Assalaamu'alaikum wr. wb.. Mung bade nguningakeun aya program nu namina Seribu Buku Untuk Tunanetra ti Yayasan Mitra Netra. Yayasan khusus kanggo ngembangkeun sareng ngamajukeun pendidikan tunanetra. Program Seribu Buku untuk Tunanetra teh dina rangka nyumponan kabutuhan tunanetra kana bahan bacaan kayaning buku. Mangga we emutan d mana urang tiasa mendakan buku braille kanggo tunanetra? Hampir teuaya toko buku sareng perpustakaan umum nu nyadiakeun kebutuhan tunanetra dina nambahan pangaweruh tina buku. Padahal terbatasna informasi (boh cetak atawa elektronik) ngalantarankeun hiji individu jadi "mundur" alias ketinggalan zaman. Ku ayana kitu program Seribu Buku Untuk Tunanetra teh menta kasadiaan masyarakat keur ngetik ulang hiji buku dina format word, atawa penulis tur penerbit kanggo ngirimkeun soft file buku, nu kadituna bakal di konversi kana bentuk tulisan braille. Keterangan salengkepna tiasa ditingali d www.mitranetra.or.id atanapi www.mitranetra.or.id/ebook Barakallohu lakum... Hatur nuhun pak kuncen... Ima

