > manar: hatur nuhun alo > aditia gunawan: pd we jiga BM > aditia gunawan: hehehe > manar: ih kedah kitu barina oge > aditia gunawan: mangga atuh mang nya..ieu tos diusir,,heuheu > manar: mangga alo > manar: hatur nuhun pisan > aditia gunawan: tepang deui sanes waktos > aditia gunawan: nuhuuuuun pisa > aditia gunawan is typing a message. > aditia gunawan: n > manar: tos medar pependakan perkawis naskah Sunda > manar: mangga, muhun > > *** > Cag. > > manar > -- Sent from my mobile device

