Sigana kulantaran penguasa teu acan sejahtera jadi aranjeuna heula bageana rahayat mah dibagi2 saeutik ewang sapertos BLT tea. Salam Sent from my smartphone
-----Original Message----- From: Ukay Karyadi <[email protected]> Date: Tue, 3 Mar 2009 00:34:30 To: <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Opini Kompas Hapunten, rumaous tulisan eta teh teu komprehensif, da kumaha atuh ceuk Kompas maksimal 5.000 karakter. Dupi solusi konkritna kanggo ningkatkeun posisi tawar masyarakat miskin, sakedikna aya dua hal, nyaeta: 1) redistribusi aset, biasana mah lewat land reform; 2) jaminan sosial kanggo masyarakat miskin (utamina kasehatan sareng pendidikan), jadi teu aya alesan warga negara teu tiasa sakola (saluhur-luhurna) kulantaran teu gaduh biaya, atanapi teu tiasa berobat ka rumah sakit (tepi ka sehat) kulantaran teu ka werat. Nah nu kitu teh model-model walfare state. Da lamun di tilik di UUD 45 sareng Pancasila mah, Indonesia teh kedahna mah ngajalankeun konsep negara kesejahteraan. Tapi kunaon teu dilaksankeun? --- On Tue, 3/3/09, mangjamal <[email protected]> wrote: From: mangjamal <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Opini Kompas To: [email protected] Date: Tuesday, March 3, 2009, 2:51 PM bagea kang Ukay. tadi isuk-isuk bari ngopi ngilikan seratan eta, ngan teu rinci. saena mah aya konsep terobosan nu, mun perlu, revolusioner. cara konsep ngajalankeun nagara urang nu ayeuna teuing naon (kleptokrasi, meureun), ganti ku model welfare state/nagara kasajahteraan- konsep nagara nu oge diperjuangkeun ku fadroel rachman-hanjakal si eta capres independen, eleh uji materi di MK. konsep nagara kesejahteraan, sabenerna geus aya dadasarna, pancasila sila ka 2 jeung 5.

