...bisi aya cakcak bodas.
(ngomongna bari ngaharewos tea he..he...he..)

Baraya,
kadang kadang urang jarang merhatikeun alamat hiji website.
eta anu http://www.semurjengkol.com tea geuningan.

tah lamun urang muka website umum, boh berita, forum ngawangkong, dsb, 
biasanamah alamatna teh dimimitian ku "http" (teu make curek).
tapi lamun urang muka website bank, atawa sakola/universitas, alamatna 
biasana https.

naon bedana?
bedana nyaeta ..... "bisi aya cakcak bodas" (ngaharewos)

Baraya,
geus lumrah jeung umum lamun website-website jaman kiwari, tina segi 
penampilan jeung eusi geus alus jeung dinamis. Eusina teu malulu 
informasi standar jeung EDED (eta deui eta deui). Website jaman ayeuna 
leuwih interaktif, dina harti, jalma anu muka website bisa berinteraksi 
jeung website eta, boh daftar jadi anggota, ngeusian formulir, samalah 
bisa ngirim duit ka batur.

conto:
urang muka website http://www.semurjengkol.com, anu ngajual semur 
jengkol, tuluy urang order 100 porsi keur duaaneun, urang kari milih 
(contreng no 2009) sakahayang urang, terus oge nangtukeun cara mayarna, 
ngeusian informasi diri urang (alamat pengiriman, dsb), karek  OK.

Sanggeus urang ngeusian tektek bengek formulir di website semurjengkol, 
mangka eta data-data anu kuurang dieusikeun teh dikirimkeun, ti komputer 
urang ka komputerna warung semurjengkol. Tah didieu tempat nyamunina 
'Cakcak Bodas' teh, nyaeta ditengah jalan antara komputer urang jeung 
komputer warung semurjengkol.

masih mending lamun data/informasi anu ku urang dieusikeun jeung dikirim 
ka semurjengkol teh ngan ukur jumlah porsi anu 100 tea ditambah ku 
alamat kos-kosan di gang Belekok no 13. dina kadengena oge ku 'Cakcak 
Bodas', data-data kitu mah teu pati penting.

kumaha lamun anu ku urang di kirim teh data-data penting, misalna nomer 
rekening bank, nomer kartu kredit, jsb.
kan bahaya.

tah didieu gunana http jeung https tea teh.
lamun alamat website mimitina http, maka sakabeh data anu dikirim ti 
komputer urang ka komputer website, jeung sabalikna, eta data teh 
buligir teu dibungkusan. Atuh ngaran-ngaran buligir, tangtu katingali 
sakabehna, anu panjang nu pondok, nu denok nu betekok, kabeh kaciri. 
sahingga si 'cakcak bodas' bisa oge meunangkeun informasi anu dikirimkeun.

tapi lamun anu https, maka data-data tea teh dibungkusan, mimiti ku 
lawon bodas, terus ditalian make pita beureum. terus bungkusan eta 
diasupkeun kana dus. dusna dilakban, terus dus eta diasupkeun kana peti. 
petina digembok. terus peti eta diasupkeun kana 'Armored Vehicle', anti 
peluru jeung ledakan bom. terus dikirimna dikawal ku BM. pokonamah aman 
we lah.

nu matak lamun urang muka website bank atwa sakola, atawa naon wae anu 
osok merlukeun data pribadi jeung penting, alamat mimitina sok make https.

*** sakieu heula.

nambah:
kaamanan lalulintas data di internet memang teu cukup ku ngandelkeun 
https hungkul, sabab https oge loba celah kakuranganna. Ke kahareup 
urang bahas deui hal sejen anu aya pakaitna jeung keamanan.



-- 
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!


Kirim email ke